TEU PIRA – fbs.

Mung jejedudan wungkul, tapi…

Photo : Sketsa menahan sakit / dokrpi.

Fikmin # TEU PIRA #

*)Sebuah tulisan fiksi berbahasa sunda, terinspirasi dari rasa sakit yang begitu menyiksa.

TEU PIRA (TIDAK SEBERAPA)

Teu pira da ngan saukur, tapi geuning geus karasa nyayautan mah teu bisa ditulung batur.

Teu pira kabeuki tèh ngaheumheum sangu, karasa amis disela huntu. Unggal poè nu aya di pawon ukur sangu jeung uyah beuleum. Teu ngarasula nampi kana qodarna, sawarèh di dahar sèsana dibaheum.

Teu pira tadi beurang aya kurubuk dina beuteung, pas inget boga kèrèwèd pamèrè juragan lebè. Buru-buru dibersihan, diteukteukan laleutik, digalokeun jeung cèngèk ogè sèsa uyah beuleum.

Teu pira dikosrang kosrèng nyieun sangu gorèng, seungit kacida matak bangir irung pèsèk. Pinikmateun geus aya dina tikoro, dahar ngeunah lain kokoro.

Teu pira, karèk gè tilu huap. Aya gajih kèrèwèd asup kana liang huntu nu geus lila mèlènģè. Jeduddd…… aduuuuh anjrit, baham calangap, panon cirambay.

Teu pira ukur nyeri huntu, tapi geuning bisa ngeureunkeun waktu, ngahuleng jiga bueuk dibabuk batu, geus teu kapikir deui nyatu, nu penting mah geura cageur teu judad jedud kawas gunung bitu. (AKW).

***

Sono Pisan – fbs

Teu kiat nandangannana..

Photo : Jikalau ilustrasi ini tidak sesuai dengan cerita, mohon abaikan / dokpri.

Fbs : fiksimini basa sunda, seratan fiksi (rèkaan) dina basa sunda. Sanès kisah nyata, mung ngarang wè kaditu kadieu.

Fiksimini basa sunda, tulisan fiksi (karangan belaka) ditulis dengan bahasa sunda. Bukan kisah nyata, hanya mengarang tulisan kesana kemari (AKW).

# SONO PISAN #

Teu acan lami tepang sareng salira tapi naha bet hoyong patepang deui, meuni kacida. Èmutan marojèngja, antawis hoyong tepang sareng kasieun. Sieun dina panampiannana ngaraheutkeun manah balarèa. Sanaos anggang ku waktos, tapi geuning jamparing kapanasaran mah teu tiasa dipungpang, ngabelesur meulah jaman.

Akang kunaon huleng jentul waè?” Soanten halimpu bèbènè nu didieu ngagareuwahkeun pikir. Rikat wangwangan salira dibuntel ku imut ngirut, “Teu aya nanaon geulis, kumaha kumaha?”

“Hawatos wè pèdah titatadi ningal Akang huleng jentul, bilih Nèng gaduh kalepatan”

“Teu pisan-pisan geulis, biasa waè, ngèmutan padamelan”

Nu geulis nyarandè. Salajengna kaleresan tos manjing adzan magrib, tiasa buka shaum sareng nu geulis, boh buka saum tuang leueut ogè nu sanèsna.

Tèèt.. tèèt, hapè ngagibrig, aya whatsapp lebet, lalaunan diaos, ‘Pah dimana? Cios ngalembur deui?’

Sakilat hapè dibalikkeun, nangkub. Indung peuting mencrong geregeteun.

Promo Hapè – fbs.

Antawis kahoyong sareng kateumampuh…

FIKMIN # PROMO HAPÈ #

Brosur nepika lecek digulanggapèr, tapi hatè keukeuh marojèngja. Angka-angka geus dikotrèt dina buku agènda, tanda pleus mineus jeung kali bagi paburisat dina kertas.

Tapi naha geuning kalah ka baluweng teu puguh rasa?”

