fbs : Karangan fiksi atau rekaan dengan maskimal 150 kata dalam bahasa sunda, sudah menyajikan satu jalinan cerita singkat.

Fikmin # POÈK #

Hiliwir angin isuk-isuk maturan kareugreug raga dina meulah patalimarga, muru ka tempat gawè sakumaha ilaharna. Jalan Tamansari diliwatan tumaninah, loba nu narumpak sapedah, ngadon ngudag kèsang jeung kahayang.

Panon macoco ningali nyi mojang ngabosèh sapèdah bari kaciri awak sampulur makè calana jeung baju merecet, pinareup nyeungseung.

Teu loba mikir, langsung ngagas, ngadeukeutan. Atuda tara unggal isuk kawènèhan Sapèdahna kaciri hampang, helm, sapatu jeung kacapanon hèjo carulang, Sexy cuy.

Nyi mojang mengkol ka kènca muru jalan Siliwangi, Uing mah kudu ka katuhu dan tempat gawèna di daèrah Dago. Ngan hanjakal panon mah macoco ka nyi mojang, irung motor bet nuturkeun ka kènca.

Jebred!!!.. poèk.

Panon beunta, geuning raga dibaguded perban sakujur awak di rohangan sarwa bodas. Mèlètèt ka beulah kènca, kaciri aya nu nungguan, geuning si nyai tadi nu numpak sapedah keur uplek ngawangkong jeung pamajikan.

Leng, poèk deui.

5 responses to “POÈK – fbs”

  1. Suhe Avatar
    Suhe

    Asa rada teu kahartos, naha poek kitu nya Kang, komo poek nu kadua mah..

    1. andriekw Avatar

      Teu kedah diemutan, da tos poek hehehehe

  2. Gemini Avatar
    Gemini

    Hahahaha…….sesuatu banget, ..
    Jebred…..poek, kusabab mojang janteun poekeun…..wkwkwkkkk…
    Sehat dan sukses yaa pak Kabag

  3. Aan Suherman Avatar
    Aan Suherman

    Astaga …dugi ka poek na.. istighfar kang

    1. andriekw Avatar

      Astagfirullohal Adzimmm…..

Leave a Reply

I’m Andriekw

Welcome to my blog, Sebuat tempat menyimpan asa dalam bentuk jalinan kata. sebuah ruang berbagi tentang perjalanan kehidupan yang disempatkan untuk dicatatkan pada semesta. Semoga bernilai manfaat bagi yang membaca, minimal ada senyum kecil setelah semua kalimat dicerna.

Let’s connect

Discover more from akwnulis

Subscribe now to keep reading and get access to the full archive.

Continue reading