BOJONG HALEUANG, akwnulis.id. Uih hajian ngahaja nepangan salah sawios dunungan di tempat damel. Maksad nu utami tangtos silaturahmi ogè sakantenan ngajengkeun widi badè cuti. Margi asa lenglengan kènèh. Saurna mah jètlèg.
“Wilujeng siang bapak, punten ngawagel waktosna”
“Sok kalebet, mangga calik heula” soanten agem dunungan nu katingal nuju pakupis sareng berkas dina luhur mèja damelna. Teu lami ngantos, nembè waè tiasa ngobrol ngadugikeun pamaksadan. Mung langkung seueur dunungan nu nyarios pangalaman anjeuna hajian dua puluh lima taun kapengker.
“Leres pisan Cèp, bapak kapungkur unggal payuneun Kabah ngadu’a pogot pisan hoyong dipasihan rejeki. Uih hajian dikabul. Alhamdulillah dugi danget ayeuna nyarengan.”
“Masyaalloh, mustajab nya bapak”
“Nyaèta du’ana harita henteu dibeunjeur bèaskeun, janten wè sanès harta banda nu katampi tèh”
Sebuah singkatan yang melengkapi tugas keseharian (tapi seratanna nganggo basa sunda)
BANDUNG, Desember 2024. Teu karaos geuning waktos dina ngajalankeun kahirupan tèh teras ngaguluyur, teu tiasa ditahan sumawonnna dilirènkeun mah sanaos mung sadetik ogè. Kukituna peryogi diseratkeun naon waè anu parantos karandapan, kapayunan tur kasaksèni salami sababaraha waktos kapengker. Bilih aya nu lepat atanapi henteu sapagodos, ulah pameng dilelempeng kumargi rumaos da manusa mah gudangna lepat.
Dina seratan ayeuna hoyong ngaguar hiji singketan nu diciptakeun, euleuh gaya pisan diciptakeun. Dikarang ku simkuring nu maksadna supados gampil ngapalkeunna ogè teu sesah upami ngawartosan kanu sanèsna.
Namina rekokom èta singketan tèh.
“Kunaon singketanna rèkokom?”
Pertarosan ieu tangtos bakal diwaler ku sabab musabab nu teu kedah sesah ngèmutannana. Rèkokom tèh ideuna mah tina nami kokom anu janten nami umum kanggè wanoja di tatar sunda. Malih mah kapungkur nuju alit, èta nami kokom tèh ti unggal kampung aya. Ku kituna matri dina èmutan tur janten apal dugika danget ayeuna.
Uih deui kana singketan REKOKOM ieu ngarupikeun gabungan tina tilu kecap nyaeta REgulasi, KOmunikasi tur KOMitmen. Hayu urang guar hiji-hiji.
Ngawitana tina REGulasi atanapi aturan – aturan boh formal, teknis kalebet aturan lokal nu tiasa janten pedoman dina enggoning ngajalankeun tugas sèwang-sèwangan. Upami kanggo pedoman kahirupan, simkuring muslim tangtos Alqur’an sareng Hadist nu janten rujukan. Agama sanès tangtos ngagaduhan ogè sapertos kitab injil, taurat, zabur sareng sajabina. Dina urusan kaduniawian urang tèh apal nu disebat undang – undang, peraturan pemerintah, peraturan daerah, dugika edaran RT/RW. Atanapi nu langkung singket mah manual book nu sok aya dina boks tipi weuteuh, hapè, kulkas jeung sajabina.
Nu kadua nyaeta KOmunikasi. Wirèhna sagala rupi ogè tiasa dibadantenkeun, diajak bacèprot ngawangkong nu tangtosna tiasa sami dina emutanna tiasa sapagodos dina nangtoskeun tujuan nu ahirna sumanget gotong royong sasarengan silih wangikeun pikeun ngawujudkeun kapentingan sasarengan. Tangtos aya hiji tantangan, kumargi peryogi waktos dina raraga ngadangukeun sagala rupi nu janten aspirasi, bangbaluh, kritik, usul saran ogè tangtosna nu bènten pamadegan. Èta pisan nu ngait kana tèma komunikasi.
Nu katilu nyaèta KOMitmen. Hiji jangji pasini nu ngawujud boh tiasa otomatis langsung jangji ngabantos sasarengan atanapi saatos komunikasina lancar tur sami dina ngudag hiji tujuan nu tangtosna dina wadah kangge kapentingan seueur jalmi sanes urusan pribadi. Insyaaloh urang di kulawargi, di lingkungan masyarakat ogè nu ageungna dina kahirupan berbangsa bernagara tiasa bèrès roès gemah ripah loh jinawi.