Sakedapeun ngalungsar bari nyarandè dina tihang tengah imah. Sirah tungkul nitènan palupuh nu ngèntèp nutupan kahariwang. Dina sela-sela kaciri èntog jeung hayam keur anteng badami bari ngadaharan huut jatah beurang.

Uteuk inget deui kana promo hapè anyar nu matak pikabitaeun, kamèrana bisa digedèan nepika 250x jeung loba bonusna, ngan hanjakal kudu sayagi artos 7x gaji. Karasa puyeng nandangan rasa, pasèa antara kahayang, kabita jeung kaboga.

Tungkul deui nitènan sela-sela palupuh, kaciri èntog kameumeut keur nempokeun.

Kunaon melong waè Ntog?”

“Geus tong loba kahayang, bisa hirup poè ieu geus Alhamdulillah, wèk” Entog mairan.

Uing nyengir, bener ogè. Jung nangtung muru kaluar imah. Panto kandang handapeun golodog dibuka, èntog jeung hayam kaluar jaligrah. Uing ngilu ngibing, ngaleungitkeun kahariwang jeung amarah. (AKW).

***

fbs : fiksimini basa sunda : sebuah genre menulis singkat dalam bahasa sunda, maksimal 150 kata sudah membuat sebuah cerita utuh atau mungkin membuat penasaran dan pembaca (mungkin) terkecoh di akhir cerita.

Rancunit – fbs

Rasa panasaran nu kedah di lisankeun.

PASTEUR, akwnulis.com. Raray rancunit pinareup nyeungseung, matak uruy tur ngaganggu kana paniatan shaum.

“Dita” soantenna halimpu, basa ditaros saha wastana.

Enjingna di kosambi teu dihaja tepang deui, mung bénten setélan, rada tomboy. Tapi jiga nu teu loma, di ajak gumujeng téh ngabetem waé. Katingali nami di na acuk seragamna, Lianta. “Jigana lepat jalmi”

Selang tilu dinten paamprok deui nu mirip, rancunit ogé, di pasar Ciroyom, nuju parebut milihan pindang, “Dita sanes?” “Sanes a, abdi mah Lira.”

Pleng aya kana 3 sasihna teu tepang sareng anu rarancunit téh.

Ari pék téh dasar kedah tepang, di palataran masjid Daarut Tauhid aya nu nyalukan, “Aa…!!! Kumaha damang?, emut keneh ka abdi?”

Sakedapeun ngahuleng, “Dita?” Gideug, “Lianta?” gideug. “….. euh moal lepat ieu mah.. Lira nya?” Gideug baru nungkup lambey, ngadon ngagumujengkeun.

“Abdi mah Fia”

Mastaka janten rieut ngémutan kajantenan ieu. “Maksadna kembar opat ieu teh?”

Anjeun mung imut, teras ngoléséd. Ngantunkeun Uing nu ngahuleng, panasaran. (AKW).

***

Fbs : fiksimini basa sunda*)

Mengejar Ayah – fiksi

Sebuah cerita fiksi reka-reka di suasana pencoblosan 17 April 2019…

Photo : Dipilih dipilihh… / dokpri.

CIMAHI, akwnulis.com. Sebuah cerita fiksi yang terinspirasi dari gegap gempita ‘election day’ hari ini… 170419 monggo.

*** MENGEJAR AYAH ***

“Naaaak…. Naaak!!!, Kesiniii cepaaat !!!”, Teriakan histeris ibunda dari halaman depan membuat sesaat terhenyak. Tanpa basa-basi, segera diri ini berlari dari dapur melewati tengah rumah dan menuju halaman depan menghampiri Ibunda, “Ada apa Bunda?”

“Cepaat ambil seprei atau selimut atau apapun, dan kejar ayahmu, cepaaaat!!!” Perintah Ibunda dengan wajah yang panik dan pucat bukan lagi sebuah tanya yang perlu tanggapan. Segera baluk kanan ke dalam rumah, ke kamar utama. Ambil seprei dan selimut yang terpasang dan segera menghambur keluar mengejar Ayahanda tercinta.

