BANDUNG, Akwnulis.id. Pasosonten anjog ka wewengkon cicendo, can ogè dugi ka tempat anu dimaksad geuing parkiran pinuh ogè jalmi ngagarimbung. Ditambih lapak tukang dagang tara – tara tisasari tos ngèntèp baris rapih di sisi jalan ti ngawitan tukang baso, mie kocok, cilok, cimol, comro misro sareng sagala kagorengan.. eh tukang gorèngan.

Supados teu seueur ngarandeg ngahaja wè markir mobil kameumeut tèh rada anggang da geuning moal tiasa lebet ka buruan imah dines bapak gubernur sabab katingali buruanna geus robah warna tina hideungna aspal janten beureum ku karpèt nu nutupan sabudereunna.

Teu hilap mobil diperenahkeun, kokonci oge cumarita, “Tungguan didieu nya, kè bada magrib jigana balikna” Mobil unggeuk daria. Leumpang mapay trotoar, nepangan kanu jaga lajeng tiasa lebet ngiring aub sareng warga wargi – wargi sabudereun imah dines gubernur nu disebatna gedung pakuan tea geuning. Pas tataros ka nu ngageugeuh acara wirèhna ieu tèh pamundut Bapak Aing KDM tèa supados ngadamel acara ngabuburit keur warga masyarakat tatangga gubernur. Tapi geuning kumargi KDM tos kakoncara ogè loba rahayat nu micinta. Kadangu aya nu ngahajakeun ti garut, ti tasik ogè tempat lianna sanes mung saukur tatangga di wewengkon cicendo wungkul.

Acarana di kawitan bada asyar, pas pak KDM ngagabung di buruan, disambut ku sèahna gorowok warga masyarakat, “Bapak KDM, bapak Aiing….” diwaler ku imut ogè panangan dadah ti pak Gubernur nu teras calik ngajèmprak sasarengan warga nu aya. Aub teu ngawilah-wilah mana raja mana rahayat, teu aya mènak teu aya cacah istuning sami sadayana sakumaha dawuhna gusti nu maha suci yèn sadayana jalmi sami harkat darajatna nu ngabèntenkeun istuning amal – amalan sèwang sèwangan.

Acara dibuka ku kacapi suling dilajeungkeun tari jaipongan nu dipidangkeun ku wanoja anom ditambih bèntangna nyaèta Ni Hyang putri kameumeut bapak Gubernur KDM nu tiasaan ngibing jaipongan ngawirahma antawis oyagna raga sareng soanten kendang ogè tur tarompèt nu ngabèwarakeun nanjeur budaya pikeun lestari ku cara remen dipintonkeun ka balarèa.

Tangtosna pak Gubernur ogè biantara ngadugikeun maksad yèn ieu tèh kanyaah pamingpin ka rahayatna tur nu utami kanyaah ka tatangga sabudereunna pikeun silaturahmi, paamprok jonghok bari ngantos adzan magrib nu bakal dipungkas ku buka puasa sasarengan nu tos sayogi sagala rupi tuangeun salah sawiosna satè maranggi khas candak beliau ditampih sagala jajanan nu aya sabudereun buruan gedung pakuan, haratis kantun diaremam sasarengan. Bonusna saatos biantara Raja dilajengkeun hiburan ku opat sekawan ngadugikeun dialog ngobrol uplek tapi matak pikaseurieun diselipkeun ogè makna shaum tur silaturahmi papada jalmi.

Aya Sulè, Anton Abox, Oni SOS sareng Si Cepot candaknya Dalang Dadang nu janten sonten ngabuburit teh beuki daria sanaos asa sakedik pras pris hujan pasosonten. Tapi sadayana nagen bari teu hilap ucap syukur tur seuseueurna mah èak – èakan. Wilujeng ngabuburit lur. Wassalam (AKW).

Leave a Reply

Saya AKW

Foto profil AKW

Andrie Kustria Wardana, penikmat Kohitala (kopi hitam tanpa gula), penulis fiksimini basa Sunda, pencinta kucing, dan pejalan kaki minimal 6 ribu langkah sehari. Di sini saya mencatat perjalanan, secangkir demi secangkir, kata demi kata. Semoga ada senyum kecil setelah membacanya.

Discover more from akwnulis

Subscribe now to keep reading and get access to the full archive.

Continue reading