Kitu panginten, seratan pondok mugia nyogok, heunteu panjang bilih nyugak mung nambihan sakedik pangèmut, sasieureun sabeunyeureun kanggè urang silih wangikeun dina hirup hurip sauyunan.
Hatur nuhun ka sadayana, uih deui kana paragraf awal, supados gampil ngapalkeunna janten singketan REKOKOM (regulasi – komunikasi – komitmen). Ulah hilap nya. Wassalam. Cag (AKW).
Seratan simkuring parantos tayang dina kabarsunda.com kaping 1 Desember 2024.
CIMAHI. Wanoh sareng nu namina kopi tangtos sanès sadinten dua dinten. Tapi ti nuju alit ogè parantos terang wirèhna kopi tèh salah sawios cai eueuet salian ti cai hèrang ogè cai entèh. Sakumaha ilaharna di lembur, cai kopi didamelna tina kopi bubuk, gula bodas dibanjur cai panas. Dina cangkir, emuk atanapi gelas. Boh gelas kaca, gelas palastik ogè tina sèng. Gelas sèng nu rada ageung disebatna bekong.
Tah ti aalit, tos apal kopi tèh rasana pait. Kukituna kedah digulaan, boh gula beureum atanapi gula bodas. Kopina tiasa mèsèr ti warung atanapi kopi kenging nutu. Mung teu patos resep, margi langkung resep kana sabangsaning limun atanapi nu aya merkna mah 7up sareng mirinda. Tapi upami teu aya mah cai hèrang ogè cai entèh waè.
Kacaturkeun waktos teras majeng, tina minggon janten sasih. Sumawonna meuntas taun malih mah puluhan taun nu ahirna saatos nambih sawawa tur laki rabi janten robih mayunan inuman nu namina kopi. Upami dietang mah ngawitan taun 2015 rada rutin ngaleueut kopi tapi nganggè papagon istuning kopi wungkul teu ditambih ku gula, susu atanapi krimer. Ngadamel hiji singketan nyaèta KOHITALA (kopi hitam tanpa gula) upami dina basa sunda tangtosnya janten KOHIKULNA (kopi hideung wungkul aslina).
Nu janten cukang lantaran nyandak jalur kohikulna teh tangtos ngemut tina sisi kasehatan utamina ngirangan tuang leueut gula ogè susu sareng krimer. Rumaos awak badag bayuhyuh malih mah ngawitan nèrèkèl badè dugi ka sakintal. Nu salajengna ogè ngulik kopi hideung teu digulaan ieu tèh sanès ukur dicampur cai panas atanapi kopi tubruk, nanging nganggè cara ngadamel kopi nu disebatna ‘manual brew’ nganggè kertas saringan ogè corong sapertos aseupan alit nu namina corong V60.
Dina ninyuhna ogè seueur papagon, istuning sapertos anu masak. Ti ngawitan kedah aya timbangan, kertas saringan, corong V60, ogè siki kopina teu sambadangan digiling tapi aya sebatannya teh giling badag kangge ditinyuh v60. Teras sakali ninyuh tèh paling sakedik 15 gram siki kopi, ditinyuhna kedah ngangge cai panas nu diukur dina 90 – 92 ° celcius supados hasilna sugema. Ninyuhna ogè saena ngangge teko beuheung soang (goose neck) supados cai nu dikucurkeun tiasa fokus kana siki kopi nu parantos digiling. Ulah hilap muterkeun cai tinyuhanna sami sareng muterna jarumnya alias muter ka katuhu heula.
Aya nu hilap, cai panasna ogè diukur teu kenging sagawayah. Biasana nganggè 120 mili liter. Janten kedah aya alatna nu paheut ngukur jumlah caina. Kanggè nu alim riweuh mah kantun angkat waè milari kedai kopi atanapi cafe nu sayogi kopi tapi nganggè metode ninyuh sapertos diluhur. Seueur di kota bandung miwah sabudereunna, ogè di daèrah teu sesah milarina. Engkè dina seratan salajengna urang pedar tempat ngopi nu kantos di dongkapan.
“Naon raosna ogè naon bentenna sareng kopi tubruk biasa?”
