FIKMIN # BALANJA KACAMATA #


Indit ka toko kacamata téh ukur nganteur jikan nu kabandang rasa kabeuli ati ningali iklan dina médsos diskon buy1gét1 mun meuli dina poé ayeuna. Antukna rurusuhan numpak angkot muru ka dayeuh.


Anjog ka jalan Otista, jrut turun. Tuluy ngagidig nuturkeun jikan nu giak miheulaan. Bener wé di toko kacamata téh campuh jelema keur ngantri. Uing sésélékét muka jalan keur jikan, langsung hareupeun conter tutunjuk nyobaan rupa – rupa modél nu intina dua kaca buleud maké rangka logam.


Sabot kitu aya pesen whataspp asup ti Mak Enung nu bayuhyuh, dunungan di pagawéan, “Jang nitip kantor nya, Ema isuk rék jarah heula”
“Mangga mak, Mugi beukah” jawab Uing tatag.


Na atuh langsung nelepon, nyarékan laklak dasar. Ceunah teu sopan ka dunungan nyebut beukah pédah gendut jeung budayut. Uing olohok. Pas diilo tulisan dina layar hapé pahili hurup, kuduna ‘berkah’ jadi ‘beukah’. Tungtungna jadi ngilu balanja kacamata, nu keur maca tutulisan. Cag. (AKW).

Leave a Reply

Saya AKW

Foto profil AKW

Andrie Kustria Wardana, penikmat Kohitala (kopi hitam tanpa gula), penulis fiksimini basa Sunda, pencinta kucing, dan pejalan kaki minimal 6 ribu langkah sehari. Di sini saya mencatat perjalanan, secangkir demi secangkir, kata demi kata. Semoga ada senyum kecil setelah membacanya.