MATIH – fbs

Hanya coretan kecil tentang masa lalu.

CIMAHI, akwnulis.com. Cerita kali ini didasari pengalaman masa kecil dan dibuat tadi malam tepat malam jumat, tetapi khawatir pembaca males meneruskan bacanya karena seolah cerita mistis, padahal cerita singkat biasa saja. Maka baru diposting dan diedarkan sekarang.

Genrenya tetap berbahasa sunda dan hanya 150 kata, cukup baca singkat maksimal 1 sampai 2 menit saja. Selamat membaca dan selamat berhari jumat.

Inilah ceritanya :….

FIKMIN # Matih #

Keur leumpang dina galengan tiluan, balik ngaji ti pasantren Ustad Ahmad. Poèk sabab geus ba’da isya. Aya saeutik caang tina oncor dina lengeun kènca, geus luak leok katebak angin peuting.

Sabot keur laleumpang, dihareupeun aya nu bodas nangtung. Gebeg tèh, hatè ratug tutunggulan. Dadè jeung Jaè mangprèt balik deui bari ngagorowok, “Juriiiig!!!”

Uing ngahuleng, suku ngadadak beurat, pageuh nincak galengan. Panon ngawanikeun mencrong, kaciri nu bodas tèh jiga pocong, aya talian dina luhur sirahna. Beungeutna teu kaciri. Inget kana papagah Ustad, jelema mah mahluk mulya.

Rumpu rampa deukeut suku aya batu, teu antaparah deui. Belewer dialungkeun ka nu ngabelegedeg bodas hareupeun. Bari ngagorowok, “Bismikalllohumma ahya wa  bismika amuuuut!!”

Lakadalah, batu ngeplos ngaliwatan nu bodas. Tetempoan poèk, les teu inget di bumi alam.

Jang Ibro, hudang. Naha bet sarè tibra di galengan?” Sora Wa Uca ngahudangkeun. Uing beunta culang cileung, di riung ku bapa bapa nu balik jamaahan subuh ti masjid wètan. Cag. (AKW).

DITALIAN – fbs

Sedikit kisah di bulan Ramadhan.

BANDUNG, akwnulis.com.  Suasana rapat di bulan ramadhan terasa begitu menenangkan hingga perlahan tapi pasti kepala tertunduk dan mata tertutup. Maka cara terbaik adalah lawanlah dengan sekuat tenaga dan alihkan dengan aktifitas yang membuat kita terjaga tapi tetap tegak di tempat acara.

Nah dikala waktunya ishoma, shalat menjadi utama selanjutnya masih ada jeda waktu tersisa maka sempatkanlah menulis sesuatu yang singkat tapi bermakna. Karena ini bulan puasa maka tulisan ringan tentang aktifitas di bulan ramadhan menjadi satu pilihan. Tentu tetap setia dengan tulisan genre fiksi berbahasa sunda.

Silahkan…

***

FIKMIN # DITALIAN #

Allohuakbar Alllloooohuakbar.. Laa ilaa haillallah” Adzan isya karèk lekasan, tapi di luar masjid asa ramè loba jelema. Uing panasaran, ngolèsèd nempo kaluar. Geuning ngagimbung santri kobong jeung pengasuhna.

Geus deukeut kareungeu Ustad saepul ngagorowok, “Ayeuna solat isya jeung tarawèh berjamaah heula, kin kakara urang nguriling neangan Jang Usman”
“Mangga Ama” rèang saur manuk.

Uing ngadeukeutan si Jae, “Jang Usman kunaon?”

Leungit a ti bada asar”

Gebeg tèh, geuning Usman babaturan Uing nu rèk ditèangan. Padahal tadi beurang panggih, ngadongèng rèk nyingsieunan nu balik tarawèh ceunah.

Wanci janari babaturan tèh karèk kapanggih. Di deukeut makam, ngagoler bari awakna dibakutet ku tali rapia jeung tambang, teu bisa ngomong da bahamna pinuh ku lamak.

Buru – buru ditarulungan, sabot awakna diangkat aya lamak bodas murag, kaciri aya tulisan, ‘Salila bulan puasa sètan ditalian, tertanda PERJULECI (Persatuan jurig legok cipo).

***

Disclaimer : Tulisan ini hanya fiksi belaka, bagi yang tidak puas silahkan isi di kolom komentar atau japri, DM dan kirim email kepada penulis. Karena penulis bukan pemuas. Terima kasih, Wassalam (AKW).

Jurig Kopi – fbs

Geuning kitu saujratna mah.

Akwnulis.com, CIMAHI. Peuting nu simpé lain jadi tibra saré pikeun ngamalirkeun kacapé, tapi geuning ngadon nyileuk cénghar, teu puguh rarasaan.

Buru-buru babacaan tilu surat quran pangtungtungna, lumayan masih apal sanajan sok pabeulit jeung surah lianna, tapi angger cènghar. Tungtungna mah ngahérang. Ngagambar dina lalangit bari ngitung cakcak nu anteng balakécrakan.

Sabot panon anteng niténan lalangit.
Bray, lalangit muka dibarung sora ngahégak nu matak soak.

Uing ngagoak, tapi sora jadi peura, baham calawak teu disada.

Leungeun buluan kaluar tina lalangit, Uing ngayekyek musna pangacian. Kaciri ramo-ramona nyekel téko kaca, eusina cai hideung teu mangrupa.

Sora handaruan ngaruntuhkeun kawani, “Arabika atawa robusta?”

Uing disada, “Aaa..ra.. biii..ka”

Cur cikopi tina sungut téko nyurulung kana baham Uing nu ujug-ujug calangap.

Glek glek glek, nikmat pisan. Alhamdulillah.

Ti peuting harita, teu bisa saré saminggu lilana, cénghar satuluyna. (AKW).