,

Bongé

*)FiksiminiBasaSunda

Photo : Mung Ilustrasi / Doklang.

Seubeuh nyuruput soré, ayeuna mulutan peuting. Poék mongkléng ditoélan, bari keukeuh teu bisa dihulag ku omongan. Teu kaop dicarék, ngadon molototan. Purnama dirawél béntang dibubat babét. Rungsing sakujur alam.

Ari sia nanaonan?” Sora ahéng handaruan nepi ka tungtung deuleu. Nu ditojo haré-haré. Batan ngalieuk kalah ka tuluy culubak celebek.

Sia téh bongé?” Sakali deui sora ahéng meulah jomantara parat ka tungtung langit. Karék manéhna ngarandeg, tilu gunung diburakeun jeung cai atah ti Citarum nu ngabayabah ngabau hangru. “Ngaing teu bongé Ki Sobat, ukur nyeri ceuli ngadéngé sia mangratus taun nyarita tapi euweuh nu mangrupa.”

“Geus hayu dibaturan, ari hayang mérésan mah” Sora ahéng rada leuleuy. Manéhna giak ngeureunan lampah. Sanajan poék geus téréh nepi ka mongkléng. Teu loba nyarita, duanana leumpang pakaléng-kaléng. Jangjian ngaraksa bumi ngajaga sagara keur sampeureun jaga. Purnama jeung para béntang sujud syukur bisa salamet tina sulaya. (Akw).

8 responses to “Bongé”

  1. Garmini Avatar
    Garmini

    Eey..nu teu mangrupa mah ririwa…atuh.
    Emh…ayi ku aya wae sumber inspirasi teh..
    Kabitaaa…

    1. andriekw Avatar

      Alhamdulillah…. aya waé ideu nu ngajorelat

  2. Neneng Nuraida Avatar
    Neneng Nuraida

    Estuning sae pisan kang

    1. andriekw Avatar

      Alhamdulillah… hatur nuhun bu

  3. Luthfi Budiman Avatar

    di translate ka bahasa indonesia tiasa kang? seeur nu teu ngartos abi..

    1. andriekw Avatar

      Hehehe…. samentawis teu tiasa ah.

  4. Takdir Nurmadi Avatar
    Takdir Nurmadi

    Kacida jerona kanggo diteuleuman, ngariksa kana karep diri nu tacan kaala hasilna. Kasauran Si Cepot, “tampolong kaleng, … hayu urang digawean.”

    1. andriekw Avatar

      Kadé hilap hanjat upami nuju teuleum pih…. 🙂

Leave a Reply to GarminiCancel reply

I’m Andriekw

Welcome to my blog, Sebuat tempat menyimpan asa dalam bentuk jalinan kata. sebuah ruang berbagi tentang perjalanan kehidupan yang disempatkan untuk dicatatkan pada semesta. Semoga bernilai manfaat bagi yang membaca, minimal ada senyum kecil setelah semua kalimat dicerna.

Let’s connect

Discover more from akwnulis

Subscribe now to keep reading and get access to the full archive.

Continue reading