Ngawitanna mah mung wartos salangkung ti tatanggi, saurna aya anu tingborèlak dina suhunan. Nu jolna tina tangkal ketapang kancana bodas di buruan pengker.
Teu seueur saur tangtosna kedah saènggalna diroris, bilih leres tangkal tos ngajangkungan, lajeng daun nu murag janten runtah ka buruan tatanggi. Kaleresan samentawis waktos èta bumi tèh teu dieusian, jalaran pun biang hoyong disarengan sabumi. Maklum tos sepuh.
Ènggal ngabujeng ka bumi kosong, muka tulak nganggè kodeu ditambih notifikasi raray. Cetrèk!. Panto payun muka. Mapah rusuh muru ka pengker, tangtos scan barkod deui supados tiasa muka panto tur jandèla.
Rèrèncanganna seueur / doklang.
Gebeg!! Hookeun ningal buruan pengker utamina dina tangkal nu halughug ngajul kalangit. Tingborèlak konèng umyang, enyut mèh dina unggal dahan tur daun. Ngawitanna mah katingal mung hiji, ari pèk tèh rèrèncanganna ratusan. Buluna ngagebay cèlak marahmay, hileud konèng baranahan.
Teu seueur saur, tangkal dituar hileudna nyinglar. Hampura nya, da geuning janten rarenyem. Hileud unggeuk carinakdak.
Tulislah meskipun itu tentang sesuatu yang berdarah.
Hidung ini aman / Dokpri.
SAGULING, akwnulis.com. Sebuah ide tulisan itu memang muncul tidak terduga dan menuangkan ide dalam sebuah tulisanlah yang menjadi tantangan sebenarnya. Maka dikala sebuah ide terlintas, tidak ada banyak pilihan, cukup 2 saja, TULIS atau TIDAK. Pilihan ketiga bisa juga DISIMPAN UNTUK ESOK HARI.
Terkadang bisa juga disimpan sebagai bahan tulisan besok lusa. Kenyataannya itu sering tidak terealisasi oleh berbagai alasan pembenar yang akhirnya mengubur ide tulisan tersebut dalam tumpukan jerami kesibukan yang dilengkapi sampah – sampah kemalasan.
Maka dikala sore ini melewati sebuah rumah sakit baru yang fokus untuk ibu dan anak, jelas akan ada beberapa Dokter Anak yang bertugas disitu. Ada sebuah ide hadir dan segera diekskusi.
Inilah tulisannya…..
FIKMIN # SORODOT GAPLOK #
Jang Uun keur anteng ulin di buruan imah, sorodot gaplok jeung babaturanna. Ting corowok gandèng. Mang Ibro ningalikeun di tepas baru ngudud bako anyar meunang ngalinting tadi peuting, nikmat naker.
Sabot Mang Ibro nyelang heula ka jamban, balik deui ka tepas, hookeun. Ningali anakna keur ngagolèr di riung ku babaturanna. Beungeutna baloboran getih.
“Uun kunaon kasep?” “Tadi kababuk kentèng Mang, teu dihaja” Oom babaturanna ngajawab bari tungkul.
“Gagabah!!, hayu bawa ka rumah sakit” Teu loba carita, Mang Ibro buru-buru ngaluarkeun kol dolak, budak digotong ku baturna, tiluan.
Anjog hareupeun rumah sakit, gura giru ka IGD. “Dokter.. dokter tulungan” Pagawè IGD rikat nampa nu ngalemprèh makè blankar tuluy di bawa ka jero.
“Alhamdulillah bapak, tuang putra mung mimisan, ayeuna tos sadar. Kanggè observasi nuju ngantos Dokter Anak” perawat ngajelaskeun.
“Nu bener atuh Jang, maenya nungguan dokter anak, euweuh dokter nu leuwih kolot?” Mang Ibro muncereng. Perawat ngahuleng. Nu aya papelong-pelong.
***
Ini jempol yang berdarah / Dokpri.
