FIKMIN # LATSAR #

Bro, tulungan, sok aya nu noong mun keur mandi” pamènta ti babaturan awèwè nu ngiluan diklatsar.
Siap, keun ku Ibro urang bèrèskeun” Uing ngajawab pertèntang. Peutingna sanggeus apel malam langsung sasadiaan, nèangan gantar. Alhamdulillah aya beusi urut tihang bandèra. Lumayan.

Jam 03.00  hudang, beusi panjang dibawa. Keketeyepan muru jamban asrama putri. Muka panto, asup bari nèangan posisi strategis, keur ngagareuwahkeun nu beuki noong. Teu lila aya tiluan siswa awèwè nu rèk marandi. Pas ngaliwatan uing, tiluannana surti.

Nu tiluan mimiti nyoo cai dina bak panjang, maklum jamban asrama mah bak babarengan.

Kaciri dina para aya nu leumpang lalaunan ngadeukeutan.Pas diluhurueun, besi panjang dirojokkeun.

Coss!
Waddawww…”

Kolèang murag ti para.

Gejebur!!!…
Taaah, beunang……”
Babaturan awèwè rècèt. Uing ngadeukeutan nu murag, rèk diteunggeul beungetna sina kapok.

Peureup geus ngeupeul tinggal neunggeul, panon olohok. Eureun saharita.

Dihareupeun dina jero bak panjang. kaciri pelatih latsar, awak jibrug tarang bohak getihan. Cag. (AKW).

One response to “LATSAR – fbs”

  1. Elis Kartini Avatar
    Elis Kartini

    😱Hahaha…..katohiyan tah geningan si tukang noong teh palatih latsar. Kacipta sih tapi asa hoyong ningal langsung anu jibrug dina jero bak teh, disaksian ku anu araya di tempat eta bari bararengong 😀😂😉

Leave a Reply

I’m Andriekw

Welcome to my blog, Sebuat tempat menyimpan asa dalam bentuk jalinan kata. sebuah ruang berbagi tentang perjalanan kehidupan yang disempatkan untuk dicatatkan pada semesta. Semoga bernilai manfaat bagi yang membaca, minimal ada senyum kecil setelah semua kalimat dicerna.

Let’s connect

Discover more from akwnulis

Subscribe now to keep reading and get access to the full archive.

Continue reading