BORANGAN – fbs

Wios borangan ge ah.

BANDUNG, akwnulis.com. Alhamdulillah akhirnya bisa kembali menuangkan kata menjadi cerita meskipun sedikit terbata – bata karena berbagai alasan yang nyata tapi inilah hasilnya.

FIKMIN # BORANGAN #


Tos lami teu liar wengi jalaran rumaos yuswa beuki nambihan. Tangtos nu utami ngiatkeun niat ngempelkeun bekel pikeun jaganing di ahérat. Supados lungsur langsar dina enggoning kekempel bekel téh ayeuna mah ka masigit langkung remen sanaos teu lima waktos. Netepan lohor nu tara kalangkung mah, margi moal sieun ngadadak janten imam. Cekap ku modal Allohuakbar tur samialloh, tiasa lancar ngaimaman.


Wengi ieu kapaksa kedah nyarengan dunungan, calik dina korsi nu teu patos caang. Saurna téh, “Réncangan sakedap nya Bah, ulah kamamana, calik waé bari ngaleueut.”


Mung unggeuk nu tiasa kapihatur, padahal dada ngaguruh haté tagiwur. Ningali barudak beunceuh bobolékakan ngalangkung payuneun raray. Kirang bahan, kaluhur kahandap. “Astagfirullohal adzim” mung istigfar nu teu liren di dawamkeun.


Om ikut duduk ya bentar” ujug – ujug soanten halimpu kadangu, bréh dipayuneun aya bidadari sampulur tur rancunit. Soca olohok raga teu walakaya. Sieun nu teu aya papadana, sieun nyaah sapertos baheula nu tungtungna janten sangsara. (AKW).

DIGABRUG [Pulisi] – fbs

Kajantenan teu disangki-sangki (kejadian mendadak)

Ilustrasi by canva – akw

Bojonghaleuang, akwnulis.com. Semilir angin pagi menemani diri untuk kembali menuangkan kata dalam sebuah cerita sederhana tapi tetap berusaha membuatnya dalam genre bahasa sunda.

Ide dasar cerita hadir dari sebuah perbincangan santai ayahanda tercinta yang selalu memiliki cerita – cerita kehidupan yang menggemaskan. Salah satunya yang tertuang dalam tulisan sunda dibawah ini.

Sebagai disclaimer tentu perlu disampaikan bahwa tulisan sunda ini bergenre fiksi atau cerita rekaan. Meskipun mungkin in-line dengan keadaan atau kejadian sehari-hari tetapi penulis bisa mengklaim bahwa cerita yang hadir 60% kisah nyata dan sisanya adalah cerita rekaan semata.

Jadi terkait pembaca mempercayai kejadian dalam cerita ini, itu silahkan karena memang seolah umum terjadi. Kalaupun tidak percaya juga tidak apa – apa. Hal terpenting adalah pembaca bisa menikmatinya dan sedikit tersenyum dalam hitungan 1 – 2 menit saja karena tulisannya dibawah 150 kata. Nggak percaya? hitung saja.

Inilah ceritanya :



***

Fikmin  # DIGABRUG #

Keur leumpang mapay jalan gedè, peuntaseun masjid kacamatan. Kaciri dihareupeun aya pulisi numpak motor. Gebeg, inget kamari nyingcet di Cililin, pas keur pamariksaan SIM. Mèngkol ka kebon da rumasa SIM bèak, kaliwat dua warsih.

Pèk tèh nyaan, èta pulisi motorna ngadeukeutan. Bari mencrong. Duh dada beuki ratug. Beungeutna beuki ècès kaciri, enya pulisi nu kamari.

Reg motor hareupeun. Pulisi muka hèlm bari nanya, “Pak Umar?”

Uing calangap bari lalaunan unggeuk. Ujug – ujug ngagabrug pulisi tèh. Teu bisa walakaya. Geus kabayang pasti leungeunna mawa bangkol. Jiga wè nu akrab ngagabrug padahal rèk nèwak.