Tulisannya singkat kawan, hanya 143 kata saja. Tapi itulah pedoman batasan dalam menulis cerita fiksi singkat berbahasa sunda. Dikenal dengan sebutan fiksimini basa sunda atau FBS. Sebuah tulisan pendek, baca sebentar dan tersenyumlah. Senyum itu banyak makna kawan, ada yang tersenyum karena paham dengan jalan ceritanya. Tetapi kebanyakan tersenyum karena masih menebak maksud ceritanya apa hehehehe…. gampang kok, yang masih belum mengerti tinggal tulis di kolom komentar dan akan segera diberikan jawaban.
Bisa juga ada beberapa kata berbahasa sunda yang tidak dimengerti, monggo tanyakan saja. Termasuk saran kritik perbaikan jikalau ada kalimat, kata typo juga tanda baca yang tidak tepat, karena tentu kesempurnaan cerita hadir oleh kepedulian semuanya.
Yang penting adalah jangan ragu-ragu menuangkan ide dalam bentuk tulisan satu paragraf sekalipun. Let’s go. Happy wekeend kawan, besok kita bekerja kembali. Wassalam(AKW).
MARIBAYA, akwnulis.com. Sebuah pertemuan dalam balutan acara tentu memberikan pengalaman yang menarik dan berbeda-beda dari setiap peserta. Ada sudut pandang utama dengan fokus pada pelaksanaan kegiatan yang disetting sedemikian rupa, sehingga kebersamaan semakin erat secara sempurna. Tetapi ada juga pengalaman lain yang tetap menambah nilai pelajaran kehidupan yang perlu dituliskan agar menjadi warisan literasi yang abadi.
Inilah salah satu kotretan singkatnya dengan genre cerita fiksi singkat berbahasa sunda. Jika ada kesamaan nama maka itu adalah bukan kebetulan tetapi mendekati kenyataan, selamat menikmati :
FBS # TIPEPEREKET #
Pas panon beunta, reuwas kacida. Awak nangkarak bari diluhureun aya lamak bodas. Tuluy lalangit deukeut pisan, posisina miring tur baseuh. Tiis combrèk sakuriling awak. Ibro cirambay, hatè keketegan. Geus kabayang, ieu geuning tungtung kanyataan hirup urang tèh. Ngagolèr sorangan, paroèk jeung baseuh. Panon mimiti cirambay, bingung jeung hanjakal. Dipeureumkeun wè, susuganan ieu tèh ukur ngimpi.
“Manrobuka… manrobbuka!” Aya sora handaruan gigireun. Panon mèlètèt saeutik, gebeg tèh. Gigieun aya nu hideung ngabedega. “Aduh nyaan ieu mah malaikat” Mang Ibro leuleus, bari nginget-nginget pangajaran keur masantrèn kalong baheula. Tapi lebeng, poho kudu ngajawab kumaha. Ibro peureum deui tipepereket.
KEOS – Kemping raos / Dokpri.
Srètt! Jang Lufi mukakeun sèrèlèk tènda nu runtuh ku angin puyuh. Kaciri Mang Ibro keur murungkut dibakutet seprè bodas.
“Mang Ibro buka, geura buka, nanaonan kalah ka ngarèngkol didinya?”
“Euleuh malaikat deui, tapi asa wawuh sorana”
Mang Ibro beunta, geuning loba jelema. Rurusuhan muka seprè, jung nangtung. Tuluy nangkeup Jang Lufi bari ceurik ngagukguk.
***
Terima kasih atas kerelaan meluangkan waktu menelusuri kata demi kata hingga berakhir, semoga memiliki makna. Selamat beristirahat dan bermimpi dengan penuh rasa bahagia. Wassalam(AKW).
Datang ka hiji wewengkon geus mimiti sareupna. Tapi lembur singkur tèh caang baranang, bari lampuna hurung ngempur nu bodas semu hèjo.