Di belokan warung Mak Onah, Ayahanda terkejar dan terlihat dalam kondisi memalukan. Tanpa banyak tanya segera didekati dengan tergesa-gesa dan menutupkan selimut serta seprei yang dibawa untuk melindungi aurat Ayahanda. Sayangnya, karena tergesa, tubuh ini malah menubruknya dan kami rubuh bersama menyentuh aspal jalanan, Ayahandaku pingsan.

Beberapa orang yang sedang ngopi di warung Mak Onah menghambur menghampiri kami. Mereka membantu menggotong Ayahanda menuju warung untuk mendapatkan pertolongan pertama.

***

Perlahan-lahan Ayahanda siuman dan terlihat kebingungan. Setelah diberi minum air teh manis sedikit, diriku penasaran dengan kenekatanan Ayahanda ini.

Ayah bingung, tadinya mau ke TPS pake celana panjang takut disangka pendukung pasangan 02, tapi kalaupun bersarung khawatir dianggap pendukung pasangan 01, padahal Ayah sebagai tokoh masyarakat harus netral. Begitupun celana dalam, yang merah dipake, salah. Pake CD putih apalagi, yang hijaupun beresiko, ya sudah Ayah polosan saja”

Diriku dan tetangga yang tadi menolong Ayahanda, hanya bisa tersenyum sambil saling pandang satu sama lain. “Ada-ada saja Ayahanda ini, maksudnya mau netral… eh jadinya malah memalukan.” ***

***

Photo : Menunggu Ayah nyoblos disini / dokpri.

Ini versi bahasa sundanya dengan genre fiksiminisunda, tidak lebih dari 50 kata, silahkannn…..

Fikmin # Ngudag Abah #

“Ujaaang… Ujaaang!!!……..” Sora Ema ngagorowok ti buruan. Uing tibuburanjat muru datangna sora, sieun Ema kumaonam.

“Aya naon Ma?”
“Enggal nyandak simbut atawa sepré jang, susul bapa maneeh, gancaaang!!!” Ema ngagorowok bari rarayna geumpeur tur pias.

Teu seueur tataros, beretek Uing lumpat ka pangkéng. Ngarurud sepré, langsung tibuburanjat kaluar ti bumi. Muru Abah nu ngagidig ka TPS.

Di péngkolan warung Ceu Onah, Abah kasusul. Teu antaparah deui, langsung di gabrug bari ngarurubkeun sepré.

Gubrag!!!, Abah nambru katindihan Uing, Abah kapiuhan. Nu keur ngopi di warung kalaluar, tuluy ngabantuan ngagotong Abah.

***

Dupi Abah téh kunaon, bet ka TPS teu dicawet teu dilancingan?” Uing naros semu bingung.

“Abah ogé bingung Jang, rék di pantalon bisi disangka grup calon ieu, di sasarung bisi disangki grup itu. Cawet beureum lepat, cawet bodas salah. Cawet héjo komo…. nyaa atos wé Abah ka TPSna saaya-aya”

Uing jeung tatangga nu ngariung ukur kapiasem, duh Abah aya-aya waé.

***

Photo : Salam tiga jari / dokpri.

Disclaimer :
Ini hanya cerita reka fiksi belaka, kesamaan nama, tempat dan sebutan, itu hanya kebetulan saja. Wassalam (AKW).

100 Kali – fbs*)

Push up rutin tangtos tiasa.

Photo : ranjang hotel – ilustrasi / dokpri.

*)fbs : fiksimini basa sunda : genre karangan cerita fiksi singkat berbahasa sunda dengan maksimal penulisan 150 kata, sudah merupakan satu jalinan cerita utuh dan diusahakan memberi kejutan / rénjagan di akhir cerita.

