Fikmin #NULUYKEUN#

Teu karasa wanci janari nèrèlèk ngadeukeutan shubuh. Sora tahrim Aki Uca dibarung dèhèm jadi ciri sajati. Tapi èta poè kamari. Bieu aya nu tahrim tapi sorana bèda lagamna ogè asa teu siga biasana.

Boa – boa, pipikiran cus cos kaditu kadieu. “Geuring kitu aki Uca tèh?” Gerentes hatè. Jadi ras inget harita keur mangsana belekesentreng, nu ngawurukan ngaji tèh anjeuna. Tara ngadat mun barudak jugar. Ucing – ucingan lain ngaji sorogan. Ukur ku pelong jeung gupay, barudak nurut. Nepika junun diajar abatasa lancar maca quran sapuratina.

Balik gawè ngahajakeun meuli opak jeung buras karesepna. Geuwat muru ka imahna, “Assalamualaikuum, Aki Uca aya?”
“Waalaikumsalam Jang, kalebet” Sora Aki Uca bedas. Sup ka tèngah imah, Aki Uca keur sila dibaturan tilu nonoman, ngaderes kitab sapinah jeung jurumiah.

“Tah ieu nu nuluykeun Aki, Aki mah geus waktuna eureun” Èta kecap pamungkas. Tilu poè ti harita Aki Uca beuki daria, loba muridna. (AKW).

Leave a Reply

Saya AKW

Foto profil AKW

Andrie Kustria Wardana, penikmat Kohitala (kopi hitam tanpa gula), penulis fiksimini basa Sunda, pencinta kucing, dan pejalan kaki minimal 6 ribu langkah sehari. Di sini saya mencatat perjalanan, secangkir demi secangkir, kata demi kata. Semoga ada senyum kecil setelah membacanya.

Discover more from akwnulis

Subscribe now to keep reading and get access to the full archive.

Continue reading