Hiji patarosan nu parantos umum katampi. Nu kahiji tangtos hiji pangalaman dina proses ngadamelna tèh tos ngarupikeun kanikmatan, tiasa ngobrol sareng baristana, sikina nu kumaha timana, cara ninyuhna bari ngantosan hasilna. Nu kadua, salami smkuring nganggè pola ninyuh manual vrew V60 ieu, hasilna tèh rasa nu jujur, saayana anu tiasa dibagi janten tilu. Nyaèta Body, Acidity sareng Aftertaste.
Upami Body mah ngaraoskeun antawis pait sareng henteuna, ogè paitna teh pisan molèlèl dugi ka napel dina elak – elakan atanapi pait biasa sakumaha kopi ilaharna. Tah Acidity mah janten ciri kopi hasil taneuh jawa barat atanapi java preanger nu gaduh ciri khas haseum bungbuahan atanapi fruity. Janten pilihanna haseum pisan, haseum sedeng atanapi haseum hampang. Nu katilu nyaeta After taste, ieu anu utami dina ninyuh manual tèh. Kumargi kopi ngagaduhan pasipatan nyerep kana rasa tatangkalan, tutuwuhan tur bungbuahan disabudereunna janten ku proses anu leres, èta rasa – rasa tiasa ngiring dugika dina gelas hasil racikan barista. Tiasa aya jeruk sitrun, nangka, ganas, campedak, kacang taneuh, coklat tur sajabana, tangtos rasa ieu tiasa karaos ku letah anu seueur latihan alias seuer ngopi teu digulaan tea.
Tah samentawis kitu dongèng simkuring sareng kopi teh, engkè urang lajengkeun dina seratan sanesna. Wilujeng ngopi lur. Wassalam(AKW).
Menulis singkat dan melestarikan bahasa ibunda, ini dia…
Ambek by Canva-akw
ALUN – ALUN BANDUNG, akwnulis.id. Siang menjelang sore di hari minggu, mari luangkan sedikit waktu untuk menulis sesuatu. Saya sih memilih menulis dalam genre fiksimini berbahasa sunda. Karena cukup 3 sampai 4 paragraf saja sudah sampai 150 kata, usahakan sudah menjadi sebuah cerita. Meskipun itu adalah cerita fiksi atau rekaan semata. Bisa juga dari pengalaman pribadi pembaca, tapi berdasarkan pengalaman pribadi atau cerita dari rekan kerja, juga mengarang bebas sesuai selera. Ditambah dengan menjadi cara melestarikan bahasa ibunda, bahasa sunda.
Selamat menulis.. eh selamat membaca. Have a nice weekend to all.
***
FIKMIN # AMBEK #
Kilangbara ngabèjaan sanajan ukur ajak jawa, ieu mah lebeng. Istuning mopohokeun tèh teu kira – kira. Padahal baheula mah teu sirikna unggak usik nanyakeun bèja. Tapi da kitu geuning ngaranna jelema.
Mimitina mah aya rasa keuheul, sabab asa disapirakeun. Insyaalloh teu aya dendam, ukur inget waè teu bisa mopohokeun.
Komo basa ningali dina medsosna mah, meuni somèah tur teu welèh daria. Ambek nyedek tanagi midek. Hayang ngamuk tapi da saha urang, meureun baheula salah milih manèhna jadi babaturan.
Kakeuheul ngumpul jadi tanaga, èmosi diri nambahan beuki tohaga. Teu antaparah deui, clak kana motor RX king si kukut tèa. Biur ka dayeuh, rèk ngalubarkan sagala rasa.
Nepi ka nu dijugjug, teu antaparah deui. Sagala ditunjuk, tina hayam, sapi, lauk, jeroan sakabèh sambel nu aya. Sumawonna sangu bodas, sangu beureum jeung tutug oncom kudu sayaga.
Alhamdulillah, rèngsè dahar beuteung seubeuh èmosi reureuh. Keun babaturan mah bisa nèangan deui, nu penting awak jagjag uteuk waras. Am deui ah. (AKW).
Reup. Listrik di kamar hotèl pareum. Uing ngagebeg. Sanajan 5 detik tuluy hurung deui. Tapi matak ngarènjag jeung ngaleungitkeun katunduh. Padahal bieu tèh geus mimiti nundutan sanajan panon masih maksakeun mencrong kana tipi.
“Ah meureun listrikna aliran, tuluy diganti ku gènsèt” kitu nu kabayang dina uteuk tèh. Ngaranna gè di hotèl.
