Photo : Énjing-énjing di Cipageran / doklang.

CIMAHI, akwnulis.com. Nangkeup harigu tuluy tatanggahan nataan mèga nu keur otél jeung katumbiri, kabita. Angin pasosoré ngupahan diri, ngahiliwir tuluy ngélég, sugan waé jadi marahmay deui. Béntang masih nyumput kahalangan méga jeung layung nu keur nguyung.

Lambey teu tiasa dionggét-onggét, samutut bari uteuk mulek, boga kahayang.

“Silaing téh kunaon, jamedud bari ngaheneng tara-tara ti sasari” Mang Koko naros kanu jadi alo. Ocid ngabetem, norékeun manéh.

“Kasebeleun budak téh!!!” Mang Koko kekerot, culang cileung. Nempo émbér sésa ngepél. Gep!… byurrr!!, cai ledrek urut ngepél dibanjurkeun ka Ocid.

Photo : Pemandangan ti loténg / doklang.

“Astagfirulaah… nanaonan ari Amang?… Aing nuju ngapalkeun Péprés 16/2018, isuk rék ujian…. kalah ka dibanjur, musnah ideu.. musnaaah!!” Ocid molotot.

“Hampura lo, sugan téh kaasupan jurig, da teu ngawaro titatadi dicalukan téh”

Ocid ngusap beungeut bari ngarenghik, “Hésé capé konséntrasi, kalah ka leungit, …….nasiiib.” Mang Koko ngembang kadu, asa dosa tapi kumaha. Ocid tungkul tuluy mulungan pasal jeung ayat dina kalangkang katumbiri. Cag. (AKW).

2 responses to “Weureu Pérprés 16”

  1. Kim Agung Avatar
    Kim Agung

    Duhhh sakitun mikiran Pepes eh.Pepres…

    1. andriekw Avatar

      Demi amanah ngikutin diklat. Jadi musti all out.

Leave a Reply

Saya AKW

Foto profil AKW

Andrie Kustria Wardana, penikmat Kohitala (kopi hitam tanpa gula), penulis fiksimini basa Sunda, pencinta kucing, dan pejalan kaki minimal 6 ribu langkah sehari. Di sini saya mencatat perjalanan, secangkir demi secangkir, kata demi kata. Semoga ada senyum kecil setelah membacanya.

Discover more from akwnulis

Subscribe now to keep reading and get access to the full archive.

Continue reading