FIKMIN # BÈBÈJA #

Teu karasa ngawangkong tèh geus manjing ka sorè. Silih tèmbal ngobrolkeun kahayang, tapi tungtungna kalah ka ngobrolkeun kuwu nu dianggap rada teu sajalur kana kawijakannana.

Nu tarik nyarios tèh Wa Oji, salah sahiji Kadus. Meuni jiga nu ngèwa ka kuwu tèh. Aki Haji Sanusi ogè pupuhu karang taruna ngawitan kapangaruhan. Ngawangkong beuki maceuh, tapi janten sapertos badè nyokèl kalungguhan Kuwu.

Uing mah anak bawang, ukur olohok wè bari sakali-kali ngilu seuri. Leungeun mah nyoo hapè, ngabèjaan ka Wa Udan.

“Èh Pak Danramil, mangga linggih” Wa Oji jeung nu ngawangkong eureun ngobrolna, rareuwaseun.

“Kaleresan ngalangkung ieu mah, mung ningal meuni resep ngariung raramèan”

“Ah henteu Komandan, mung ngawangkong ngalèr ngidul wè” Wa Oji mairan.

“Sok lajengkeun, mung titipnya. Ayeuna mah urang kedah guyub dina mayunan cocobi dunya ku nerekabna virus covid-19. Ulah ngabahas urusan suksèsi, engkè gè aya mangsana”

“Sumuhuun Komandan” sadayana ngawaler bari silih kiceupan. (AKW)

2 responses to “BEBEJA – fbs”

  1. Endang suryono Avatar

    Carita eta teh sapertos zaman baheula mani asa ka gagas tapi tos aya hp berarti zaman ayeuna, hun pak sekdis.

  2. Yeti Rosmiati Avatar
    Yeti Rosmiati

    Muhun pa Sae pisan pa..kedah atos2 kawaspadaan tina obrolan jaman kiwari mah..

Leave a Reply

Saya AKW

Foto profil AKW

Andrie Kustria Wardana, penikmat Kohitala (kopi hitam tanpa gula), penulis fiksimini basa Sunda, pencinta kucing, dan pejalan kaki minimal 6 ribu langkah sehari. Di sini saya mencatat perjalanan, secangkir demi secangkir, kata demi kata. Semoga ada senyum kecil setelah membacanya.

Discover more from akwnulis

Subscribe now to keep reading and get access to the full archive.

Continue reading