Photo : Buricak burinong / doklang.

*)fbs : fiksimini basa sunda, karangan fiksi dalam bahasa sunda, fiksi pendek atau fiksi mini dengan maksimal 150 kata/kecap (-kecap- dibaca seperti membaca kata -kelapa-), tulisan singkat ini sudah membangun sebuah cerita.

*** Dua Kecap ***

Hariring peuting ngupahan haté nu keur rungsing. Sanajan dua ramo ngusapan tonggong bari jempling, angger wé haté mah rajét tur rawing.

Teu pira, ukur dua kecap nu jadi matak, kecap nu écés ngamumulkeun rasa melang jeung gudawang asa diheulang.

“Naha Aa teu aya kawantun ka Enéng?” galindeng asih soanten anjeun.

Simpé sakedapeun.

“Sieun,… Enéng” ngawaler dareuda. Kalangkang ucing candramawat mapaésan rénghap ranjugna haté, nu teu wasa nyoantenkeun rumasa. Padahal tos teu aya wates nu ngahalangan katresna.

“Sieun kunaon Aa téh?” Socana nu cureuleuk nojo pisan kana mamarasna. Hoyong tungkul sanaos panasaran ningal nyeungseung kagaduhna.

Lalaunan tungkul bari nyaketan, sakedik antel teras ngaharéwos, “Sieun nyaah”……..

Jep dua raga ngabigeu, pacampur rasa rumasa miwah kahoyong nu teu katahan pikeun dibudalkeun saharita.

Candramawat luncat bari mawa haté nu rengat, ngajauhan lalangsé peuting nu geus sayagi mayunan janari. Dua kecap nu matak hilap, hilap kana papagon ogé kana kecap tobat. (AKW).

6 responses to “Dua Kecap – fbs*)”

  1. Aan Suherman Avatar

    Sakedik antel teras ngaharéwos, “Sieun nyaah”…….. Naha Kang… pami ” nya’ah ” … janten masalah kituuu ”
    Dasar ” Bungaok…. nuju salin rupa janten ucing candra mawat “… he he…

    1. Nugraha Hari Avatar
      Nugraha Hari

      Haha.. Hade.. Aya ucing anu luncat sagala… Ngartos pisan tah ucing candramawat teh

      1. andriekw Avatar

        Tangtos bapak apal pisan… meoooong.

    2. andriekw Avatar

      Nyaah tiasa janten masalah, upami nyaahna lepat tempat, lepat waktos, sumawonna lepat jalmi mah….. 🤣🤣🤣

  2. Den yud Avatar
    Den yud

    Dua kecap anu kacangcang duriat…
    Asa nganjang masa bujangan nu katukang
    Waas meni nyacas..
    Nostalgia anu baheula..
    Kiwari geus pasini jeung ngahiji
    Jeung indungna barudak nu pasti..

    1. andriekw Avatar

      Nuhun pisan, komentarna janten matak reueus, ngalengkepan dongeng pondok nu matak nyogok. Janten manjang sanaos ulah matak ngarancabang.

Leave a Reply

I’m Andriekw

Welcome to my blog, Sebuat tempat menyimpan asa dalam bentuk jalinan kata. sebuah ruang berbagi tentang perjalanan kehidupan yang disempatkan untuk dicatatkan pada semesta. Semoga bernilai manfaat bagi yang membaca, minimal ada senyum kecil setelah semua kalimat dicerna.

Let’s connect

Discover more from akwnulis

Subscribe now to keep reading and get access to the full archive.

Continue reading