Ngadeukeutan warung, barudak keur anteng gogonjakan bari nyekel tablèt jeung hapè lipet nu di dayeuh keur jadi kacapangan. Maman ngarandeg. Dihareupeun aya balandongan gedè nu dieusi ku barudak beunceuh keur pasèa urusan basa program boh Java ogè Laravèl. Beulah katuhuna mah bari ucing sumput tapi leungeunna pageuh nyekel hapè nyusun desain photo ogè video makè canva, capcut, kinemaster dugika adobe after effect.
Panasaran beuki nataku, tetelepèk nanyakeun saha nu jadi kuwu di ieu wewengkon. Curuk warga bentik baru nojo ka kulon, aya imah badag, sugan keur aya.
Ari pèk tèh suwung jelema, nu aya mah genep robot keur ngahaleuang, “Asep olèng ku A.I, Asep gèlo ku A.I”
Lalaunan muka hape, ngetik dina aplikasi chatGPT, nanyakeun ieu kampung saha kuwuna. Geuningan ibu anom nu wastana A.I Kencanawati. Paingan.
CIREBON, akwnulis.com. Setelah tuntas menghitung jumlah totol yang ada di tubuh rusa dan menikmati seduhan kopi tapi bentuknya teh celup seperti pada tulisan NGOPI rasa NGETEH. Maka sambil bergerak menyusuri jalan tol Cipali, jemari menari untuk menulis sebuah cerita singkat berbahasa sunda, fikmin Sunda.
Silahkan…
FIKMIN # HAYANG GANCANG #
Bada magrib ti Sumedang numpak si kukut, Honda win100. Ngaliwatan cadas pangeran mimiti pras pris, patalimarga lancar jadi bisa kekebutan. Asup ka wewengkon Tanjungsari ngarandeg, motor dilaunan.
Maju saeutik tapi mobil jeung motor ngahunted, eureun. Hatè mimiti ratug, sieun teu kaudag jadwal ‘night dinner‘ jeung bèbènè. Mangkaning geus omat-omagan, “Datang telat deui, pegat.”
Ngahuleng bari ningalikeun jalan nu pinuh ku mobil jeung motor. Keur kitu aya sora ambulan, “Ngiung… ngiung.. ngiung.. ngiung.”
Teu loba carita, langsung taki-taki rèk ngilu tukangeun ambulan.
Teu lila ambulan datang, uing sayaga. Ambulan ngaliwat, honda win100 asup tukangeunnana. Ngilu rombongan.
Ambulan tarik lumpatna nepika honda win100 gogoakan bèakeun tanaga. Tapi teu bisa ujug-ujug eureun misahkeun manèh tina rombongan da geuning ambulan tèh konvoi kana tiluna. Jadi tukangeun motor aya 2 ambulan deui. Paingan sora sirineuna loba.
Ngerèm teu bisa bisi katubruk, ukur bisa ngagas wè sakuat tanaga, ngungudag ambulan. Hatè beuki ratug sieun cilaka.
Cag.
***
Begitulah coretan kata kali ini, agak pusing juga ngetik di handphone sambil mobil bergerak cepat. Udah ah ngetiknya. Hatur nuhun, Wassalam(AKW).
Tepang munggaran dina raraga gempungan ngolah nagri. Ngokolakeun kumaha tiasa janten bongbolong pikeun nyalurkeun bantosan ka palawargi nu keuna ku lini, tug dugi kiwari teu acan kènging bantosan sailaharna.
Dicobian numpak motor nganggè ban cucuk, lumayan bantosan tiasa disebar. Aya ogè nu dijingjing bari mapah. Tapi anu kahalangan ku urug mah, orokaya nikreuh sesah, ngorondang asa piraku. Badè kana hèlikopter da teu gaduh waragadna.
Tah gempungan èta nu nambih sumanget, sanaos di posko pikèt sesah cai sesah bobo. Aya nu nyarengan, imut nu camperenik meuni sesah leupas tina kongkolak.
Komo waktos mungkas obrolan sonten kamari, wirèhna tos sataun dikantun carogèna anu tolohèor. Sumanget langkung ngagedur.
