
CiHANJUANG, akwnulis.com. Lain hayang ngabibita ieu mah, tapi ngan saukur hayang nyarita. Nu kabita nya wayahna, nu henteu nya teu nanaon, “Aman pan?”
Dua poè katukang kajadiannana mah. Sabot guntreng gempungan di rohangan sabeulah, aya nu nguliwed asup ka rohangan uing, kana mèja paranti gawè, mèja leutik nu camperenik, teuing rèk naon.
Rèngsè gempungan, balik ke rohangan. Gebeg tèh, dina mèja nu pinuh ku kertas jeung map, ayeuna bersih diganti ku mangkok bodas eusi cokor sapi nu ngebul kènèh. Kaciri dina tengah tulangna aya nu elok elokan, sumsumna. “Uluh matak kabita”
“Tapi naha ukur cokorna wungkul, euweuh baturna?” Hatè norowèco bari mikir saha kira-kira nu mèrè ieu hakaneun… èh tuangeun.
“Mang ulah waka didahar, emih jeung basona tinggaleun” Sora bèntès ti rohangan sabeulah, sora Si Uhe.
“Nuhun euy, enyoy kieu sumsumna gè. Loba deui”
“Lain ti Uing èta mah, ti Guru Adang, ti tukang” Jang Uhè ngawalon.
“Alhamdulillah infona euy” Uing mairan bari tikoro geus teu kuat nungguan emih jeung baso keur ngabaturan ieu cokor rèk di èkskusi.

Sabot nungguan, inget kana jaman ayeuna. Mèdia sosial tèa, kudu èksis ceunah. Teu antaparah deui, hapè dicekel… èh mangkok eusi cokor sapi di usar èsèr, tuluy dikècèng ku kamèra hapè, kudu dijeprèt cing alus jeung alami alias poto natural.
Cetrèk.
Cetrèk.
Belenyèh seuri sorangan, cokor sapi pindah rupa jadi gambar dina hapè. Dokumentasi pribadi nu isuk pagèto bisa kakoncara, sabab di-upload kana mèdsos, susuganan loba nu resepeun.
Tuluy kapikir susuganan bisa asup kana aplikasi poto luar naggrèg èh luar nagari nu salila ieu taliti jeung loba aturan mun urang hayang ngirim photo urang dina aplikasi manehna. Diantarana aya ‘gettyimage‘ jeung ‘shutterstock contributor.’
Geus ah tong loba mikir. Ayeuna waktuna èksekusi sabab emih, baso, kikil jeung togèna geus sayagi ditambahan ku sambelna, cuka, kecap jeung jeruk purut meunang meulah, seungit pisan gan. Pas dihijikeun, èh mangkokna dideukeutkan, disada, “Ieu tèh Mie kocok.”
Uing unggeuk bari rada kerung, panasaran naha ngaranna mie kocok, padahal asa teu dikocok-kocok, ukur dicampurkeun. Geuningan proses awalna dina lebet wadah tina logam nu eusina cipanas kuah gajih tulang sapi, èta tèh kikil, emih, toge dikocok-kocok heula nganggè gagang bolong parantina, kitu saur detikjabar.com tèh. Kahartos ogè ayeuna mah. Nu matak reueus ieu tèh tuangan nungturun sabaraha generasi tur istuning asli kulinèr bandung sanaos seueur nu icalannana di wewengkon jawa barat.

Euleuh ngadongèng waè, hawatos ieu sumsumna ngadagleg. Margi nuang mie kocok mah balap sareng waktos, diantep mah janten kirang raos margi gajihna ngadagleg. Kedah nuju panas supados pas nuangna, “Teu percanten?.. cobian geura.”
Alhamdulillah, teu peryogi waktos lami. Cokor sapi tengahna di kucuran kuah panas, colok nganggemè sumpit. Tonggèngkeun kana mangkok, burusut sumsum ngagulusur gabung sareng emih, togè tur kikil nu ngantosan dina mangkok. Disendokan, suruput, peureum benta lur.
Keur anteng tur rampus nuang mie kocok, karaos punduk asa ranteng, boa – boa cicirèn kolesterol naèk. Duh palaur, langsung wè digancangkeun ngadahar mie kocokna. Teu hilap cokor nu luarna digorogotan sabab nyèsa kènèh kulit jeung gajihna. Ngan kudu ati – ati bisi lain kulitna nu lèsot tapi huntu anu naplok.
Tah kitu geuning dongèngna tèh.
Hatur nuhun Guru Adang.
Sakali deui, ieu mah sanès ngabibita namung hoyong ngabagi carita. Cag. Wassalam (AKW).
Ah janten kabita ku mih kocok ieu teh nikmat jigana👍
LikeLiked by 1 person
Aduh ibu puntn da sanes ngabibita, mung ieu mah hiji carita hehehe
LikeLike
Mantap….mmng makanan sunda tiada duanya
LikeLiked by 1 person
Nikmaaaat
LikeLike
Asli…kabita. ..ieu mani uruy kieu…
Kacipta antengna pa Sekdis nuju ngagorogotan tulang sapi plus ngecrok sumsum na…ehmmantap.
LikeLike