#FiksiminiBasaSunda

Leumpang ngagandeuang bari héhéotan. Haté bungangang sabab geus kacumponan kahayang. Dunya béngras titingalian cékas. Karasa bangbaluh écag tina taktak, leungit sanggeus bieu kabawa palid ku cai leuwi nu ngagulidag.

Lagu Piapalén karék 2 kali di héotkeun, ujug karasa deui bangbaluh hirup ngorowotan awak. Teu puguh datang ti beulah mana, langsung ningker raga ngabeulit rasa. Sirah jeung suku dibetot, atuh tikusruk di galengan. Teterejelan. Beungeut lamokot ku leutak.

Karasa deui aya nu meulit kana ati, meureut beuteung. Adug lajer teu cukup ku pasrah sumerah, tapi kudu di lawan sakuat tanaga. Bari titingkuheun maksakeun hudang, apay-apayan turun deui ka sisi leuwi bari mapatkeun jampé pamaké.

Nepi ka sisi walungan, néangan batu lampar paranti semedi. Suku ngajégang panon bolotot bari ngagorowok, “Nyingkah siaaah!!!”

Bummmmm!!!!

Tarik naker sora bangbaluh nu teu rido dilepaskeun tina raga manusa. Ngangkleung ngaléngléong, ninggalkeun uing nu teu walakaya. Nyangsaya dina batu sisi sungapan. Bagja. (Akw).

10 responses to “Nyingkahkeun Bangbaluh”

  1. Hendra Avatar

    Sim kuring teu ngabeledug tapi nyebrot da nuju menwa

    1. andriekw Avatar

      Tah. Cocog pisann…..

  2. Djaya Avatar
    Djaya

    Sigana teuas pisan

    1. andriekw Avatar

      Éncér kang… mung sering. Janten wé rèpot

  3. Garmini Avatar
    Garmini

    Alhamdulillah …ririwa tos lepas tina raga, bangblas…blas …weh, tinggal muji syukur ka Illahi Robbi.
    Walah …teu kaudag basa sunda na kang…😊

    1. andriekw Avatar

      Pasrah Nyangsaya

  4. Garmini Avatar
    Garmini

    Kanu mangle geura kang rai…sae pisan.

    1. andriekw Avatar

      Ah isin. Wios di dieu wae mih.

  5. Fey Avatar
    Fey

    pinanggih bagja selamat dunya akherat..amaan terkendali…jaang..😂😂😂

    1. andriekw Avatar

      Amiin Yaa Robbal alamin…

Leave a Reply to andriekwCancel reply

I’m Andriekw

Welcome to my blog, Sebuat tempat menyimpan asa dalam bentuk jalinan kata. sebuah ruang berbagi tentang perjalanan kehidupan yang disempatkan untuk dicatatkan pada semesta. Semoga bernilai manfaat bagi yang membaca, minimal ada senyum kecil setelah semua kalimat dicerna.

Let’s connect

Discover more from akwnulis

Subscribe now to keep reading and get access to the full archive.

Continue reading