Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.
Sabtu dan minggu saatnya mengupload tulisan singkat, fiksi berbahasa sunda.
Silahkan….
***

Photo : Ilustrasi es krim corong warna-warni / sumber : google.

FIKMIN # ÈS KRIM #

Cèp ieu pesenanna” Soanten Mang Uju meuni ècès, ès krim lembur dina corong ukuran sedeng tos aya payuneun.
Hatur nuhun mang” ès krim ditampi bari rada dareuda. Sabab hoyong nyobian ès krim tèh peryogi ihtiar. Unggal ba’da asar manggulan huut badag ka kandang Haji Imron, aya kana saminggonna. Nembè diburuhan sapèrak dua pèrak.
Da badè nyuhunkeun ka Umi mah teu wasa, kanggè tuang sadidinten ogè saaya-aya.
Bismillahirrohmaniirrohim” lalaunan dicobian ngalètak ès krim, geuning meuni nikmat pisan. Amis tiis tur hipu. Pas badè di gègèl supados tiasa rada seueur, aya sora ngagareuwahkan.
Umid, mènta atuh ès krimna, tong dihakan sorangan!!” Joni nyaketan sareng gèngna, palaur. Mangkaning ieu jègerna di kelas genep.
Teu seueur saur, ès krim caketkeun kana pangambung. Teras diasongkeun.
Jèger sakola ngarandeg, teu cios ngarebut ès krim. Ngaheneng sakedapeun, langsung ngalèos bari jejebris.
Umid neraskeun ngaemam ès krimna, amis asin lamokot ku lèho.

***
Penjelasan :
Sebuah cerita fiksi singkat berbahasa sunda, dengan tema sebuah strategi sederhana yang dilakukan seorang anak untuk menghindari bullying dari kakak kelas yang juga jèger (Preman lokal).
Ingin merebut es krim yang akan atau sedang dinikmati, padahal penuh perjuangan untuk mengumpulkan uang buat beli es krim tersebut.
Nanti secara audio akan di share penjelasan lebih lengkap di channel youtube : @andrie kw.
Terima kasih, selamat menjalani & mensyukuri weekend kali ini Wassalam. (AKW).

2 responses to “ÈS KRIM – fbs”

  1. Aan Suherman Avatar
    Aan Suherman

    Smart…. ice cream kombinasi “umbel”…. mantab kang

    1. andriekw Avatar

      Es krim rasa nano nano…m

Leave a Reply

I’m Andriekw

Welcome to my blog, Sebuat tempat menyimpan asa dalam bentuk jalinan kata. sebuah ruang berbagi tentang perjalanan kehidupan yang disempatkan untuk dicatatkan pada semesta. Semoga bernilai manfaat bagi yang membaca, minimal ada senyum kecil setelah semua kalimat dicerna.

Let’s connect

Discover more from akwnulis

Subscribe now to keep reading and get access to the full archive.

Continue reading