LULUS – fbs

Tulisan singkat fiksi sunda kekinian…

BANDUNG, akwnulis.com. Kali ini kembali menghadirkan tulisan fiksi berbahasa sunda dengan jumlah kata dibawah 150 kata. Klo nggak percaya silahkan saja hitung sendiri. Jikalau lebih, ambil aja kelebihannya hehehehe.

Ide sederhana hadir dari sebuah pengalaman bahwa adaptasi kebiasaan bau eh baru ini memang harus kita hadapi dan jalani.

Termasuk untuk memasuki suatu ruang pertemuan, diperlukan berbagai syarat dan aturan serta pemeriksaan berantai. Tentu itu semua adalah ihtiar memerangi dan meredam penyebaran virus covid19 yang melanda dunia.

Sehingga kita terkadang terlalu fokus dengan syarat masuk dan pemeriksaan tapi lupa lihat tanggalnya kapan. Itulah sekelumit cerita sunda kali ini, silahkan….

***

FIKMIN # LULUS #

Ti mimiti panto gerbang hareup geus karasa pangbagèa meuni loba. Nu geulis imut baru naroskeun aplikasi, jajaka mencrong bisi muka hapèna akon-akon.

Kudu muka kamèra hapè, tuluy moto kotak hideung garis – garis nu disebut barkod. Tah mun lulus, langsung tarang ditodong pèstol bodas keur mastikeun panasna awak urang. Teu hilap nu geulis nyorongkeun hèn-sanitaiser. Asa riweuh tapi nyata.

Asup ka jero, geuning leuwih canggih dipariksana. Rada gancang da ukur mencrong kana kamèra. Tring!, tuluy aya sora, “beungeut gorèng” bari ditambahan dina layar ngajeblag beungeut jeung angka 35,6° celcius.

Mangga Aa, teras kalebet”

Reugreug ayeuna mah tos tiasa lulus tina pamariosan nu lapis lapis, ceunah ieu alpukah pikeun ngalawan si kovid tèa.

Anjog ka acara, naha geuning kosong molongpong.  Lumpat balik deui nepungan neng geulis nu mariksa pamungkas.

Nèng dupi uleman ieu di palih mana?” Bari ngasongkeun seratna.

Leres tempatna di dieu Aa, mung ieu mah enjing kaping 30 Oktober” Curuk bentik nojo kaping.

***

Itulah tulisan singkat sore ini. Selamat Malam, Have a nice weekend. Wassalam (AKW).

#Salamsehat
#Salamtangguh

HUTANG – fbs

Tina hutang jadi nyata.

(Sebuah tulisan singkat berbahasa sunda dalam format fiksimini bahasa sunda -fbs- yang menggunakan batasan 150 kata sudah merupakan satu cerita. Ide awal dari cerita bosque bapak DT dan di ramu dengan frame cerita atau sudut pandang berbeda)

# HUTANG #

Nu nagih hutang murudul ti subuh kènèh, nanyakeun kapastian mayar henteuna.  Sirah jangar, jajantung ratug.

Lain teu hayang mayar, tapi da geus teu boga nanaon. Dilenyepan tèh geus aya sataun jadi wiraswasta. Mimitina ngajualan emas, tuluy tanah warisan, panungtung minggu kamari parabot diimah gè di lègo da diudag-udag waè.

Ayeuna peuting katujuh can bisa sarè, mikiran nasib meuni kieu – kieu teuing. Ngajaran ngabaheum ubar sarè, lima siki.

Èta ngimpi leuwih ti misti, nikmat pisan. Loba duit lubak libuk, ngaleuya di tengah imah jeung minuhan pangkèng ku duit saratus rèbuan. Bakal sèsa sanajan dipakè mayar sakabèh hutang.

Pas beunta, rumpu rampa gigireun, duit tèh euweuh. Keuheul nataku, kudu sarè deui.

Kabeneran aya kènèh ubar keur sarè, diinum deui. Teu lila reup. Ngimpi.

Ngimpina tèh keur ngitung duit gepokan, tapi bari mèncrèt jeung busiat. Bulak balik kajamban.
Teu lila beunta, reuwas kacida. Gigireun jeung handapeun baseuh, bau cubluk. Ngimpi jadi nyata. (AKW).

NGABANGKÈ – fbs

Dari istirahat menjadi kotretan penuh Niat.

CiMaHi, akwnulis.com. Sebuah ide menulis memang hadir sekelebat dan terkadang hilang jika tidak segera ditangkap. Maka cara terbaik adalah segera ikat dengan kata-kata, disulam oleh kalimat hingga hadirkan kemasan yang penuh niat.

