Siki Kopi

Ihtiar nedunan kahoyong kikindeuwan.

#FikminBasaSunda

Biwir cameuh bareuh, ngaganggu raga jadi teu bisa reureuh. Humarurung diharudum sarung, panas tiris tilas geubis.

“Kunaon atuh bet ngalanto ka deukeut jarian, jadi wéh tigebrus, dasar aki-aki murag bulu bitis” Sora halimpu Nini Acih karasa ngagantawang kana jiwa, ngaguratkeun tunggara.

“Duh néng Acih, kikindeuwan Aa, ieu téh alatan ihtiar keur nedunan kahayang salira”, Aki Apud ngaharéwos bari biwir tipepereket, jamomom peurih keneh.

Nini Acih ngarandeg, sakedapeun ngahuleng, tuluy nanya ka Si Aki nu keur adug songkol, “Har dupi Aa milari naon atuh ka palih dinya?” Sora halimpu jeung lemes basa, langsung nanceb kana jajantung keuna pisan kana mamarasna.

Ki Apud maksakeun nyéréngéh. “Muhun geulis, Aa ngungudag careuh nu leupas padahal geus diwewelan siki kopi tilu kilo.”

Si Nini tuluy ngadeukeutan, “Nuhun Aa, mugi careuhna énggal kapendak, ogé kopina tiasa urang leueut bari sosonoan.”

Aki apud kéom, imut haseum ngabayangkeun siki kopi dina careuh nongtot bool.

***

Cimohay, ba’da Ashar (AKW).

Unknown's avatar

Author: andriekw

Write a simple story with simple language, mix between Indonesian and Sundanese language.

2 thoughts on “Siki Kopi”

  1. Uhuyyy… ngabelaan Kopi luak, nedunan rasa, ngajurung nafsu ngumbar kahayang, awak nu ka tempuhan….dasar aki2 7 mulud…

    Like

Leave a reply to Uyu Cancel reply