FIKMIN # NYAWANG BULAN #

Teu pira ukur tanggah neuteup langit, soca macoco kana bulan nu buleud sampurna. Bèntang kasilep sabab sanès ku caangna tapi aya nu nuju macangkrama tur gugupay atra, Nini Anteh ogè ucing Candramawat.

Mung nu janten bènten geuning sanès hideung meles buluna tapi  konèng emas, sanaos tebih ningalna katawis ècès tur nyacas kamamana.

Panasaran ngagorowok ka Nini Antèh, “Naha geuning Candramawat tèh konèng?”

Nini Antèh imut bari ngawaler, “Nanaon gè kedah  ngindung ka waktu ngabapa ka jaman. Hideung meles tèh baheula di mangsa sasakala. Ayeuna mah konèng emas tur bulu pondok nu viral tèh, gampil ngarawatna ogè teu kedah seueur tanagi nyisiranna. Maklum nini geus leuwih ti kolot”

Uing unggeuk kahartos, tapi aya kènèh kapanasaran, “Parabna naon?”

“Èta mah wajib RC atanapi Proplan, ditambih parab nu baseuh tina salmon sareng tuna, ulah hilap sawaktos – waktos ajak ameng kaluar sina emam jukut”

Uing marojèngja, ieu tèh nyawang bulan atanapi konsul di pètshop. Cag. (AKW).

Leave a Reply

Saya AKW

Foto profil AKW

Andrie Kustria Wardana, penikmat Kohitala (kopi hitam tanpa gula), penulis fiksimini basa Sunda, pencinta kucing, dan pejalan kaki minimal 6 ribu langkah sehari. Di sini saya mencatat perjalanan, secangkir demi secangkir, kata demi kata. Semoga ada senyum kecil setelah membacanya.

Discover more from akwnulis

Subscribe now to keep reading and get access to the full archive.

Continue reading