Ada lagi, jikalau lebih nyaman menggunakan bahasa ibunda, maka tulislah. Jangan khawatir dengan perbedaan karena rangkaian kata memiliki kekuatan untuk kita terus berkarya.

Jadi, kembali tulisan singkat hadir berbahasa sunda dengan ilustrasi tiduran di lantai luar ruang kerja, tak lupa tetap menggunakan masker sebagai penanda bahwa waspada adalah yang utama.

Cekidot….

FIKMIN # NGABANGKÈ #

Geus dua peuting panon teu manggih peureum, salawasna bolotot ngagawèan urusan dunya nu pinuh ku wates waktu. Cikopi jeung udud teu sirikna piligenti asup kana tikoro jeung liang irung, ihtiar mèh awak jagjag ngagawèkeun sagala urusan bari mondok di kantor.

Ayeuna asup peuting katilu, geuning loba kènèh garapeun. Sirah mimiti lieur bari awak nyèksrèk manasan. Maksakeun balik heula, sugan wè geus panggih mah cageur.

Nepi ka golodog, motor di sarandèkeun. Muka tulak da boga konci sèrep. Bus ka imah, ngagolèdag na korsi panjang, reup sarè.

A gugah, ngalih ka pangkèng kulemna” sora halimpu ngagareuwahkeun. Beunta saharita.

Ningali lalangit naha ènternitna bodas, nempo hordèng beresih jeung jandèla nako makè kaca hias, sareungit deuih. Mencrong ka nu ngahudangkeun. Hareugeueun, “Saha salira?”

Plak!… Pipi katuhu dicabok, panas jeung reuwas. “Akang kunaon, hilap ka Isyeu?”

Masih hareugeueun, “Dimana ieu?”

Buk! Karasa punduk aya nu ngababuk, poèk mongklèng saharita. (AKW).

KA JAKARTA – fbs

Èlèh Uing…..

FIKMIN # KA JAKARTA #

Karèk gè kaluar tol Padalarang, kirining sora hapè Si Asèp. Bari leungeun pakupis nyekel setir, hapè ditapelkeun kana ceuli.

Nembè dugi Padalarang Mah, badè ka jakarta”

Teu lila di tanjakan Cipanas Cianjur, èta hapè ngirining deui.

Di daèrah Cipanas Mah”

Kring…!!

Katilu di tol Jagorawi, “Nembè lebet ka Jagorawi Mah”

Sèp sia mah dijajah pisan ku jikan tèh, pan geus bèbèja lin, ka Jakarta jeung uing nèang proyèk muru rejeki?”

Asèp ukur nyèrèngèh.

‘Kring kring kring!!’
Rikat hapè diangkat ku si Asep, “Muhun mah, kaleresan tos di Grogol, katawisna sakedap deui dugi”

Uing ngagakgak, nikmat nyeungseurikeun sohib nu kasiksa ku kalakuan jikanna. Aslina karunya.

Deudeuh teuing Sèp, awak gagah banda loba, geuning dijajah pisan ku jikan, teu sirikna unggal jam di telepon. Teu rieut maneh?”

Asep ngan nyèrèngèh, “Ah henteu da èta tèh bentèn-bentèn Ang”

“Hah?” Uing curinghak, olohok. (AKW)

Fiksimini Basa Sunda

Tulisan singkat berbahasa sunda dengan maksimal 150 kata sudah membangun satu cerita.

BEBEJA – fbs

Dongèng kiwari – Bèbèja – carita fiksi.

FIKMIN # BÈBÈJA #

Teu karasa ngawangkong tèh geus manjing ka sorè. Silih tèmbal ngobrolkeun kahayang, tapi tungtungna kalah ka ngobrolkeun kuwu nu dianggap rada teu sajalur kana kawijakannana.

Nu tarik nyarios tèh Wa Oji, salah sahiji Kadus. Meuni jiga nu ngèwa ka kuwu tèh. Aki Haji Sanusi ogè pupuhu karang taruna ngawitan kapangaruhan. Ngawangkong beuki maceuh, tapi janten sapertos badè nyokèl kalungguhan Kuwu.

Uing mah anak bawang, ukur olohok wè bari sakali-kali ngilu seuri. Leungeun mah nyoo hapè, ngabèjaan ka Wa Udan.

Èh Pak Danramil, mangga linggih” Wa Oji jeung nu ngawangkong eureun ngobrolna, rareuwaseun.

Kaleresan ngalangkung ieu mah, mung ningal meuni resep ngariung raramèan”

Ah henteu Komandan, mung ngawangkong ngalèr ngidul wè” Wa Oji mairan.

