****SIEUN****

Photo : Ilustrasi saja / dokpri.

CMISEL, akwnulis.com. Mangmang hamham jeung horéam keur pabeulit dina jiwa, mangaruhan raga nu teu walakaya nyusun carita bari ngabandungan paripolah manusa nu ngarasa geus sawawa. Langit peuting mencrong bari tutunjuk, nyalahkeun, pédah bet nurut jeung kahayang, dina mangsa ditanya bari teu wasa, ditalék téh ngajanggilek, istuning ajrih ngagugah rasa ngabungbang katugenah.

Baham sepa béakeun rupa, panon bolotot ukur ngongkolak, teu puguh ucap teu oyag raga istuning nurut rut tampa karana. Tuur leuleus bitis ngabulaéh, tulang suku ngadadak laér. Ngan mencrong wè bari kumétap.. nempo mahluk ciptaan gusti nu geulis ka wanti wanti.

Irung bangir, awak sampayeun jaga, pinareup nyeungseung, parabot calik meuni dèmplon, jangkung tur dènok. éta lambey meuni euceuy, beureum asli ih lain bobohongan, pipi semu beureum, soca cureuleuk. Ditempo ti hareup sieup, ti tukang lenjang, tiluhur jadi tagiwur komo tihandap matak ngarenghap.

Sieuuun gusti.. Sieuuun…

Sieun Nyaah.

Cag.

****

Photo : Capture eviden 8 thn lalu / dokpri.

Sebuah tulisanku dengan genre fiksimini basa sunda delapan tahun yang lalu, diingatkan di facebook dengan Kenangannya. Tepat tanggal 09 Januari 2013.

Ah sebuah tulisan yang relevan sepanjang masa (bagiku).

Edit dikit ah.

Selamat menikmati…. klo yang roaming dan ora mudeng, ntar dibuat penjelasannya pake bahasa indonesia (agak) baku di akun youtubeku yaa… Wassalam (AKW).

***

One response to “SIEUN”

  1. Aan Suherman Avatar
    Aan Suherman

    Haduhh…..”Sempurna “… Mojang idaman setiap laki laki normal….

Leave a Reply

I’m Andriekw

Welcome to my blog, Sebuat tempat menyimpan asa dalam bentuk jalinan kata. sebuah ruang berbagi tentang perjalanan kehidupan yang disempatkan untuk dicatatkan pada semesta. Semoga bernilai manfaat bagi yang membaca, minimal ada senyum kecil setelah semua kalimat dicerna.

Let’s connect

Discover more from akwnulis

Subscribe now to keep reading and get access to the full archive.

Continue reading