FIKMIN # CEURIK #
Teu pira ukur ku basa matak gudawang nu jadi rasa. Teu aya haok gaplok tur gorowok, istuning soanten halimpu tapi geuning ngagudawangna hatè. Teu katingal tiluar mah, padahal dilebet paburayah katugenah, pacampur sèsa amarah.
Teu aya kecap nu kendat, teu aya kalimah papagah nu biasana merenah. Istuning lambey ngabetem, ngabigeu jempling.
Hanjakalna tèh sanajan lambey mah kuat nahan teu aya cariosan nu kalisankeun, tapi geuning ari rasa boga cara keur nempokan kasaktènna. Naèk kana panon, noèlan cimata nu tungtungna budah teu katahan. Ceurik balilihan.
Nyi mojang nu tadi nyarios, ngahuleng hareugeueun. Samar polah ningali aki – aki ngagukguk ceurik bari kaciri nahan kaambek sakuatna.
“Aa ulah nangis, atos atuh”
Si Aki lain eureun, kalahka narikan ceurikna. Kaciri kanyeunyeurian.
“Aa atos liren nangisna, isin ka nu sanès”
Nyi mojang nangkeup bari ngusapan tonggong si Aki. Sora nu ceurik lalaunan rèpèh, tapi ingsreukna masih nyèsa, bari nangkeup tipepereket ka nyi mojang nu rancunit.
***



