
FIKMIN # POHO #
Irung bangir panon cureuleuk, damis hèrang ngagenclang matak pogot nu ningal asa aya di kahyangan. Komo dina nyariosna teu aya luway liwey tapi tatag antarè tur pinuh sumanget. Beuki caang aurana jiga sinugrah alam keur mahlukna.
Kecap tur kalimah nu kaluar tina lambeyna matak gampil nyerep tur ngapalkeunna. Komo pas ningal gerak lambeyna moal hilap salawasna. Atuh ceramah 2 sesi tèh asa sakèrèmèl, nyaan ari dibarung ku kaèndahan mah waktu gè teu walakaya. Asa sajorèlat geuning geus rèk lohor deui.
Panata acara ngabèwarakeun yèn sèsi tanya jawabna digentos kedah onlèn nganggo imèl margi tètèh narsumna aya agènda sanesna. Aya rasa hanjelu sabab bidadari di payuneun bakal ngahiang ti rohangan. Keur anteng melong ka hareup, karasa hapè dina saku ngageter. Dikodok, diilo.. gebeg tèh, WA ti jikan. Nanyakeun pesenan tadi isuk, ” Mana parab ucing teh?” Gurubug, langsung ngorèjat, lumpat ninggalkeun rohangan acara. Muru parkiran motor, poho can balanja. (AKW).








Leave a Reply