Sok lajengkeun, mung titipnya. Ayeuna mah urang kedah guyub dina mayunan cocobi dunya ku nerekabna virus covid-19. Ulah ngabahas urusan suksèsi, engkè gè aya mangsana”

Sumuhuun Komandan” sadayana ngawaler bari silih kiceupan. (AKW)

TEU BATAL – fbs

Asa teu pira tapi nyata.

Gambar : Ilustrasi, Mushola kecil di Los Cilanang / dokang.

BANDUNG, akwnulis.com. Tulisan rutin, minimal seminggu sekali. Tulisan singkat mengarang bebas dalam bahasa sunda dengan batas maksimal 150 kata sudah membangun sebuah cerita.

Yuk ah kita buat, sambil belajar bahasa ibu sekaligus menjadi setetes semangat untuk menyegarkan pelestarian bahasa sunda.

Silahkan….

Fikmin # TEU BATAL #

Solat magrib nincak rokaat kadua, meuni halimpu surat Tabarok dilagukeun bayati. Jadi asa keur di Mekah diimaman Imam Syudais.

‘Brottt!’ Hitut badag ngagareuwahkeun, leungit saharita kaayaan di Mekah diganti ku tajug leutik rada nyanggèyèng di sisi sungapan Sindangsari.

Nyel ambek, ningali nu boga laku mah anteng wè nuluykeun solat. Ngadon sujud, atahiyat awal tuluy nangtung deui rokaat ahir. “Tungguan siah geus solat” galècok hatè ngaruksak pahala.

Salam pamungkas geus bèrès, budak tèh tuluy ngadu’a. Pas beres ‘amin’, teu antaparah deui, didudut ka tukang.

Silaing kadieu, aya balitungan yeuh”
Budak sepa reuwas taya papadana. Nuturkeun bari murungkut.

Silaing apal bagbagan agama?”
Budak tèh tungkul, teu lemek teu nyarèk.

Apal teu mun hitut keur solat, èta hukumna batal?” Sora beuki narikan.

Budak nu keur tungkul lalaunan tanggah, bari tatag ngajawab, “Uing mah teu rumasa batal, da tadi teu wudhu”

***

Terima kasih atas atensi dan kebersamaannya. Jikalau tidak mengerti artinya, silahkan ngacung.. eh acungkan tangan. Wassalam (AKW).

TEPANG DINA LIFT – fbs

Sebuah cerita, singkat tapi mungkin bermakna. berbahasa sunda.

CIMAHI, akwnulis.com. Selamat pagi semua, ini saatnya menulis kembali sebuah cerita fiksimini singkat berbahasa sunda. Tentu hanya fiksi alias rekaan tapi mungkin saja terjadi.

Selamat membaca…

***

Fikmin # TEPANG DINA LIFT #

Lebet kana lift di hotel ……….Jakarta, karaos lalega tur modèrn. Pas badè nutup pantona, aya nu ngiringan ogè. Hiji wanoja rancunit nganggè span rok pondok nyolèndang tas.

Kulem didieu aa?” Pertarosan nu matak ngarènjag.

Sumuhun, dupi Ètèh ogè sami?” Nyobi ngawaler sanaos rada geumpeur, kumargi ieu pangalaman munggaran ameungan ka jakarta. Pèdah wè bapak Bupati nyuhunkeun disarengan.

“Henteu aa, simkuring kaleresan nuju aya padamelan”

Ohh sumuhun”

Bilih engkin badè kontak, tabuh 8 wengi mah rinèh”, saur èta wanoja bari ngasongkeun kartu namina. Uing rikat nampi, bagja.

Saatos bèbèrès bahan sambutan, lungsur ka lobby nepangan Bapak Bupati. Katingal nuju ngaleueut kopi di cafe hotèl.

Langsung laporan padamelan ditambih perkawis tètèh geulis dina lift tadi. Teu hilap kartu namina didugikeun ka bapak bupati.

Bupati muncereng bari ngadegungkeun tarang, “Kuper sia mah ajudan tèh, nu kitu tèh Ungkluk!!”

Uing tungkul, reuwas tur èra. Untung teu acan dikontak kanggè manjangkeun silaturahmi.

***

Terima kasih, nantikan penjelasan lebih lengkap dalam bahasa indonesia di channel youtube  : @andrie kw dengan keyword : fbs, fikmin,fiksimini. Wassalam (AKW).

NGAGELENYU – fbs

Ngotret yuk ah, basa sunda.

FIKMIN # IMUT NGAGELENYU #

Photo : Mung Ilustrasi / doklang.