Reup deui, 5 detik tuluy hurung deui. Tah mimiti rarasaan teu ngeunah. Sabab pas keur pareum tèh asa aya nu mencrong ti jamban. Kabeneran pantona teu ditutup, katempo tina eunteung.
“Ah titingalieun èta mah” Uing leumpang muru jamban, ditingali euweuh nanaon. Panto jambanna ditutupkeun. Balik deui kana ranjang.
Anteng deui wè nongton tipi, tapi rarasaan masih teu ngeunah. Babacaan sabisa-bisa, mèh hatè teu cus cos kaditu kadieu.
Reup, pareum deui, rada lila. Aya kana 15 detik mah. Diluar jempling jiga gaang katincak. Simpè. Teu loba carita nangkarak waè dina ranjang lalaunan, ngahèrang. Pèk tèh geuning diluhureun, ucang-ucangan. (AKW).
Adzan isya nembè lekasan, katawis dunungan kaluar ti rohangan disarengan ku opat jalmi, rupina sèmah dunungan ngadon uih sasarengan. Teu seueur saur, kuring ogè nyarengan lungsur ka lantey hiji. Muru kana mobil nu tos sayagi di buruan kantor.
Tapi geuning saatos nyaketan mobil tèh henteu langsung lebet. Tapi uplek deui ngawangkong kaditu kadieu. Simkuring mah tangtos ngiringan wè gogonjakan, sanaos saleresna mah nahan kahoyong. Hoyong kahampangan mung pameng ka dunungan.
Antukna mah ditahan – tahan wè, bari babacaan dina jero hatè, “Ya Allah, Ènggal atuh dunungan tèh lebet kana mobilna”
Lima menit sapuluh menit mah kiat, tapi saatos lebet satengah jam. Palangkakan asa cangkeul, nahan papang nu teu kaampeuh deui. Raray pupuringisan tapi dalah dikumaha dunungan masih ngawangkong akey-akeyan.
Menit ka opat genep mah bobol ogè, pas aya nu ngabarakatak. Uing gè ngiringan ngagakgak, “Hahahahahaha….”
Geleser aya nu haneut kana pingping. Pas melong tamu payuneun. Geuning sami gumujeng bari jaremblong. (AKW).
CiHANJUANG, akwnulis.com. Lain hayang ngabibita ieu mah, tapi ngan saukur hayang nyarita. Nu kabita nya wayahna, nu henteu nya teu nanaon, “Aman pan?”
Dua poè katukang kajadiannana mah. Sabot guntreng gempungan di rohangan sabeulah, aya nu nguliwed asup ka rohangan uing, kana mèja paranti gawè, mèja leutik nu camperenik, teuing rèk naon.
Rèngsè gempungan, balik ke rohangan. Gebeg tèh, dina mèja nu pinuh ku kertas jeung map, ayeuna bersih diganti ku mangkok bodas eusi cokor sapi nu ngebul kènèh. Kaciri dina tengah tulangna aya nu elok elokan, sumsumna. “Uluh matak kabita”
“Tapi naha ukur cokorna wungkul, euweuh baturna?” Hatè norowèco bari mikir saha kira-kira nu mèrè ieu hakaneun… èh tuangeun.
“Mang ulah waka didahar, emih jeung basona tinggaleun” Sora bèntès ti rohangan sabeulah, sora Si Uhe.
“Nuhun euy, enyoy kieu sumsumna gè. Loba deui”
“Lain ti Uing èta mah, ti Guru Adang, ti tukang” Jang Uhè ngawalon.
“Alhamdulillah infona euy” Uing mairan bari tikoro geus teu kuat nungguan emih jeung baso keur ngabaturan ieu cokor rèk di èkskusi.
Sabot nungguan, inget kana jaman ayeuna. Mèdia sosial tèa, kudu èksis ceunah. Teu antaparah deui, hapè dicekel… èh mangkok eusi cokor sapi di usar èsèr, tuluy dikècèng ku kamèra hapè, kudu dijeprèt cing alus jeung alami alias poto natural.
Cetrèk. Cetrèk.
Belenyèh seuri sorangan, cokor sapi pindah rupa jadi gambar dina hapè. Dokumentasi pribadi nu isuk pagèto bisa kakoncara, sabab di-upload kana mèdsos, susuganan loba nu resepeun.
Tuluy kapikir susuganan bisa asup kana aplikasi poto luar naggrèg èh luar nagari nu salila ieu taliti jeung loba aturan mun urang hayang ngirim photo urang dina aplikasi manehna. Diantarana aya ‘gettyimage‘ jeung ‘shutterstock contributor.’
