Photo : Ngopi sareng dunungan ogé balad gawé / doklang.

Jelema pabeulit patingkuriling, dahareun ngaleuya. Oncor badag oncor leutik nyaangan kariaan. Peuting karék gé ngarawu poék, langsung hégar méncrang caraang. Ahéng pisan. Jampana pasulabreng pinuh ku rupa-rupa kukuluban. Papais, bugis, hui, sampeu jeung suuk ngabibita nu ngaliwat. Aya ogé duét maut, bandrék bajigur.

Nu matak uruy mah, loba pisan jongko dadakan, iimahan maké kenténg kararas dipasieup daun jagong ngora jeung tangkal kopi. Aya réwuan jongko, nu panglobana tukang kopi nu datang ti sikluk gunung, ti juru pasir ngadon adu rasa adu jajatén. Ogé kiripik kicimpring, opak jeung pilus teu hilap burayot sareng rangesing ngabagéakeun rahayat nu datang ngadon sukan-sukan di pakarangan karajaan.

Sagala rupa kopi sayogi, nu diolah biasa ogé anu diteureuy heula ku careuh tuluy dipodolkeun, réwak béak ku rahayat. Barungah bari surak. Jaipongan jeung wayang golék teu maké eureun. Éh eureun kétang pas adan isya jeung subuh.

Hayu ngopi saédanna… éh saraosna.(Akw).

8 responses to “Ngopi saédanna.”

  1. Garmini Avatar
    Garmini

    Pesta rakyat piwaregeun, hui, sampe jeung bajigur ditambahan ku cikopi, wualaaah…. kade kabuhulan kang…!😃

    1. andriekw Avatar

      Moal bu. Dilancarkeun ku kopi da…

  2. innothea Avatar
    innothea

    liputan pesta rahayat jawa barat…aya kopi tipodol careuh sagala….hehehehhe
    hebring pisan pak….

    1. andriekw Avatar

      Tiasana nembè kutrat kotrét kitu pa. Hatur lumayan…

  3. noe firman Avatar
    noe firman

    Segeeeeerr macana

    1. andriekw Avatar

      Alhamdulillah… hatur nuhun kang

  4. Bonse Avatar
    Bonse

    😂😂 hiruuupp ngopi satiisna…. #eeehhh saraosna….

    1. andriekw Avatar

      Ruar biasa…. alhamdulillah.

Leave a Reply to andriekwCancel reply

I’m Andriekw

Welcome to my blog, Sebuat tempat menyimpan asa dalam bentuk jalinan kata. sebuah ruang berbagi tentang perjalanan kehidupan yang disempatkan untuk dicatatkan pada semesta. Semoga bernilai manfaat bagi yang membaca, minimal ada senyum kecil setelah semua kalimat dicerna.

Let’s connect

Discover more from akwnulis

Subscribe now to keep reading and get access to the full archive.

Continue reading