Teu pira ukur imut ngagelenyu basa ibu guru muji, pèdah tiasa ngawaler pertarosan anjeuna kalawan tatag tur bèntès. Naha kalah ka dibangkenuan ku bèbènè. Ngabigeu pas ditaros basa jam istirahat.

Kunaon geulis, naha manyun waè geuning!?”

Teuing ah!” Panangan dikèpèskeun, bari ngajèngkat.

Nya tibatan janten rudet, atos wè uih deui ka kelas. Mukaan buku agènda bari èmutan muter teu puguh rasa. Nyobian kutrat kotrèt.

Nuju naon Man, meuni rajin jam istirahat di kelas?” Soanten halimpu ibu guru  aya dipayuneun.

“Euh… ieu bu, …euh kaleresan aya tugas nu teu acan dirèngsèkeun”

Ulah ngabohong, ibu gè ningal naon nu diserat ku Lukman”

Gebeg tèh, langsung panangan nungkup seratan dina agenda. Damis asa panas, mastaka ngadadak rieut. Sumawonna jajantung asa teu puguh.

Ari pèk tèh kalah katodèl, buku agènda murag paburantak. Ibu guru cingogo ningali seratan, teras imut ngagelenyu. Breh judul fikmin dina agènda, -Guru Geulis vs Bèbènè-. (AKW).

***

Fbs : Fiksiminibasasunda sebuah tulisan fiksi singkat berbahasa sunda.

NGÈCÈNG – fbs

Konsèntrasi tur tarapti.

BANDUNG, akwnulis.com. Sabot keur solat tarawèh, uteuk mah geus ngacacang, mikiran kumaha carana peuting ieu bisa nyeungeut petasan nu bisa ngabelesat muru jelema nu ngaliwat ka deukeut tangkal kiara badag.

“Assalamualaikum… ” Sora imam salam ka katuhu dina rokaat ka 20. Langkung ngusap beungeut, ngolèsèd kaluar masjid. Keun witir mah di imah, ieu sirah loba rencana.

Leumpang gancang bari mawa genep siki petasan beubeuritan. Nu bisa ngabelesur sabada dihurungkeun sumbu acirna, meulah lembur muru ka tangkal kiara.

Geus merenah dina rungkun deukeut tangkal kiara nu gedè, tinggal nungguan nu marulang solat witir ti masjid. Lolobana bakal ngaliwat ka dinya.

Pas ngaringkang aya tiluan diharudum sarung, langsung ngècèng, petasan di paskeun. Cekes!… Sruttttt….. petasan ngabelesur… lempeng sakumaha itungan, blus pisan kana sarung.

Darrr!!… sarung hurung, tiluan reuwas saharita. Saurang leuleus kapaèhan, nu duaan tigujubar ka balong.

Misi 1 kumplit, catet dina buku leutik. Ngalèos. (AKW).

***

Fbs : fiksimini basa sunda, sebuah tulisan fiksi berbahasa sunda dengan jumlah maksimal 150 kata, sudah membangun sebuah cerita.

DIPAIDO – fbs

Asa kacida…

Fikmin : DIPAIDO

Ilustrasi : lagi sibuk mah / dokpri

Jempol mencèt layar bray tulisan, ‘Naha artos sasihan dina amplop tos sèèp, mèsèr naon waè sasih ieu, meuni teu wawartos!!’

Nyel tèh ambek, asa dipaido tingkat nasional. Padahal geus bèak dèngkak minuhan sagala rupa kabutuhan rumah tangga sakumaha kawajiban salaki.

Gawè jadi teu puguh, hayang geura balik, hayang ngadat, asa teungteuingeun. Teu loba carita, gancang bèbèrès, clak kana motor, biur.

Nepi ka imah, Jikan somèah sakumaha ilaharna. Barudak rèang, komo si bungsu mah, ogo pisan. Teu lila, adzan magrib. Ngariung di tengah imah, buka puasa sakulawarga.

Kaambek rada rerep sanajan rada mentegeg. Ba’da buka puasa nyarios ka Jikan, “Mah, bapak bade ngobrol perkawis anggaran nu tadi di WA ku mamah”

Mangga Pah, mamah naros tèh. Bilih kirang, tiasa dibantos ku Mamah. Kaleresan tadi siang kènging honor nyerat tina majalah sareng tabloid plus arisan ibu-ibu komplèk”

Kaambek leungit saharita, èra nu aya. Layung peuting imut maturan kabungah rasa. Nuhun geulis.

***

Fiksimini Basa Sunda (fbs) sebuah genre penulisan fiksi super singkat maksimum 150 kata, sudah membangun sebuah cerita.