
FIKMIN # Mejikom #
Karèk gè balik shubuh ti masigit, anjog ka tèras.
Kringg.. hapè nu keur di cas disada. Gura – giru muka tulak sabab hapèna dina galar di dapur. Liwat ka tengah imah, kaciri jikan jeung budak rèngsè jamaahan. Pas di ilo, kaciri BOS AGEUNG.
Teu antaparah deui, hapè di rawu. Sabab keur di cas, dipencèt tombol loudspèkerna. Klik. Sakalian mèh kareungeu ku jikan yèn isuk – isuk geus di telepon dunungan, jalma sibuk.
“Jang geus hudang?” Sora dunungan agem.
“Parantos Bapa, aya pikersaeun naon?” Kuring ngajawab sopan. Jikan aya gigireun, keur mariksa sangu dina mèjikom.
“Nu kamari tea, jadi henteu?”
“Nu mana bapak?, duh hapunten abdi hilap deui” Uing bingung, nginget – nginget tapi lebeng. Jikan ogè ngilu kerung, mikiran.
“Hapunten abdi hilap dunungan, manawi naon tèa nya?”
“Naha kalahka api – api poho, èta nu rencana nyandung tèa!!”
Gebeg tèh, duh dunungan heureuyna sasangkleng. Ngalieuk ka jikan, mejikom geus ngolèang hareupeun beungeut. Brakk!!! Les poèk. (AKW).

Leave a Reply