Fikmin # Kalapa bijil ti cungap #

Keur ngadaweung ngajemput incu balik ti sakola, aya nu nyalukan. Nèng Euis, tatangga bageur, bohay jeung somèah.
“Kumaha damang Emak Haji?”
“Alhamdulillah Nèng. kumaha sawalerna?”

Jadi uplek wè ngawangkong, komo kana bab gosip mah. Beuki pogot. Nèng geulis jeung beunghar, mobilna gè jip rubicon.

“Kadè , di komplèk perumahan ieu mah loba pamajikan kadua katilu atawa simpenan” Nèng Euis ngaharèwos. Ma Ijah curinghak meunang info A1 kieu. Bisa jadi bahasan penting ba’da pangaosan.

“Aslina kitu Nèng, baraong lalaki tèh”
“Nya kitu tèa Ma”

Ngobrolna teu dituluykeun, sabab anakna geus kaluar ti gerbamg sakola. Nèng Euis pamit miheulaan. Ma Ijah masih macoco ningali bisi aya rentang – rentang incuna.

Tilu warsih ti harita, dina mangsa bagi rapot panggih deui jeung Nèng Euis. Tapi bènten, teu bèrag tur cicingeun. Malah mah teu loba carita. Langsung ngalèos. Ceunah mah pasèa jeung jikan resmi ti salakina. (AKW).

Leave a Reply

Saya AKW

Foto profil AKW

Andrie Kustria Wardana, penikmat Kohitala (kopi hitam tanpa gula), penulis fiksimini basa Sunda, pencinta kucing, dan pejalan kaki minimal 6 ribu langkah sehari. Di sini saya mencatat perjalanan, secangkir demi secangkir, kata demi kata. Semoga ada senyum kecil setelah membacanya.

Discover more from akwnulis

Subscribe now to keep reading and get access to the full archive.

Continue reading