BOJONGHALEUANG, akwnulis.com. Jang Kohir anjog ka hiji landeuh. Karèk gè nincak handapeun gapura ‘Wilujeng Sumping’, langsung kaambeu seungitna rasa nu geus wanoh jeung hatè tur dalit sareng pangambung. Sanès ku seungit wungkul, namung nenangkeun manah  nu keur guligah.

Narik rènghap panjang bari peureum, nikmat kacida. Selesep hawa surgawi minuhan rohang dada nu keur gudawang kuciwa. Lalaunan ngahaneutan kana kekemplong, peujit tur angen. Teu lami raray ngiringan ngahaneutan dugi kana ubun-ubun.

Rasa kuciwa margi kajantenan dinten kamari lalaunan hilap, kagentosan ku rasa tengtrem nu pageuh minuhan manah.

Lalaunan renghap dileupaskeun, soca beunta ningal kaayaan. Ya Allah nu murbèng alam, hookeun ningali ngèntèpna kios aralit tapi camperenik. Ngajajar nèmbongkeun kaseungit sèwang-sèwangan.

Lèngkah langkung ènggal, hoyong geura dugi tur nyeuseup seungitna kahirupan.

Mojang geulis sampulur omyang ngabagèakeun, matak ngadegdeg da sieun nyaah. “Mangga kang, aya arabica, robusta tur liberica, bade milih nu mana?”

Teu aya kecap nu janten waleran, ukur calangap bati kabita. Wilujeng ngopi lur. (AKW).

4 responses to “TENGTREM – fbs”

  1. Aan Suherman Avatar
    Aan Suherman

    “Mangga kang, aya arabica, robusta tur liberica, bade milih nu mana?”… Bade milih Teteh na…manawi can aya nu kagungan….he he

  2. irwan.singwalagri Avatar

    jang kohir ati2 di jalan…. 😁

  3. Ayi Avatar
    Ayi

    “Matak gadegdeg da sieun nyaah” padahal eta nu kedah timbul, rasa nyaah ka papada jalmi supados urang di pikanyaah ku anu aya di langit. Sanes kito Bosquh😁

  4. annrose Avatar
    annrose

    Kabita kopina🤭kabayang seungitna👍👍

Leave a Reply

Saya AKW

Foto profil AKW

Andrie Kustria Wardana, penikmat Kohitala (kopi hitam tanpa gula), penulis fiksimini basa Sunda, pencinta kucing, dan pejalan kaki minimal 6 ribu langkah sehari. Di sini saya mencatat perjalanan, secangkir demi secangkir, kata demi kata. Semoga ada senyum kecil setelah membacanya.