SI SAYAH – fbs

Tah ieu jieunan Si Sayah.

FIKMIN # SAYAH #

Tah nu nyieun masjid tèh sayah” gorowok pak haji kopèah hideung. Mustami nu lian melong bari nyengir. Uing gè hare – harè wè, sanajan na jero hatè norowèco, “Asa ngiluan nyumbang sanajan teu sabaraha”

Isukna ngiluan gempungan di kantor dèsa ngabahas aplikasi keur perangkat desa. Narsumnya ngomong, “Ini saya yang buatnya, ideu sayah”

Nongton tèlèvisi loba ogè nu ngaku, ‘Hasil sayah ini teh” “Mun euweuh sayah mah moal jadi yeuh” “ku saya wè sorangan ngabiayaanna” sumawonna radio miwah medsos mah, pabalatak kecap sayah tèh.

Tungtungna mah bakatingku teu kuat loba pisan nu ngaku karya sorangan, hasil sorangan bari ngaku jieunan sayah. Kapancing ogè si sayah, buru – buru muka hapè tulas tulis kecap jeung kalimah. Teu kudu lila ngajenglèng tulisan 150 kecap nu buatan sayah. Tapi masih aya nu kudu di ropèa, benerkeun heula. Geus yakin mah tulisan jieunan sayah tèh diapungkeun bari ngagorowok, “Tah ieu buatan sayaaaah.” (AKW).

SALAH MILIH – fbs

Kedah taliti milihan tèh..

Fikmin # LEPAT MILIH #

Monster uteuk keur ngaheneng nyarandè dina tangkal kiara badag. Nyangsaya bari ngalèhlèh. Babaturanna ngaliwat, nempo nu keur nyarandè, ngarandeg ngadeukeutan.
“Manèh kunaon mon, jika nu leuleus kitu?”
Teuing atuh euy, padahal asa euweuh nu salah ti isuk – isuk tèh. Geus saluyu jeung papagon”

Babaturan monster uteuk nu ngaranna Monsèp alias monster kasèp karunyaeun, “Geus manggih uteuk poè ieu Mon?”

Puguh wè monsèp,  geus tilu sirah di suruput ti tadi isuk”
Euleuh geuning, cukup atuh”

Monster uteuk nuluykeun, “Ngan pas nyuruput uteuk nu katilu, asa bèda. Boa – boa èta nya? Nu matak laleuleus tèh.”

Tah tah tah, saha ngaran jelemana nu disuruput tèh?”

Poho euy, tapi lemburna mah di tutugan leuwi larangan, nu panonna bolotot rada gembil”

Monsèp ujug – ujug ngagakgak nepi kagugulitikan, “Hahaha pasti nyuruput sirah Si Èho”

Jelema èta mah teu boga uteuk, lèho kabèh saawak-awak, heu heu heu heu!”.

Monster uteuk ngaheunggeu tuluy kapiuhan. (AKW).

BORANGAN – fbs

Wios borangan ge ah.

BANDUNG, akwnulis.com. Alhamdulillah akhirnya bisa kembali menuangkan kata menjadi cerita meskipun sedikit terbata – bata karena berbagai alasan yang nyata tapi inilah hasilnya.

FIKMIN # BORANGAN #


Tos lami teu liar wengi jalaran rumaos yuswa beuki nambihan. Tangtos nu utami ngiatkeun niat ngempelkeun bekel pikeun jaganing di ahérat. Supados lungsur langsar dina enggoning kekempel bekel téh ayeuna mah ka masigit langkung remen sanaos teu lima waktos. Netepan lohor nu tara kalangkung mah, margi moal sieun ngadadak janten imam. Cekap ku modal Allohuakbar tur samialloh, tiasa lancar ngaimaman.


Wengi ieu kapaksa kedah nyarengan dunungan, calik dina korsi nu teu patos caang. Saurna téh, “Réncangan sakedap nya Bah, ulah kamamana, calik waé bari ngaleueut.”