Geus ah tong loba mikir. Ayeuna waktuna èksekusi sabab emih, baso, kikil jeung togèna geus sayagi ditambahan ku sambelna, cuka, kecap jeung jeruk purut meunang meulah, seungit pisan gan. Pas dihijikeun, èh mangkokna dideukeutkan, disada, “Ieu tèh Mie kocok.”
Uing unggeuk bari rada kerung, panasaran naha ngaranna mie kocok, padahal asa teu dikocok-kocok, ukur dicampurkeun. Geuningan proses awalna dina lebet wadah tina logam nu eusina cipanas kuah gajih tulang sapi, èta tèh kikil, emih, toge dikocok-kocok heula nganggè gagang bolong parantina, kitu saur detikjabar.com tèh. Kahartos ogè ayeuna mah. Nu matak reueus ieu tèh tuangan nungturun sabaraha generasi tur istuning asli kulinèr bandung sanaos seueur nu icalannana di wewengkon jawa barat.
Tina mbah Gugel / Doknèa.
Euleuh ngadongèng waè, hawatos ieu sumsumna ngadagleg. Margi nuang mie kocok mah balap sareng waktos, diantep mah janten kirang raos margi gajihna ngadagleg. Kedah nuju panas supados pas nuangna, “Teu percanten?.. cobian geura.”
Alhamdulillah, teu peryogi waktos lami. Cokor sapi tengahna di kucuran kuah panas, colok nganggemè sumpit. Tonggèngkeun kana mangkok, burusut sumsum ngagulusur gabung sareng emih, togè tur kikil nu ngantosan dina mangkok. Disendokan, suruput, peureum benta lur.
Keur anteng tur rampus nuang mie kocok, karaos punduk asa ranteng, boa – boa cicirèn kolesterol naèk. Duh palaur, langsung wè digancangkeun ngadahar mie kocokna. Teu hilap cokor nu luarna digorogotan sabab nyèsa kènèh kulit jeung gajihna. Ngan kudu ati – ati bisi lain kulitna nu lèsot tapi huntu anu naplok.
Tah kitu geuning dongèngna tèh.
Hatur nuhun Guru Adang.
Sakali deui, ieu mah sanès ngabibita namung hoyong ngabagi carita. Cag. Wassalam(AKW).
SINGAPARNA, akwnulis.com. Sebuah tulisan hadir diawali satu atau dua kata saja. Seperti tulisan kali ini, tiba – tiba terbersit kata dalam bahasa sunda yaitu JAMOMOM dan NGAJÈNGJÈHÈ. Untuk kata kedua memang tidak asing lagi dan sering digunakan dalam berbicara ataupun menuliskan sebait puisi. Nah untuk kata ‘jamomom’ ada keraguan untuk menuliskan karena khawatir berbeda artinya ataupun jangan sampai ternyata kata tersebut tidak termasuk dalam kosa kata bahasa sunda.
Maka masih dengan om google saja sebelum pake chat GPT, sudah ada penjelasan singkat tentang kata tersebut yang memiliki arti ‘bengkak pipinya seperti yang mulutnya penuh makanan’. Dari penjelasan tersebut maka dapat disimpulkan bahwa kata ‘jamomom’ bisa menjadi sebuah inti cerita.
Tapi tentu cerita yang dibuat adalah cerita berbahasa sunda dalam genre fiksimini berbahasa sunda, inilah tulisannya :
FIKMIN # JAMOMOM #
Mimitina silih èlèg da puguh babaturan, tina suku jèbrag nepi ka hulu butak. Dibarung ku seuri jeung silih tepak. Si pèsèk, si begung, si irung nambru. Aya ogè babasaan dèlu (gedè hulu).
“Bapa sia tukang nyantèt” Dadè nyakakak bari tutunjuk ka Jaè. Jaè molotot, babaturan nu limaan jempling teu wani seuri, palaur kajadian baheula bakal tumiba. Dadè cicing samar polah, tina seuri jadi simpè.
Plak!!! Leungeun Jae nampiling Dadè. Bangkieung, langsung nyuksruk ka beulah kènca. Babaturan papelong-pelong, teu wani ojah, sieun.
Jaè nangtung, leumpang ngiclik ninggalkeun. Geus rada jauh, kakara si Dadè digulanggapèr. Pipi katuhu bareuh jamomom, bari dina juru biwir aya geutih ngeclak lalaunan.
