PARASÈA

Geuning kitu.. Èong

LIANG MÈONG, akwnulis.com.Méooooong… ngéooooong, méééééong.. whaaaaong” sora ucing paséa patémbalan, rungseb kana ceuli, ngagéréan teu katahan.  Méré lolongkrang kana jajantung sina ratug, neken angen dongkap amarah. Rék peureum pasosoré balik capé digawé, diganggu ku ucing gétréng nu parebut pamor dina suhunan bari disada teu eureun-eureun.

Mééééooong, grrrrmmm…. méooong” Ucing bikang beuki séah, masang kuda-kuda. Bulu narangtung ceulina rancung, panon melong bangun nu ngitung. Ucing jalu nu bulu hiris mah uang éong bari nyérépét muru ka bikang, ari nu hideung meles mah camperego, panon gular giler.

Amarah geus ngabudah, raga teu tahan, jiwa baruntak. Ucup ngajleng tina dipan, najong panto hareup, langsung luncat kana suhunan. Taki-taki bari nyanggéréng, huntu ranggéténg sihung ngajentul, langsung babaung.

Auuuuuuuuuuu….”

Ucing nu keur paséa jep jempling, papelong-pelong, tuluy narangtung maké dua suku.  Pacantél, tuluy indit lalaunan ninggalkeun uing bari pakaléng-kaléng. Kadéngé samar-samar nu bikang disada, “Hayu urang ngalih amengna akang-akang, di dieu mah paur, aya anjing ageung.” Cag. (AKW).

UCING BULU HIRIS – fbs

Dipelong ucing, aduuh….

Fikminsunda adalah sebuah genre penulisan cerita fiksi sangat singkat (maksimal 150 kata) berbahasa sunda, selamat menikmati.

UCING BULU HIRIS.

Keur anteng ngahuap, karasa dina juru panon mang Uca asa aya nu ningalikeun. Antepkeun wè ah, tuluy ngahuap deui, jongjon. “Ehm” sora ngadèhèm ngabarubahkeun rarasaan. Langsung ngalieuk ka tempat asalna sora.

Gebeg tèh, aya ucing bulu hiris keur melongkeun. Panonna burahay semu ngancem. “Bener kitu èta ucing nu ngadèhèm tadi?” Gerentesna dina jero hatè.

Hus hus kaditu!… leungeun kènca ngagupay, sina nyingkah.

Tapi ucing bulu hiris nagen, kalah ka molotot teu ngiceup.

Photo : Ucing ieu mung ilustrasi / doklang.

Ningali ucing begang ngangkrang, asa teu sopan. Langsung dideukeutan, suku katuhu ngahiuk rèk najong kekemplongna.

Can gè suku tepi, ucing tèh calangap bari ngagorowok, “Ulah galak kitu lur, pan sarua kalakuan urang tèh”

Suku nu rèk dipakè najong jadi heuras, kitu ogè sakujur awak teu bisa ojah. Olohok mata simeuteun ningali ucing ngomong.

Engkè deui ulah sok ngabudi aing, jujur wè kumaha ilaharna” Ucing bulu hiris mapatahan. Mang Uca tungkul, rumasa. (AKW).