Mung unggeuk nu tiasa kapihatur, padahal dada ngaguruh haté tagiwur. Ningali barudak beunceuh bobolékakan ngalangkung payuneun raray. Kirang bahan, kaluhur kahandap. “Astagfirullohal adzim” mung istigfar nu teu liren di dawamkeun.


Om ikut duduk ya bentar” ujug – ujug soanten halimpu kadangu, bréh dipayuneun aya bidadari sampulur tur rancunit. Soca olohok raga teu walakaya. Sieun nu teu aya papadana, sieun nyaah sapertos baheula nu tungtungna janten sangsara. (AKW).

DIGABRUG [Pulisi] – fbs

Kajantenan teu disangki-sangki (kejadian mendadak)

Ilustrasi by canva – akw

Bojonghaleuang, akwnulis.com. Semilir angin pagi menemani diri untuk kembali menuangkan kata dalam sebuah cerita sederhana tapi tetap berusaha membuatnya dalam genre bahasa sunda.

Ide dasar cerita hadir dari sebuah perbincangan santai ayahanda tercinta yang selalu memiliki cerita – cerita kehidupan yang menggemaskan. Salah satunya yang tertuang dalam tulisan sunda dibawah ini.

Sebagai disclaimer tentu perlu disampaikan bahwa tulisan sunda ini bergenre fiksi atau cerita rekaan. Meskipun mungkin in-line dengan keadaan atau kejadian sehari-hari tetapi penulis bisa mengklaim bahwa cerita yang hadir 60% kisah nyata dan sisanya adalah cerita rekaan semata.

Jadi terkait pembaca mempercayai kejadian dalam cerita ini, itu silahkan karena memang seolah umum terjadi. Kalaupun tidak percaya juga tidak apa – apa. Hal terpenting adalah pembaca bisa menikmatinya dan sedikit tersenyum dalam hitungan 1 – 2 menit saja karena tulisannya dibawah 150 kata. Nggak percaya? hitung saja.

Inilah ceritanya :



***

Fikmin  # DIGABRUG #

Keur leumpang mapay jalan gedè, peuntaseun masjid kacamatan. Kaciri dihareupeun aya pulisi numpak motor. Gebeg, inget kamari nyingcet di Cililin, pas keur pamariksaan SIM. Mèngkol ka kebon da rumasa SIM bèak, kaliwat dua warsih.

Pèk tèh nyaan, èta pulisi motorna ngadeukeutan. Bari mencrong. Duh dada beuki ratug. Beungeutna beuki ècès kaciri, enya pulisi nu kamari.

Reg motor hareupeun. Pulisi muka hèlm bari nanya, “Pak Umar?”

Uing calangap bari lalaunan unggeuk. Ujug – ujug ngagabrug pulisi tèh. Teu bisa walakaya. Geus kabayang pasti leungeunna mawa bangkol. Jiga wè nu akrab ngagabrug padahal rèk nèwak.

Pas geus pageuh nangkeup, pulisi nanya deui, “Pak Umar?”
“Mmuu.. hunn”

Alhamdulillah bapak, ieu Jaè. Murid bapak kapungkur nu bangor tèa. Tos janten pulisi ayeuna mah”

Bray rarasaan caang, kasieun ngilang. Geuning lain pèdah SIM bèak ieu mah. Alhamdulillah. Ditangkeup tipepereket pulisi tèh. Bagja.

***

Itulah cerita singkat berbahasa sunda kali ini. Salam literasi sederhana, salam konsistensi. Menulislah meskipun hanya 5 paragraf saja, tapi sudah menjadi sebuah jalinan cerita dalam fragmen kehidupan kita. Wassalam (AKW).

GEDONG SIGRONG – fbs

Seratan pondok namung nyogok… Buuum.

GARUT, akwnulis.com. Selamat pagi dan salam optimisme. Saatnya kembali menulis meskipun hanya sebatas fiksi. Tapi jangan salah, hadirnyabtulisan fiksi sangat banyak diawali dari inspirasi kisah nyata yang terjadi. Inilah tulisannya :

FIKMIN # DI GEDONG SIGRONG #

Amengan ka bumina kanjeng dalem diajak ku rèrèncangan, meuni atoh pisan. Tiasa nincak gedong sigrong. Ngawitan di payun bumi tos katawis korsi jati kelir bodas. Lebet panto kahiji, kènca katuhu korsi jati deui tapi warna beureum ambucuy. Pikabetaheun. Sumawonna di rohangan lebet.

