BOJONG, akwnulis.id. Asa ku nyaan da sasih romadon ayeuna mah beuki nyaketan ahir teh beuki pogot udar ider. Tangtos harepanna mah dina raraga ibadah kumargi tos dijangjikeun Gusti Allah wirèhna pahala dina sasih shaum mah manglipet-lipet, loba bonusna. Tapi kadè ulah ujub riya takabur, paagul-agul tadarus geus nepi juz sabaraha atawa paloba-loba rokaat solat taraweh. Awas da rokaat sholat taraweh aya papagonna.

Tapi udar ider ayeuna tèh dina raraga barang damel tur balangsiar sasieureun sabeunyeureun. Nu penting mah halal nya dilakonan. Komo deui minggon ayeuna nu miwarang ngajajapkeun paket atanapi aya nu nyebut hamster eh hampers tèh meuni euyeub ti ditu ti dieu. Hamster mah beurit leutik eh marmot ketang, sok dipiara dan kalakuanna teu daèk cicing sareng waosna mayunan lambey tèa.

Pas nembè dugi ka salah sawios bumi nu janten pangjugjugan pakèt lebaran. “Ting tong..” soanten bèl nu dipencèt ku cingir Kuring nu siga jempol. Kulutrak panto muka, mojang rancunit payuneun,  “Pakèt ya aa?”

Aduh èta soanten halimpu bari nyebut aa, langsung asa pangkasèpna tur asa panggindingna padahal beungeut rudet awak barau kèsang ladang udar ider mapay patalimarga bari mamawa pakèt. “Muhun nèng ieu aya pakèt atas nami Juliette Kokom”
Muhun kanggo abdi” èta soanten halimpu aya deui.

Pas pisan badè malik muru kana motor sabab aya tilu alamat jugjugeun deui, Si Neng Juliette nyalukan, “Aa sakedap ieu aya sakedik hatur lumayan”

Katingali si Enèng ngasongkeun  bungkusan, teu seueur saur langsung ditampi. Kecap nuhun janten utami. Duh nya geulis nya bèrèhan, hanjakal simkuring ukur kurir jaba di imah aya jikan jeung budak reuay.



Tos kitu mah biur muru tilu alamat ngajajapkeun dua pakèt sareng nu hiji mah jiga rakèt tenis da rada badag. Ngabatalan di jalan ku cihèrang, margi rada anggang ka rorompok teh, kè tuang nyaan mah di rorompok. Èmut tadi ènjing – enjing jikan omat – omatan buka di bumi margi anjeuna ngadamel tutug oncom spesial.

Pas muka panto bumi, si bungsu ngantosan di buruan, lumpat nyampeurkeun. Tas jingjingan pamasihan nèng Juliette dibetot digusur ka tengah bumi bari hahariringan.

Bunda, ayah nyandak olèh -olèh seueur” gorowok si bungsu, langsung di riung ku lancek jeung indungna. Eusina sembako ti ngawitan bèas, gula, tipung, kornèt, sardèn, kecap jeung susu. Nu reuwas aya nonggèrak kotak leutik gambarna hapè warna oren jeung nu hiji deui mah jiga emas batangan logam mulia. Ngagèbèg boa salah masihan. Uing ngajentul. Jikan sami ngaraga meneng, bari papelong – pelong.

Nyai ulaah…” sora panyarèk èlèh ku leungeun budak nu ngabèrèwèkmeun bungkus logam mulia, teras dihuapkeun. Singhoreng coklat dibungkus kertas warna emas ngan di bungkus juga LM kaluaran Antam. Dideukeutan tèh mèrkna mirip, mèrk ANTUM.

Teu antaparah kotak nu gambar hapè di pesèk ogè gorèhèl tèh Pocky Pocky jajanan budak. Ditititenan deui, geuning mèrkna mah mirip pisan  I’m- PHOUN nyakeutan Iphone.

Di pengkereun dusna aya seratan : ‘Mohon I”mPhoun atas kesalahan dan dosa – dosaku yaah”… aya – aya waè nya, kreatip ku p.

Ger tèh sakulawarga seuseurian, sugan tèh enya meunang hapè iphone jeung Logam Mulia Antam. Pèk tèh geuning Pocky I’m-Phoun jeung LM coklat Antum. Nuhun Nèng Juliette ku kasaèanna parantos masihan pakèt sembako miwah hiburan Iphone tur LMna. Mugi kasaeanna digentosan nu langkung seueur tur berkah. Wassalam (AKW).

One response to “Paket Sembako sareng bonusna.”

  1. Allsatafa Rikamul Avatar
    Allsatafa Rikamul

    Ahaiii deuhh.. Aya aya wae kang haji mah

Leave a Reply

I’m Andriekw

Welcome to my blog, Sebuat tempat menyimpan asa dalam bentuk jalinan kata. sebuah ruang berbagi tentang perjalanan kehidupan yang disempatkan untuk dicatatkan pada semesta. Semoga bernilai manfaat bagi yang membaca, minimal ada senyum kecil setelah semua kalimat dicerna.

Let’s connect

Discover more from akwnulis

Subscribe now to keep reading and get access to the full archive.

Continue reading