“Sabar Dè, keudeung deui gè cageur. Atuda manèh mah heureuyna kamalinaan” Usèp mapatahan. Si Dadè unggeuk bari melong beungeut babaturanna, sepa. Babaturanna papelong – pelong, nempo beungeut sèwang’sèwangan. Kabèh jamomom bari juru biwir gareutihan.
***
Itulah tulisan singkat kali ini yang ditulis dengan diawali satu kata yang mungkin kurang akrab di telinga kita termasuk di telinga urang sunda. Tidak mengapa yang penting semangat untuk tetap menjaga nilai kasundaan dan merawat bahasa sunda yang merupakan bahasa ibu terus berkobar. Minimal dengan jalan sederhana ini. Tulislah dan sebarkan, biarkan berkembang dan mungkin menjadi bagian dari proses menjaga peradaban. Wassalam (AKW).
CIMAHI, akwnulis.com. Sebuah ide terkadang tidak sejalan dengan kesenggangan waktu. Tapi sebuah ide yang hadir lalu diolah menjadi rangkaian kata maka akan hadir sebuah cerita. Meskipun singkat tapi ada maknanya, juga bagi pembaca tidak perlu meluangkan waktu lama, cukup 5 tarikan nafas saja. Dengan catatan yang memahami bahasa sunda, kalau yang masih roaming ya bisa bernafas sepuasnya hehehe.
Ide ini mengambil tema masa sekolah smp di kampung halaman disaat pertama kali melihat guru olahraga yang baru dan berpakaian olahraga yang serba pas. Maka reaksi anak ingusan menjadi beragam. Inilah salah satunya. Selamat menikmati.
FIKMIN # BEGÈR #
Adma olohok basa ningali guru anyar karèk turun tina avanza, aya burinyay nu teu biasa. Jajangungna ratug teu puguh rasa, dibarung ku panasaran hayang ningali deui ningali deui. Bu Susana leumpang andalemi muru rohang guru, dituturkeun ku panon Adma nu hèsè ngiceup deui.
Adma di kelas gulinggasahan, meus meus ningali kaluar jandèla, jiga nu jauh panineungan. Guru nerangkeun ukur pajangan, sabab lelembutanna aya diluar jeung guru olahraga nu anyar.
Sanès bolèkak nu matak eureun rènghap, tapi bulu bitis nu jadi inggis. Ngagurilap nyaangan soca, masihan rasa nu teu biasa. Kitu peta basa Rahwana teu dihaja ningali bitis Dewi Sinta. Ogè Maharajasa waktos ngawitan micinta Kèn dèdès dina carita babad tanah jawa.
“Geus tong loba malaweung, èta susut heula lèho‘, Oji babaturan sabangku ngabèjaan. Teu dijawab tapi leungeun langsung nyusut irung, enya geuning loba meunangna.
Di lapang hareupeun kelas, Bu Susana kaciri sumanget ngalatih barudak kelas salapan. Meuni geulis kacida. (AKW).
CIMAHI, akwnulis.com. Ti hareup eungap nyedek tina kekemplong nyundul kaluhur, ogè panas bunghak teu bisa hitut. Ti tukang nyèksrèk tonggong beulah kènca, cangkeul pisan leuwih ti ilaharna. Antukna dua poè dua peuting aduglajer nahan kanyeri.
Beuteung mules murilit tapi euweuh rasa keur miceunna. Bulak balik cingogo dina pacilingan, suwung nu aya, teu hitut – hitut acan. Balik deui ka pangkèng, nangkuban karasa beuteung seueul jeung nyeri. Giliran nangkarak, karasa tulang tonggong nyarugak kana raga bari teu eureun nyanyautan.
Geus hayang sahinghingeun ceurik, tapi èra kana awak nu sembada. Bakal peupeus atuh jajaka gaya jadi pèloy teu walakaya.
Jikan ijigimbrang nèangan ubar, mitoha rawah riwih karunyaeun. Ucing ogè ngadadak ogo jeung cicingeun, nyahoeun dunungan keur teu puguh rarasaan. Iwal ti budak wè nu keukeuh muntang hayang digandong.
Tah geus kieu mah karasa, ubar nu utama tèh du’a ka Gusti Alloh nu maha kawasa. Tangtuna ihtiar uubar ogè kudu dileukeunan. Tapi mènta cageur jeung panghampura tina sagala dosa jadi nu utama. Urang tèh ukur mahluk nu teu daya teu upaya, istuning ku kanyaah Gusti bisa kumelendang di alam dunya. Cag.