Kanjeng dalem meuni darèhdèh tur akuan, padahal mung diajak rèrèncangan. Tuang siang sasarengan. Sangu liwet kastrol, daging hayam, hurang ageung, cumi, guramè beuleum, sambel jahè teu hilap kurupuk rangu.

Kanggè panutup tuang disuguhan durèn nu pulen tur seungit dilajengkeun buah cempedak, kopi hideung ditutup ku rujak . Nikmat ngaemamna namung bunghak saatosna.

Ningal nu èlèkèsèkèng, Kanjeng Dalem surti, “Bilih badè gogolèran atanapi ka jamban, anggo waè kamar nu payun. Kosong da”

Hatur nuhun pangersa”

Beretek tèh duaan muru jamban. Alhamdulillah simkuring mayunan. Porosot, gèk. ‘Buuuuuuumm‘ sora di jamban handaruan. Rèrèncangan ngajengkang nangkarak bengkang. Gedong sigrong inggeung. Bau hangit durèn, cempedak, kopi sareng rujak bebek kaambeu sakuriling bungking.

***

Terima kasih kepada yang berkenan membacanya, tentunya hanya butuh satu hingga dua menit saja untuk menuntaskan 150 kata. Sebuah literasi sederhana meskipun ternyata jika dibangun dengan konsistensi bisa berdampak nyata. Selamat beraktifitas kawan, Wassalam (AKW).

KONGKUR – fbs

Terpaksa melanggar demi tujuan kebaikan…

BOJONGHALEUANG, akwnulis.com. Dari fase ngabeubeurang (beurang = siang) menuju fase ngabuburit (burit = sore) pada hari libur memang harus pintar memanage waktu, apalagi di bulan ramadhan ini. Bawaanya yang aman adalah tidur seperti lagu,

Ramadhan Tibra
Ramadhan Tibra
Tibra tibra ramadhan……’

Kalau pendekatan religi maka bertadarus atau melanjutkan hafalan surat – surat pendek dalam. Alquran. Tapi jikalau memilih jalan tengah, maka menulislah. Ini dia…..

***

FIKMIN # KONGKUR #

Keuheul ningali nu kongkur ampir unggal poè. Nu jadi lantaran mah lain teu panuju ka tukang nguseup tèh. Ari judulna ngabuburit nungguan adzan magrib, ngan nyekel jeujeurna bari udud. Ngelepus bari gogonjakan, padahal kobong tèh gigireun. Aranteng wè diparelongkeun ku santri.

Babaturan tingkuciwes, tapi pas wawartos ka Ama haji tèh mung diwaler, “Cing salabar, keun janten pertangelwaleran aranjeuna ka Gusti Alloh”

Uing ogè keuheul tapi inget papagah Ama Haji, ditahan wè. Dinten ka 16 romadhon mah ngududna ditambih nyandak bekel sangu bungkus, ngadon botram.

Lodong badag congona lempeng ka balong, karbit sakilo jeung minyak tanah tos ngagolak dijerona.

Punten Ama, Uing teu tumut kedah sabar tèh”

Lodong diseungeut, DHUAAAAAR….. bumi inggeung, nu kongkur becir, aya ogè nu ngajengkang kapiuhan. Joran paburantak. Lauk ngarajleng rareuwaseun. Balong bedah saat saharita.

Alhamdulillah ti harita teu aya deui kongkur jeung botram di bulan ramadhan. Cag.

***

Demikian celoteh singkat suasana ramadhan masa kecilku di kampung halaman. Selamat melanjutkan fase ngabuburit menjadi fase berbuka puasa. Wassalam (AKW).

DITALIAN – fbs

Sedikit kisah di bulan Ramadhan.

