Fikmin # TÈH, MESEN SURABINA #

Leumpang mapay jalan hareupeun pendopo bupati. Mèngkol ka katuhu, lempeng mapay trotoar. Deukeut toko kaèn aya tukang surabi nu kakoncara, surabina ngeunah pisan. Kajeueung ngagimbung jelema ngantri.

“Tèh mesen surabi, 5 polos, 5 dagè surundèng, 5 endog dagè makè cèngèk!”
“Tungguan wè, sakumaha antrian a” Si Ètèh ngajawab datar jeung kucem. Uing ngahuleng, naha ku kucem kitu, pan rèk meuli lain rèk mènta. Nempo antrian loba kènèh, pililaeun. Bedo wè, Uing lempang deui.

Ayeuna liwat gang, motong. Mèh balik ka imahna teu jauh teuing. Pas di parapatan beulah kènca wangunan sakola, kaciri nu ngagimbung. Di deukeutan tèh, tukang surabi deui. Panasaran.

“Tèh mesen surabina, 5 polos, 5 dagè surundèng, 5 endog dagè makè cèngèk!”
“Mangga Aa, punten diserat heula” Ètèh nu ieu ngasongkeun buku catètan katut pulpènna. Ditambah biwirna imut somèah.

Teu karasa nungguan antrian ka 16 ogè, hatè salsè teu marojèngja. Dina mangsana mayar, ngahaja ditambahan lima puluh rèbu. (AKW).

***

Leave a Reply

Saya AKW

Foto profil AKW

Andrie Kustria Wardana, penikmat Kohitala (kopi hitam tanpa gula), penulis fiksimini basa Sunda, pencinta kucing, dan pejalan kaki minimal 6 ribu langkah sehari. Di sini saya mencatat perjalanan, secangkir demi secangkir, kata demi kata. Semoga ada senyum kecil setelah membacanya.

Discover more from akwnulis

Subscribe now to keep reading and get access to the full archive.

Continue reading