FIKMIN # SEUSEUPANAN #

Tos kana lima sasihna nyarap téh seuseupanan, seupan wortel jeung brokoli. Mun keur aya seupan waluh, tapi minengna mah nu dua rupa tadi. Sangu ogé wajib aya tapi paling réa tilu sendok, endog dadar tilu siki jeung seupan tahu hiji. Unggal isuk – isuk jikan rikat nyayagikeun.


Ngadaharna bisa di imah atawa dibawa di jalan, atawa ditempat gawé ngagayemna. Di jalan gé bisa mun kabeneran aya babaturan nu nyetiran.

“Eta nyarap kitu méh naon?” loba nu nanya. Nu kahiji tangtuna hayang jaga kondisi, séhat jagjag waringkas tur ngurangan beuratna awak nu pageuh dina angka 104,1 kilo. Bayuhyuh jeung palaur bisi matak ngondang panyakit. Tangtuna ieu ihtiar keur manjangkeun berkah umur kahirupan.

“Teu bosen nyarap nu kitu?” nanya deui. Alhamdulillahna teu aya bosen ngagayeman seupan wortel, brokoli, waluh, tahu, dadar endog jeung sangu. Malah mah mun kabeurangan jadi teu kaburu supan seupan, asa leungiteun, asa teu paruguh. Cag. (AKW).

Leave a Reply

Saya AKW

Foto profil AKW

Andrie Kustria Wardana, penikmat Kohitala (kopi hitam tanpa gula), penulis fiksimini basa Sunda, pencinta kucing, dan pejalan kaki minimal 6 ribu langkah sehari. Di sini saya mencatat perjalanan, secangkir demi secangkir, kata demi kata. Semoga ada senyum kecil setelah membacanya.

Discover more from akwnulis

Subscribe now to keep reading and get access to the full archive.

Continue reading