Di buruan – fbs

Sugan tèh kitu, ari pèk…

FIKMIN # DI BURUAN #


Bapak punten widi badè ka Solo heula ngalongok pun anak, kaleresan tugas jagi posko di Semarang nuju off”
“Sok atuh, kadè uihna ulah telat”
“Hatur nuhun”

Biur nyetiran ambulan di baturan si Jae. “Sugan wè aya tol goib nya, jadi bisa sakilat nepi ka Solo tèh”

Tong saomong-omongna Mang, Pamali” Jae mairan.

Uing tonggoy nyupiran nempo jalan. MImiti asup kana gerbang tol tapi asa cakueum. Asa jempling. Gas ditincak, mobil ngagaur tapi teu narikan. Diangkat gas tèh, angger mobil ngoloyong.

Jaè asa keueung nya” Uing ngomong bari ngalieuk ka manèhna. Gebeg tèh, beungeutna pias mencrong kosong, teu ngceup. Bulu bitis nepika bulu kumuut muriding “Naha bet kieu”

Inget kana ajaran Mama AjenganTonjong, lafalkeun ayat kursi, “Allohulailaha illa huwal hayyul qoyumm….”

Burinyay,. Bray jalan caang hareupeun. Tapi lain jalan tol nu ka Solo. Tapi keur ngajengjen parkir di buruan Lawang Sewu Semarang. Cag.

HAYANG GANCANG – fbs

Hayang gancang jadi ènggal.

Meluncur / Dokpri.

CIREBON, akwnulis.com. Setelah tuntas menghitung jumlah totol yang ada di tubuh rusa dan menikmati seduhan kopi tapi bentuknya teh celup seperti pada tulisan NGOPI rasa NGETEH. Maka sambil bergerak menyusuri jalan tol Cipali, jemari menari untuk menulis sebuah cerita singkat berbahasa sunda, fikmin Sunda.

Silahkan…

FIKMIN # HAYANG GANCANG #

Bada magrib ti Sumedang numpak si kukut, Honda win100. Ngaliwatan cadas pangeran mimiti pras pris, patalimarga lancar jadi bisa kekebutan. Asup ka wewengkon Tanjungsari ngarandeg, motor dilaunan.

Maju saeutik tapi mobil jeung motor ngahunted, eureun. Hatè mimiti ratug, sieun teu kaudag jadwal ‘night dinner‘ jeung bèbènè. Mangkaning geus omat-omagan, “Datang telat deui, pegat.”

Ngahuleng bari ningalikeun jalan nu pinuh ku mobil jeung motor. Keur kitu aya sora ambulan,
Ngiung… ngiung.. ngiung.. ngiung.”

Teu loba carita, langsung taki-taki rèk ngilu tukangeun ambulan.

Teu lila ambulan datang, uing sayaga. Ambulan ngaliwat, honda win100 asup tukangeunnana. Ngilu rombongan.

Ambulan tarik lumpatna nepika honda win100 gogoakan bèakeun tanaga. Tapi teu bisa ujug-ujug eureun misahkeun manèh tina rombongan da geuning ambulan tèh konvoi kana tiluna. Jadi tukangeun motor aya 2 ambulan deui. Paingan sora sirineuna loba.

Ngerèm teu bisa bisi katubruk, ukur bisa ngagas wè sakuat tanaga, ngungudag ambulan. Hatè beuki ratug sieun cilaka.

Cag.

***

Begitulah coretan kata kali ini, agak pusing juga ngetik di handphone sambil mobil bergerak cepat. Udah ah ngetiknya. Hatur nuhun, Wassalam (AKW).