*** 100Kali ***

Jang Burhan panggih jeung Jaelani di pos ronda. Uplek nyarita bari biwir mah teu eureun ngenyotan pahpir dieusi bako molé.

“Asa ngabadagan deui mang awak téh?”

“Enya kitu?” Burhan ngajawab bari ningali beuteungna sorangan. Kaciri bungah, kembung di tengah.

“Lain silaing tara poho olahraga, push up téa geuning nu 100 kali sapoé”

Bari nyéréngéh, Burhan ngajawab, “Masih mang. Unggal poé 100 kali. Ngan tisaprak kawin jeung Imas, ukur kuat 5 atawa 10 kali push up sapoé”

Jaelani kerung, “Naha bisa kitu? Dihulag ku jikan?”

Burhan nuluykeun carita, “Jikan mah ngadukung da keur kaséhatan, ngan saeutik bédana.

“Naon tah?”

“Nyaéta mang, karék gé 10 kali push up, jikan nyalukan, tos push upna ulah dihandap kang, hayu teraskeun didieu”

“Teu bisa manggapulia, pindah push upna kana luhur kasur”

“Ah silaing mah, dasar beukian.”

Duanana seuseurian, ngaronda jadi hégar. Cag. (AKW).

Bulan Madu – fbs

Maksadna mah hoyong ngabagjakeun Jikan.

Photo : Parahu di talaga sampireun (mung ilustrasi) / dokpri.

GARUT, akwnulis.com. Ba’da magrib, pagawé hotél nyampeur. Jang Yana jeung jikan dianteur kaluar kamar, mapay lobby hotel, bras kaluar muru tétécéan, kaciri dihandap aya paparahuan tina rakit caraang ku lampu jeung lilin.

“Akang, meuni répot-répot kieu, isin ah”

“Teu kedah isin geulis, ieu téh kanyaah Akang, ayeuna urang parantos sah laki rabi, hayu!”

Tuang wengi di tengah talaga, calik paduduaan dina korsi luhureun rakit, mayunan rupi-rupi tuangeun, romantis.

Karék gé saséndok ngahuapkeun kaviar jeung tiram gold, karasa ngurel, beungeut pias. Kitu ogé Nyi Ratna, biwirna mimiti bareuh tuluy karasa ateul saawak-awak, teu pira ngadahar roti selé kacang, geuning alergi.

Duaan pakupis, Nyi Ratna gégétrét, Jang Yana borolo utah. Reungit jeung bangbung napuk da kapancing caangna lilin di tengah talaga.

Pagawé hotél nu nempokeun ti darmaga, rikat nulungan. Nyusul ka tengah talaga jeung babaturanna.

Peuting harita dibawa ka rumah sakit. Geuning kieu hasil tina diner romantis bulan madu téh. Moal poho saumur-umur. (AKW)

***

*)fbs : fiksimini basa sunda, sebuah genre tulisan fiksi singkat dengan maksimal 150 kata menggunakan bahasa sunda.

Tulisan ini hanya fiksi, photo yang disajikan sebagai ilustrasi saja.

PUNDUNG – fbs*)

Ulah pundungan atuh lurrr….

PASUPATI, akwnulis.com, Saguncluk Méga nempokeun guligah rasa, dibarung hiliwirna Angin isuk-isuk nu mawa béja. Teu pira ukur hiji kalimah, “Mata poé keur pundung, moal waka nyaangan dunya”

“Nu jadi kahariwang, lain aya jeung euweuhna matapoé, tapi nepi ka iraha?” Méga nanya bari dareuda. Angin tungkul ngaheruk.

Nyedek ka beurang, matapoé geuning pengkuh kana pundungna, nyumput di kontrakan ditalimbeng kampuh urut. Dunya poék mongkléng, sakabéh mahluk baringung. Manusa, sawaréh ngadu’a, sésana pésta foya-foya, ceunah ieu ahir hirup di dunya.

Méga jeung Angin satékah polah ngolo Matapoé, tapi mugen teu bisa diajak badami.

