Fikmin310118

Ki, hayu geura balik” Nini Iroh nyalukan salakina nu keur anteng tanggah nempoan langit.
“Sakeudeung mamih, Papih keur kakagokna yeuh, nungguan blu-mun” Saur si Aki bari panon mah teu ngarérét saeutik ogé ka jikanna.

Karasa hanjakal nyaliara, sabada dibere hape android pas ultah ka 83, Si Aki jadi anteng nyoo hapé. Incu kapopohokeun, si Nini dianggap euweuh.
Kabeuki mukaan WA, kaasup carita ‘blue moon’ dina WAgrup nu matak si Aki lain solat samagaha di masjid tapi muru ka pasir ngadon tatanggahan.

Nini teu éléh géléng, ngagedig balik. Ganti kutang nu maké busa, matak nyeungseung kana pinareup. Tuluy daster bulao kameumeut jeung jékét kulit. Gidig ka tonggoh neéang si Aki.

Nepi ka pasir, leungeunna si Aki dirawél bari tuluy diantelkeun kana dada si Nini, “Hayu uih ganteng.” Si Aki sura seuri bari nuturkeun jikan. Gerentes haté si Aki, “Ieu leuwih éduun, Blue mun-u-u” bari leungeun embung leupas ti si Nini. (Akw).

8 responses to “Samagaha Blu-mun”

  1. Cucu Nurpirman Avatar
    Cucu Nurpirman

    *Estuning_ Samagaha Android*
    . . . . Pinanggih Layeut, alatan mBlu ~ em’Mun.

    1. andriekw Avatar

      Ahiw….. robih robih.

  2. Neneng Nuraida Avatar
    Neneng Nuraida

    Lucu hihi aki jeung nini blu blu an jeung nyi mumun…top

    1. andriekw Avatar

      Aranjeuna mendak samagaha nyalira…

  3. Annrose Avatar
    Annrose

    Ha…ha….ha……
    Anu lucu si aki na atawa anu ngadamel tulisan na….😃😃
    Komen teu tiasa basa sepertos eta seratan di luhur.
    Mung tambih lumayan we…celetak celetuk….hu…hu…

    1. andriekw Avatar

      Si aki pastina ge. Nu ngadamel tulisan mah sombong dan pendiam ( klo pas bobo).

  4. innothea Avatar
    innothea

    duh…aya istilah baru blu…munu..u…..nu kmha eta teh…..hehehe….

    1. andriekw Avatar

      Taroskeun wae ka si Aki..

Leave a Reply to innotheaCancel reply

I’m Andriekw

Welcome to my blog, Sebuat tempat menyimpan asa dalam bentuk jalinan kata. sebuah ruang berbagi tentang perjalanan kehidupan yang disempatkan untuk dicatatkan pada semesta. Semoga bernilai manfaat bagi yang membaca, minimal ada senyum kecil setelah semua kalimat dicerna.

Let’s connect

Discover more from akwnulis

Subscribe now to keep reading and get access to the full archive.

Continue reading