Akwnulis.com, CIMAHI. Peuting nu simpé lain jadi tibra saré pikeun ngamalirkeun kacapé, tapi geuning ngadon nyileuk cénghar, teu puguh rarasaan.

Buru-buru babacaan tilu surat quran pangtungtungna, lumayan masih apal sanajan sok pabeulit jeung surah lianna, tapi angger cènghar. Tungtungna mah ngahérang. Ngagambar dina lalangit bari ngitung cakcak nu anteng balakécrakan.

Sabot panon anteng niténan lalangit.
Bray, lalangit muka dibarung sora ngahégak nu matak soak.

Uing ngagoak, tapi sora jadi peura, baham calawak teu disada.

Leungeun buluan kaluar tina lalangit, Uing ngayekyek musna pangacian. Kaciri ramo-ramona nyekel téko kaca, eusina cai hideung teu mangrupa.

Sora handaruan ngaruntuhkeun kawani, “Arabika atawa robusta?”

Uing disada, “Aaa..ra.. biii..ka”

Cur cikopi tina sungut téko nyurulung kana baham Uing nu ujug-ujug calangap.

Glek glek glek, nikmat pisan. Alhamdulillah.

Ti peuting harita, teu bisa saré saminggu lilana, cénghar satuluyna. (AKW).

3 responses to “Jurig Kopi – fbs”

  1. Nugraha Hari Avatar
    Nugraha Hari

    Haha… Aslina eta.. Aya jurig kopi buluan… Ngan orokaya geura, pabeja beja.. Engkin aya nu panasaran palay nyobian.. Si nyai solendang beureum rambutna panjang ngagupay…

    1. andriekw Avatar

      Waaah. Pa bos neraskeun dongengna. Untung teu aya nu sanesna…. sieuuun.

  2. Takdir Avatar
    Takdir

    Nu kitu teh, eureup-eureup saur Nini Anteh mah … Tapi dina dongeng ieu mah sapertosna kasurupan hehe……

Leave a Reply

I’m Andriekw

Welcome to my blog, Sebuat tempat menyimpan asa dalam bentuk jalinan kata. sebuah ruang berbagi tentang perjalanan kehidupan yang disempatkan untuk dicatatkan pada semesta. Semoga bernilai manfaat bagi yang membaca, minimal ada senyum kecil setelah semua kalimat dicerna.

Let’s connect

Discover more from akwnulis

Subscribe now to keep reading and get access to the full archive.

Continue reading