BANDUNG, akwnulis.com.  Suasana rapat di bulan ramadhan terasa begitu menenangkan hingga perlahan tapi pasti kepala tertunduk dan mata tertutup. Maka cara terbaik adalah lawanlah dengan sekuat tenaga dan alihkan dengan aktifitas yang membuat kita terjaga tapi tetap tegak di tempat acara.

Nah dikala waktunya ishoma, shalat menjadi utama selanjutnya masih ada jeda waktu tersisa maka sempatkanlah menulis sesuatu yang singkat tapi bermakna. Karena ini bulan puasa maka tulisan ringan tentang aktifitas di bulan ramadhan menjadi satu pilihan. Tentu tetap setia dengan tulisan genre fiksi berbahasa sunda.

Silahkan…

***

FIKMIN # DITALIAN #

Allohuakbar Alllloooohuakbar.. Laa ilaa haillallah” Adzan isya karèk lekasan, tapi di luar masjid asa ramè loba jelema. Uing panasaran, ngolèsèd nempo kaluar. Geuning ngagimbung santri kobong jeung pengasuhna.

Geus deukeut kareungeu Ustad saepul ngagorowok, “Ayeuna solat isya jeung tarawèh berjamaah heula, kin kakara urang nguriling neangan Jang Usman”
“Mangga Ama” rèang saur manuk.

Uing ngadeukeutan si Jae, “Jang Usman kunaon?”

Leungit a ti bada asar”

Gebeg tèh, geuning Usman babaturan Uing nu rèk ditèangan. Padahal tadi beurang panggih, ngadongèng rèk nyingsieunan nu balik tarawèh ceunah.

Wanci janari babaturan tèh karèk kapanggih. Di deukeut makam, ngagoler bari awakna dibakutet ku tali rapia jeung tambang, teu bisa ngomong da bahamna pinuh ku lamak.

Buru – buru ditarulungan, sabot awakna diangkat aya lamak bodas murag, kaciri aya tulisan, ‘Salila bulan puasa sètan ditalian, tertanda PERJULECI (Persatuan jurig legok cipo).

***

Disclaimer : Tulisan ini hanya fiksi belaka, bagi yang tidak puas silahkan isi di kolom komentar atau japri, DM dan kirim email kepada penulis. Karena penulis bukan pemuas. Terima kasih, Wassalam (AKW).

TEU SARUA – fbs

Kotrètan basa sunda dina bulan ramadhan 1445 H

FIKMIN # TEU SARUA #

Teu karasa bulan puasa geus nincak poè ka tilu belas. Asa cikènèh aduregeng urusan hilal, iraha rèk mimiti puasa. Tatangga sabeulah keukeuh poè senèn, tatangga nu di tonggoh yakin pisan mimiti poè salasa. Duanana mamawa toropong toong nu ceunah canggih jeung marahal.

Uing mah rumasa teu boga kamampuh keur meuli alat noongna, tapi ngilu pusing da ngadèngèkeun èta tatangga parèa-rèa omong.  Sabab ceunah ceuk panoongan sèwang-sèwangan teu sarua. Tungtungna diajar rada badeg wè. Geus ah antepkeun, kalieur-lieur. Pan aya pamarèntah nu boga kawasa pikeun mastikeun iraha mimitina.

Pas balik tarawèh, kareungeu nu keur guntreng gigireun masigit.

“Ji, tong bèda waè atuh, geus ayeuna mah urang sarua wè nangtukeun poè lebaran”

“Teu bisa Mang, ieu geus yakin. Toropongna gè pangmahalna, moal aya nu boga deui di kampung ieu”

Uing ngahuleng, duanana keukeuh peuteukeuh. Antukna ger pasèa, bukbek tukeuran peureup.

Barudak nu rèk perang sarung areureun, olohok ningali kolotna keur tanding. (AKW)

VIP dikawal – fbs

Sungguh nikmat jadi VIP..

