
FIKMIN # TAGIWUR #
Pasosonten ngahaja mapah di taman pengker, maksadna ngabèragkeun hatè nu tagiwur. Biasana layung sok imut masihan kakiatan sanaos ukur katingal ti katebihan. Mung hanjakal, anjog ka taman geuning suwung. Layung pundung disimbut ku pepedut nu kempel ngariung.
Atuh tagiwur tèh nambihan, asa sorangan teu aya balad pakumaha. Tapi lèngkah mah tetep dilempengkeun, mamanawian mendak bagja nu matak ngareugreugkeun.
Lalaunan mapay jalan lempeng, karaos simpè. Geuning teu aya nu haat ngarèncangan, nu aya ngadon narebihan bari norowèco. Kadangu dua kecap nu matri kana diri, pupujieun sareng uyuhan.
Tapi sanaos layung masih pundung, lèngkah mah kedah teteg. Saha nu terang aya lolongkrang tur bongbolongan.
Di juru taman, rasa marojèngja ogè manah nu titatadi teu pararuguh akhirna tiasa gaduh angkeuhan. Tagiwur ngirangan, layung ogè mimiti katingal. Margi geuning landongna mah teu sesah. Cai wudu ditambih sujud dina tajug di juru taman. Cag. (AKW).