Photo : ranjang hotel – ilustrasi / dokpri.

*)fbs : fiksimini basa sunda : genre karangan cerita fiksi singkat berbahasa sunda dengan maksimal penulisan 150 kata, sudah merupakan satu jalinan cerita utuh dan diusahakan memberi kejutan / rénjagan di akhir cerita.

*** 100Kali ***

Jang Burhan panggih jeung Jaelani di pos ronda. Uplek nyarita bari biwir mah teu eureun ngenyotan pahpir dieusi bako molé.

“Asa ngabadagan deui mang awak téh?”

“Enya kitu?” Burhan ngajawab bari ningali beuteungna sorangan. Kaciri bungah, kembung di tengah.

“Lain silaing tara poho olahraga, push up téa geuning nu 100 kali sapoé”

Bari nyéréngéh, Burhan ngajawab, “Masih mang. Unggal poé 100 kali. Ngan tisaprak kawin jeung Imas, ukur kuat 5 atawa 10 kali push up sapoé”

Jaelani kerung, “Naha bisa kitu? Dihulag ku jikan?”

Burhan nuluykeun carita, “Jikan mah ngadukung da keur kaséhatan, ngan saeutik bédana.

“Naon tah?”

“Nyaéta mang, karék gé 10 kali push up, jikan nyalukan, tos push upna ulah dihandap kang, hayu teraskeun didieu”

“Teu bisa manggapulia, pindah push upna kana luhur kasur”

“Ah silaing mah, dasar beukian.”

Duanana seuseurian, ngaronda jadi hégar. Cag. (AKW).

6 responses to “100 Kali – fbs*)”

  1. Nugraha Hari Avatar
    Nugraha Hari

    Hahaha… Malam kemis ieu mah gan…

    1. andriekw Avatar

      Bwtulll….. eh cocoknya malem besook ya pa bos?

  2. Elly Avatar
    Elly

    Push up sapertos kitu mah sanes jsnten begang pa…eta mah janten rèndèy … upami hènteu janten leklok hihihi

  3. annrose Avatar
    annrose

    😆😆😆
    Rada2 ngartos…sakeudik…
    Ha..ha…

  4. Nina Avatar
    Nina

    Hadeuhh..gentos atuh gaya push up na

  5. Aan Suherman Avatar
    Aan Suherman

    “Nyaéta mang, karék gé 10 kali push up, jikan nyalukan, tos push upna ulah dihandap kang, hayu teraskeun didieu”
    Nu kieu…namina ” Dilema’ kahirupan ” Kang

Leave a Reply

I’m Andriekw

Welcome to my blog, Sebuat tempat menyimpan asa dalam bentuk jalinan kata. sebuah ruang berbagi tentang perjalanan kehidupan yang disempatkan untuk dicatatkan pada semesta. Semoga bernilai manfaat bagi yang membaca, minimal ada senyum kecil setelah semua kalimat dicerna.

Let’s connect

Discover more from akwnulis

Subscribe now to keep reading and get access to the full archive.

Continue reading