CILEDUG, akwnulis.com. Pagi ini sudah berada di ujung Kabupaten Cirebon. Sambil menunggu mentari hadir menyinari bumi maka sebuah tulisan singkat berbahasa sunda menjadi teman sejati dalam memaknai kehidupan yang penuh suka duka.

Masih setia dengan genre fiksimini berbahasa sunda dengan batasan maksimal 150 kata. Inilah cerita fiksi singkatnya :

Fikmin # VIP dikawal #

Calik dina jok asa lènglang, ningal kaluar meuni bèngras. Di pengker kaca, kènca katuhu sumawonna, meuni raos ningal patalimarga ogè èndahna alam nu kalangkungan ku mobil ieu.
Tangtosna syukuran pisan dipasihan rejeki nu teu pameng janten karaos nikmat salami diperjalanan.

Katambih deui, ningal ka payun langkung reugreug. Nu nyupiran dipayun tapis pisan mungkal mengkolkeun setir teu matak janten olab, disapalihna ngarèncangan bodyguard.

Bagja tinekenan, Jikan payuneun teu welèh marahmay bari soca mah ningal kaluar, asa èndah hirup tèh.

Nuhun Aa tos ngajakan amengan numpak mobil VIP. Caraang ogè dikawal bodyguard”
“Sami-sami geulis”

Mobil nyemprung nanjak pungkal pèngkol, mapay jalan ka Situ Cileunca. Kènca katuhu tutuwuhan harèjo, pepedut masih anteng nyarengan, asa jaman bobogohan.
Anjog ka sisi situ, mobil nyisi milari parkir, liren. Bodyguard nu duaan rikat ngalungsurkeun cacandakan.

Hatur nuhun parantos dijajap, engkè siang dijemput deui nya”
“Sami-sami” Waler supir angkot sareng baladna.

***

Demikian tulisan singkatku kali ini, selamat berkarya dan selamat beraktifitas, tetap semangat. Wassalam (AKW).

Numpak WHOOSH – fbs

Tos kedahna kitu, kumaha deui nya.

BATUJAJAR, akwnulis.com.  Seiring sore menjelang selaras dengan asa yang kembali ingin berbagi cerita. Tentu disampaikan juga bahwa tulisan singkat ini berbahasa sunda.

(DISCLAIMER) Tulisan ini hanya cerita fiksi atau rekaan saja tetapi ide awalnya memang dari pengalaman di dunia nyata.

Inilah ceritanya : …..

Fikmin # Numpak WHOOSH #

Haté keur bungah sabab diajak dunungan numpak Whoosh ka Jakarta. Asup ka stasiunna caraang harèrang lalega. Komo basa naèk ka lantèy 2, gok tèh hareupeun. Karèta Whoosh kelir bodas hawuk jeung beureum. Alhamdulillah.

Petugas somèah ngabèjaan kudu diuk dina gerbong nu mana. Gèk diuk, nikmat pisan. Ngan hanjakal beuteung ujug-ujug ngusial. Tapi da reugreug, pasti aya wèsè dina karèta.

Teu lila Whoosh maju, beuteung beuki ngusial. Lalaunan nantung bari muru ka panto nu muka otomatis. Wèsèna kosong, langsung asup. Kaambeu sareungit, ngeunaheun, porosot calana, gèk nagog.

Keur anteng ngaluarkeun eusi beuteung, karasa asa eureun karèta tèh. Panasaran muka tulak nempo kaluar. Gebeg tèh. Penumpang keur tarurun, “Euleuh naha?”

Teu loba carita, calana diangsrodkeun. Muru lawang kaluar. Teu sirikna ngajleng. 10 detik tiharita karèta maju deui, da ukur eureun 2 menit di stasiun Padalarang.

Nyaan Whoosh tèh karèta cepat, karèk nagog geus nepi” Uing gogodèg bari nempokeun leungeun nu ramètèk.

***

Itulah cerita singkatnya, seperti biasa jika terjadi ketidakmengertian arti dan pemahaman maka tinggal acungkan tangan ataupun tulis di kolom komentar. Bisa juga dengan DM dan japri via whatsapps. Hatur nuhun, Wassalam (AKW).