CIMAHI, akwnulis.com. Sebuah goresan pena digital dalam genre kisah rekaan singkat tentang fragmen kehidupan.

FIKMIN # SIEUN #
Teu pira ukur suku kènca salah nincak, ujug bangkieung awak bayuhyuh nambru ka hareup. Tuur paadu jeung batu, tuluy beuteung jeung pinareup. Tidinya tèh lain eureun tapi ngiluan biwir, irung nepika tarang. Kaca panon ogè kagorès ku tarikna paadu jeung batu nu kuduna jadi titincakeun.
Saheulaanan nangkuban bari muringis, peurih jeung nyeri. Komo ditambahan ku èra mah, beuki nyeuit kana ati. “Astagfirulloh adzim, kunaon Euceu?” Gorowok ibu – ibu pangajian, moro nu keur nangkuban.
Teu lila ibu – ibu nu lian datang, narulungan. Lalaunan Mak Ina hudang. Biwir peurih, monyong jeung karasa nyanyautan.
“Euleuh getihan”
“Ènggal nyungkeun ès batu!”
“Èta hapè kadè kakantun”
Mak Ina ngusahakeun nangtung, tapi asa karonèng, les poèk kapiuhan.
Hudang dina ranjang, kaciri barudak jeung salaki di kènca katuhu. Aya ogè tatangga jeung dokter jeung perawat. “Alhamdulillahirobbil alamin.”
Tisaprak harita Mak Ina tara loba ngarasula, ngarahuh komo mairan nu teu perlu. Istuning sholèhah, sieun jeding deui.
***
Catatan : Ini adalah cerita fiksi berbahasa sunda dengan sebutan FBS (fiksimini basa sunda). Ditulis dengan kumpulan kata dan maksimal di 150 kata. Tidak percaya? Silahkan hitung saja kata per katanya. Selamat menghitung. Terima kasih (AKW).

