Meluncur / Dokpri.

CIREBON, akwnulis.com. Setelah tuntas menghitung jumlah totol yang ada di tubuh rusa dan menikmati seduhan kopi tapi bentuknya teh celup seperti pada tulisan NGOPI rasa NGETEH. Maka sambil bergerak menyusuri jalan tol Cipali, jemari menari untuk menulis sebuah cerita singkat berbahasa sunda, fikmin Sunda.

Silahkan…

FIKMIN # HAYANG GANCANG #

Bada magrib ti Sumedang numpak si kukut, Honda win100. Ngaliwatan cadas pangeran mimiti pras pris, patalimarga lancar jadi bisa kekebutan. Asup ka wewengkon Tanjungsari ngarandeg, motor dilaunan.

Maju saeutik tapi mobil jeung motor ngahunted, eureun. Hatè mimiti ratug, sieun teu kaudag jadwal ‘night dinner‘ jeung bèbènè. Mangkaning geus omat-omagan, “Datang telat deui, pegat.”

Ngahuleng bari ningalikeun jalan nu pinuh ku mobil jeung motor. Keur kitu aya sora ambulan,
Ngiung… ngiung.. ngiung.. ngiung.”

Teu loba carita, langsung taki-taki rèk ngilu tukangeun ambulan.

Teu lila ambulan datang, uing sayaga. Ambulan ngaliwat, honda win100 asup tukangeunnana. Ngilu rombongan.

Ambulan tarik lumpatna nepika honda win100 gogoakan bèakeun tanaga. Tapi teu bisa ujug-ujug eureun misahkeun manèh tina rombongan da geuning ambulan tèh konvoi kana tiluna. Jadi tukangeun motor aya 2 ambulan deui. Paingan sora sirineuna loba.

Ngerèm teu bisa bisi katubruk, ukur bisa ngagas wè sakuat tanaga, ngungudag ambulan. Hatè beuki ratug sieun cilaka.

Cag.

***

Begitulah coretan kata kali ini, agak pusing juga ngetik di handphone sambil mobil bergerak cepat. Udah ah ngetiknya. Hatur nuhun, Wassalam (AKW).

7 responses to “HAYANG GANCANG – fbs”

  1. irwan.singwalagri Avatar

    😂😂😂

  2. Yeti Rosmiati Avatar
    Yeti Rosmiati

    Akhir ceritana kmh pa

    1. andriekw Avatar

      Masih keneh bu… ambulannya teu liren2.

  3. Mia Avatar
    Mia

    Anu ngiung ngiung sareng totot totot mah kanggo nu reuseup uji nyali

    1. andriekw Avatar

      Adenalin tepacu…. eh adrenalin terpacu bu

  4. Hari Nugraha Avatar
    Hari Nugraha

    Ngan dugina sanes ka tempat makan anu janjian panginten. Pas eureun, geuning aya gedengeun ruang gawat darurat RumahSakit IA

    1. andriekw Avatar

      Tah eta pak, putus enya dirawat ongkoh… Hatur nuhun dukungan komennya bos

Leave a Reply

I’m Andriekw

Welcome to my blog, Sebuat tempat menyimpan asa dalam bentuk jalinan kata. sebuah ruang berbagi tentang perjalanan kehidupan yang disempatkan untuk dicatatkan pada semesta. Semoga bernilai manfaat bagi yang membaca, minimal ada senyum kecil setelah semua kalimat dicerna.

Let’s connect

Discover more from akwnulis

Subscribe now to keep reading and get access to the full archive.

Continue reading