“Sia mah égois, tuh ilo, dunya jadi bancang pakewuh, mikir atuh Silaing téh” Mega geus bèak kasabaran, Angin ngilu muncereng.

“Hampura Lur, Uing mah nyumput téh lain egois tapi keur pundung ka manusa”

“Baruk pundung kunaon?” Angin jeung Méga nanya.

“Rék teu pundung kumaha, Uing téh matapoé nu ngawulaan sadunya, ayeuna geuning euweuh pangajén ti sakabéh manusa, kalahka jadi ngaran kadaharan bari disandingkeun jeung sato sapi, nyeri haté Uing mah”

Méga jeung Angin papelong-pelong, tuluy nyéréngéh bari ngimeutan kamar kontrakan nu pinuh ku gambar ‘endog mata sapi.’ (AKW).

Papaés Hirup – fbs

Sumerah rasa bari nyidem rusiah nyata.

fbs*) : fiksimini basa sunda, tulisan fiksi nu paling loba 150 kecap, geus jadi hiji wangun carita.

PURWAKARTA, akwnulis.com, “Jang, wayahna. Kudu nurut, tong loba tatanya!!” Juragan Abdul tatag sasauran. Uju unggeuk bari tungkul. Gigireun kaciri Uwa Lebé beungeutna pias, ogé aya Nyi Sunarti nu keur bureuyeung bulan alaeun, nginghak.

Hiji fragmén hirup nu teu bisa dipopohokeun. Atra tur jéntré, kakawasaan boga andil nangtukeun nasib jelema cacak kuricakan nu teu walakaya.

“Abah teu kénging ngalamun waé, Umar janten sedih” dumareuda sora budak nu geus manjing sawawa, mun seug ningali Uju nu keur ngaheneng hareupeun makam. Lain ku sedih kaleungitan jikan, tapi nahan guligah rasa, nyidem rusiah salila hirup di dunya.

“Hampura Abah, hayu urang du’akeun Ema hidep, bagja di alam kalanggengan” Uju ngajak anakna, mendeko nyanghareup makam Nyi Sunarti, nu maragat nyawa basa ngaborojolkeun Umar.

“Allohummagfirlaha……” geter du’a disampeur seungit samoja. Cinitnit ngelik mapaésan rasa nu nyata. Katumbiri geusan ngajadi, silih élég jeung layung nu geus lila teu ngariung, nguyung. (AKW).

Bedo – fbs

Papagah sepuh nu matak marojéngja.

fbs : fiksimini basa sunda.

JATINANGOR, akwnulis.com. “Wayahna Jang, ayeuna geus manjing mangsa cunduk waktu. Ujang kudu ngilu saémbara keur jadi Senopati di Sumedang larang” Soanten teteg Éyang Patih matak nyeceb kana mamarasna. Aya bagja tapi longkéwang.

Teu aya kecap nu eungab, baham rapet létah jempling. Ngan mastaka unggeuk lalaunan.

“Kunaon Jang, jiga anu teu kahatéan?” Patarosan leuleuy Éyang Patih, asa ngabeledag tarik naker, karaos beuki ngarojok haté nu marojéngja.

“Ulah salempang, sok wé nuturkeun aturanna, Éyang ogé moal cicing”

Jang Markoji beuki tungkul, nepi ka tarang antel kana taneuh, teu wasa nampik pangasih nolak paréntah Éyang Patih. Sanaos teu sapagodos.

“Tapi, tibatan engké saatos diistrénan, codéka ogé euweuh kabisa, mending ayeuna wé wakca balaka” Gerentes haté Ki Sulintang.

Lalaunan ngangkat raray bari teu puguh raraosan, “Euleuh naha paroék, kamana Éyang Patih?” rada reuwas, hemar hemir.

Bulan sapasi ngabegégan, ningali nu keur baringung. Ditinggalkeun sorangan, sabab ngadon kérék basa keur dipapatahan. Éyang Patih bendu pisan. (AKW).