“Mang, engkè wengi gempungan deui, badanten sareng rèlawan kanggè distribusi bantosan ka lembur sisi leuweung tutupan“
“Siaap” Ngawaler tatag bari curinghak, asa mobok manggih gorowong, bakal tiasa tepang sareng anjeunna. Nu camperenik tur resik.
CIMAHI, akwnulis.com. Hari minggu adalah saanya ‘me time‘ dan ‘family time‘. Caranya sederhana kok, cari aktifitas murah meriah, atau cari aktifitas ekonomis dinamis terukur yaitu jalan kaki pagi-pagi tapi jangan bawa duit ataupun dompet. Dijamin bisa berolahraga ringan sesuai target yaitu 6 ribu langkah saja. Insyaalloh tidak akan terpengaruh oleh lapak yang jualan karena tidak bawa dompet dan uang cash, kalaupun mau pake QRIS akan berabe karena rata-rata masih cash. Maka nilai ekonomis dan efisien akan terjadi, sesekali atuh memeditti eh mengoretti*) diri sendiri.
*)memeditti / mengoretti : pelit pada diri sendiri (bhs sunda maksa)
Soalnya kalau bawa duit cash akan merusak program jalan kaki ini. Tidak terjadi defisit kalori malah sebaliknya surplus kalori masuk ke dalam tubuh. Jalan kaki hanya menghasilkan pembakaran 400 sampai 500 kalori, tapi ngebaso dan kari sapi ditambah segelas besar es kopi susu itu menghasilkan 3 x lipatnya. Alamak menggendats dong.
Nah, selain itu hari libur juga adalah saatnya menulis. Seperti biasa tulisan singkat berbahasa sunda dengan maksimal 150 kata sudah menjadi satu pesan cerita. Tentang temanya nanti kita bahas di paragraf terakhir bagi yang kesulitan mengartikan bahasa sunda, monggo silahkan…..
FIKMIN # MILARI #
Murangkalih nu pangalitna yuswa 4 taun kènging pakanci ti sakola. Asa janten buah simalakama. Dikantun di bumi nyalira palaur, ari dicandak berabè.
Saatos sawengi jeput badanten sareng carogè, dicandak putusan, Si bungsu samentawis ngiring ka tempat damelna carogè.
Shubuh kènèh murangkalih tos gugah, netepan teras ibak nyalira. Sarapan teras angkat sareng bapana.
Pasosonten si bungsu uih, katingal rarayna alum, teu jiga ènjing – ènjing nu jigrah tur lincah.
“Kunaon nèng, manyun waè?”
Teu aya walèran, ngadon ngagidig ka enggon. Nangkuban dina kasur. Bapana ngawaler, “Tadi meuni isin di kantor, mèja nu rèrèncangan ogè meja ibu bos diawut-awut, saurna milari artos”
Anak ikut ngantor / Dokpri.
Uing ngagebeg, naha murangkalih janten kitu. Kedah ditalèk ieu mah, “Nèng naha tadi ngabongkaran mèja Abi ogè mèja bosna Abi?”
Si bungsu bari ingsreuk-ingsreukan nyarios, “Mung bantos Abi milari artos, pan upami biasana Abi nyarios ka kantor tèh milari artos, tapi tadi teu mendak, kalahka Ènèng diseuseulan.”
****
Itulah kumpulan kata menjadi satu cerita dengan judul MENCARI (milari). Tema yang diusung sebetulnya dimulai dari ide sederhana yang muncul dari celotehan lucu anak semata wayang.
Intinya adalah tingkah anak kecil balita yang libur sekolah di PAUD dan ‘terpaksa‘ ikut ayahnya bekerja karena tidak bisa ditinggal di rumah, sebab ibunya juga bekerja di tempat berbeda.
Alhasil di kantor ayahnya, si balita berulah dengan membongkar meja kerja ayahnya, rekan kerja ayahnya juga bos ayahnya dengan tujuan mencari uang.
