BANDUNG, akwnulis.com. Tadina teu aya èmutan nanaon, basa bèbèrès di pangkèng. Kampuh ditilepan bantal guling dibariskeun, teu hilap kasurna digebugan nganggo sapu nyèrè. Teras mapay galar bari dielapan.

Sabot ngadudut juru seprè palih katuhu, nonggèrak remot tipi warna bulao mètalik. Pencètanna beureum sareng hèjo.

Ti iraha Ema sareng Apa nyoo rèmot?, pan teu aya tipi?” Gerentes dina hatè.

Remot bulao dialak-ilik, dibaca tulisanna aralit teu kaaos. Panasaran, tombol beureum di pencèt.

Dhuaaaar!!!!

Burinyay, poèk.

Pas beunta reuwas kacida, geuning keur aya di lapang kurusètra. Tèng waja pasulabreng. Dor dar sora mortir. Tangtara lalumpatan, marakè rompi jeung  bedil panjang.

URAA.. URAAA”

Aya tangtara gogorowokan bari ngadeukeutan. Uing ngahuleng.

Punten abdi mah Acèng”

URAAAA” Ceuk tangtara beuki deukeut.

Èlèh gèlèng bisi ngabedil, Uing gè ngagorowok, “URAA…”

Tangtara tèh langsung nangkeup bangun nu atoh. Uing gè ngarasa tengtrem.

Acèèèng!!!, kalahka molor dititah ngabèrèsan kamar kolot tèh!”

Uing ngarènjag beunta, pun bapa molotot bendu kacida. (AKW).

4 responses to “BEBERES – fbs”

  1. annrose Avatar
    annrose

    Hehehe….meni sae basa sundana👍👍👍

    1. andriekw Avatar

      Alhamdulillah bu, URAaa

  2. Alvi Alevi Avatar

    Jadi Putin ngomong uraa itu dari basa sunda ya? Wkwkwk.

    1. andriekw Avatar

      Hahahaha….. itulah indahnya sastra dan fiksi… URAAA…

Leave a Reply

I’m Andriekw

Welcome to my blog, Sebuat tempat menyimpan asa dalam bentuk jalinan kata. sebuah ruang berbagi tentang perjalanan kehidupan yang disempatkan untuk dicatatkan pada semesta. Semoga bernilai manfaat bagi yang membaca, minimal ada senyum kecil setelah semua kalimat dicerna.

Let’s connect

Discover more from akwnulis

Subscribe now to keep reading and get access to the full archive.

Continue reading