Setelah diklarifikasi ternyata semua diawali dari pernyataan ayahnya setiap mau pergi kerja yaitu : “Ayah berangkat dulu kerja ya, mau cari uang buat ade kecil”
Maka si balita insisiatif bantu ayahnya cari uang di kantor ayah, meskipun ternyata begitu syuliiit (lupakan reihan…) karena memang itu adalah sebuah ungkapan bukan arti cari uang sebenarnya di laci meja kerja.
Jadi hikmahnya, hati-hati memberi pernyataan kepada anak kita supaya bisa dimaknai dengan sejelas-jelasnya. Beda pemahaman antara anak dan remaja atau orang dewasa. Jadi mulai sekarang sampaikan bahwa pergi ke kantor itu bukan mencari uang tapi mencari kerjaan hehehehe.
CIMAHI, akwnulis.com. Minggu siang bercengkerama bersama anak adalah sebuah momentum yang tak akan terulang. Maka manfaatkan sebaik-baiknya. Jika hari kemarin terpaksa bersama ibunya ikut ayahnya bekerja di kerimbunan hutan ciwidey, lalu kedinginan dan masuk angin karena ketahanan tubuh yang berbeda. Maka hari minggu ini menagih untuk sekedar kongkow dekat rumah sambil ngopi berdua.
Ternyata setelah makanan dan minuman tersaja, anak kesayangan malah sibuk dengan gadgetnya dan memainkan game Sakura School Simulator dengan asyiknya. Langsung ayahnya switch mode ke pilihan ‘soft me time’ alias menyesuaikan diri dengan gadget dan membuat sebuah cerita fiksi singkat berbahasa sunda yang idenya hadir secara tiba-tiba. Tapi ujung mata tetap memperhatijan gerak gerik dan aktifitas anak kesayangan.
Ngasuh dulu / Dokpri.
Inilah tulisannya…
FIKMIN # SATIDI #
Hiungna motor RX king meulah jalan ciroyom kadèngè halimpu sabab dina cangkèng aya leungeun bèbènè nu pageuh nyekelan. Genep bulan teu panggih, ayeuna karèk bisa ka dayeuh deui. Kusabab hayang mèrè surprise, ngahaja teu dibèjaan rèk dahar dimana. Teu nyangka ceunah boga kabogoh tèh meuni nyaah tur ngartos.
“Nuhun Ayang, impènan Enèng ngawujud, tiasa tuang di restoran ieu”
Soanten nu hipu ngagugah kalbu, tapi teu loba carita. Asup na panto tuluy mayar heula sabab restoranna modèl ‘all you can eat’ atanapi SATIDI (sadayana tiasa dituang).
Pagawè restoran nyayogikeun sagala rupa dina mèja. Kompor mini diluhurna panci kuah tomyam oge hiji deui loyang kanggè babakaran. Hurang, daging lauk jeung daging sapi ipis langsung dipasak, kitu ogè sagala rupa satè, omelèt, sushi, sangu gorèng, beef teriyaki jeung sajabana. Rampus sèèp ku duaan.
Wastafel udah bersih / Dokpri.
Hanjakal nge-datè tèh gorèng tungtungna. Nèng Asih ngaborolo utah uger dina wastafel. Uing kapaksa ngodok liang wastafel sabab ngeuyeumbeu pikagilaeun.
***
Itulah sejumput cerita fiksi super pendek berbahasa sunda atau fiksimini bada sunda (fbs) dengan tema adaptasi dan rasa tanggungjawab seorang kekasih kepada orang yang disayanginya. Meskipun harus bertindak dan berkorban dalam melaksanakannya Selamat menikmati waktu tersisa dari weekend minggu ini, Semangaaat. Wassalam(AKW).
CIMAHI, akwnulis.com. Sebuah ide terkadang tidak sejalan dengan kesenggangan waktu. Tapi sebuah ide yang hadir lalu diolah menjadi rangkaian kata maka akan hadir sebuah cerita. Meskipun singkat tapi ada maknanya, juga bagi pembaca tidak perlu meluangkan waktu lama, cukup 5 tarikan nafas saja. Dengan catatan yang memahami bahasa sunda, kalau yang masih roaming ya bisa bernafas sepuasnya hehehe.
Ide ini mengambil tema masa sekolah smp di kampung halaman disaat pertama kali melihat guru olahraga yang baru dan berpakaian olahraga yang serba pas. Maka reaksi anak ingusan menjadi beragam. Inilah salah satunya. Selamat menikmati.
FIKMIN # BEGÈR #
Adma olohok basa ningali guru anyar karèk turun tina avanza, aya burinyay nu teu biasa. Jajangungna ratug teu puguh rasa, dibarung ku panasaran hayang ningali deui ningali deui. Bu Susana leumpang andalemi muru rohang guru, dituturkeun ku panon Adma nu hèsè ngiceup deui.
Adma di kelas gulinggasahan, meus meus ningali kaluar jandèla, jiga nu jauh panineungan. Guru nerangkeun ukur pajangan, sabab lelembutanna aya diluar jeung guru olahraga nu anyar.
Sanès bolèkak nu matak eureun rènghap, tapi bulu bitis nu jadi inggis. Ngagurilap nyaangan soca, masihan rasa nu teu biasa. Kitu peta basa Rahwana teu dihaja ningali bitis Dewi Sinta. Ogè Maharajasa waktos ngawitan micinta Kèn dèdès dina carita babad tanah jawa.
“Geus tong loba malaweung, èta susut heula lèho‘, Oji babaturan sabangku ngabèjaan. Teu dijawab tapi leungeun langsung nyusut irung, enya geuning loba meunangna.
Di lapang hareupeun kelas, Bu Susana kaciri sumanget ngalatih barudak kelas salapan. Meuni geulis kacida. (AKW).
BANDUNG, akwnulis.com. Pagi menjelang dan mentari bergerak memberi terang. Sebuah ide menulis hadir di kepala dan tak perlu banyak pertimbangan, segera eksekusi dengan jari dan dirapihkan oleh mata. Itulah berkah pemberian Illahi yang harus kita syukuri.
Tulisannya bisa apa saja, namun sebuah tema besar perlu tetap dijaga. Maka blog ini dijaga konsistensinya dalam 2 koridor besar tema yaitu Ngopay dan Ngojay serta tema kedua adalah tulisan singkat fiksi berbahasa sunda.
Selamat pagi kawan, dan inilah tulisannya. Cekidot.
***
TOS KOLOT
Soca neuteup bari ngagerentes, “Duh gusti, èta damis meuni leucir, pangambung bangir ogè lambey pikabitaeun, soca langkung cureuleuk tur matak iuh kana manah”
Nu diteuteup mah anteng wè nyarios perkawis padamelan ogè murangkalihna nu tos ngawitan lebet ka paguron luhur tIna hasil ngiring selèksi nu saujratna. Teu hilap karier carogèna nu seueur cocobi tapi tiasa ngigelan dugika junun janten pupuhu. Cèrèwèdna teu robih.
“Kang!”
Gebeg tèh, “Muhun” ngawaler bari rada ngarènjag.
“Kunaon sapertos nu malaweung?, ulah seueur èmutan atuh. Da padamelan mah moal aya rèngsèna.”
“Teu aya nanaon nèng, kalèrèsan aya nu hilap di kantor” diwaler bari rada tungkul.
Ngawangkong deui ngalèr ngidul dugika teu karaos acara parantos lekasan.
“Ayeuna mah urang tèh tos karolot, teu kedah ngèmutan nu tos kalangkung. Urang ngarawat kulawargi sèwang-sèwangan, ngatik murangkalih supados janten solèh sholèhah.”
“Amiin.”
Hiji kalimah nu mungkas carita, padahal dada ngaguruh teu puguh rasa.
***
Cemberutnya menggoda / Dokpri.
Itulah jalinan kata bahasa sunda kali ini. Tidak perlu dipikirkan, tapi nikmati saja susunan kata dan hamburan makna yang bisa menghasilkan persepsi berbeda.
Kalau masih roaming karena ini bahasa sunda, tulis di kolom komentar atau japri saja sama saya hehehe. Terima kasih, Wassalam(AKW).