Pas geus pageuh nangkeup, pulisi nanya deui, “Pak Umar?”
“Mmuu.. hunn”

Alhamdulillah bapak, ieu Jaè. Murid bapak kapungkur nu bangor tèa. Tos janten pulisi ayeuna mah”

Bray rarasaan caang, kasieun ngilang. Geuning lain pèdah SIM bèak ieu mah. Alhamdulillah. Ditangkeup tipepereket pulisi tèh. Bagja.

***

Itulah cerita singkat berbahasa sunda kali ini. Salam literasi sederhana, salam konsistensi. Menulislah meskipun hanya 5 paragraf saja, tapi sudah menjadi sebuah jalinan cerita dalam fragmen kehidupan kita. Wassalam (AKW).

SIEUN – fbs

Rasa takut membawa hikmah.

CIMAHI, akwnulis.com. Sebuah goresan pena digital dalam genre kisah rekaan singkat tentang fragmen kehidupan.

FIKMIN # SIEUN #

Teu pira ukur suku kènca salah nincak, ujug bangkieung awak bayuhyuh nambru ka hareup. Tuur paadu jeung batu, tuluy beuteung jeung pinareup. Tidinya tèh lain eureun tapi ngiluan biwir, irung nepika tarang. Kaca panon ogè kagorès ku tarikna paadu jeung batu nu kuduna jadi titincakeun.

Saheulaanan nangkuban bari muringis, peurih jeung nyeri. Komo ditambahan ku èra mah, beuki nyeuit kana ati. “Astagfirulloh adzim, kunaon Euceu?” Gorowok ibu – ibu pangajian, moro nu keur nangkuban.

Teu lila ibu – ibu nu lian datang, narulungan. Lalaunan Mak Ina hudang. Biwir peurih, monyong jeung karasa nyanyautan.

Euleuh getihan”
“Ènggal nyungkeun ès batu!”
“Èta hapè kadè kakantun”

Mak Ina ngusahakeun nangtung, tapi asa karonèng, les poèk kapiuhan.

Hudang dina ranjang, kaciri barudak jeung salaki di kènca katuhu. Aya ogè tatangga jeung dokter jeung perawat. “Alhamdulillahirobbil alamin.”

Tisaprak harita Mak Ina tara loba ngarasula, ngarahuh komo mairan nu teu perlu. Istuning sholèhah, sieun jeding deui.

***

Catatan : Ini adalah cerita fiksi berbahasa sunda dengan sebutan FBS (fiksimini basa sunda). Ditulis dengan kumpulan kata dan maksimal di 150 kata. Tidak percaya? Silahkan hitung saja kata per katanya. Selamat menghitung. Terima kasih (AKW).

Ulah Sieun.

Tong hariwang, sagala rupa aya jalanna.

CIBOGO, akwnulis.com. Ngahaja manggihan kolot sanajan kudu meuntas tujuh walungan jeung mapay galengan nu satungtung deuleu. Hayang geura paamprok jongkok, rèk bèbèja jeung ngumaha pikeun meunang bongbolong dina enggoning lumampah di alam dunya.

Baheula Ema nyarita, “Jig indit ka alak paul teu kudu deui inget ka lembur, meunang balik mun geus manggih kabagjaan atawa sabalikna meunang kapeurih nu teu bisa ditandangan ku sorangan”

Ayeuna raga ieu datang, bari mawa kawirang. Lain carita bagja atawa dongèng katresna, tapi kapeurih dihina sabab teu bisa ngalaksanakeun titah raja nu matak ngabarubahkeun nagara.

Anjog ka golodog, Ema geus nyèrèngèh bari nyekel baki eusi sampeu haneut jeung botol hideung.

Anak Ema geus mulang, nuhun Gusti” Sora Ema nu satuluyna datang bari nangkeup awak kuru rada bau tapi boga tèkad panceg dina nyekel prinsip kahirupan.

Ema geus nyaho sapuratina, ayeuna mah rineh heula didieu, tah cobian ramuan kahirupan made in Ema” Hiji sora nu mèrè damèy hatè. Botol hideung dibuka, curulung kana gelas leutik. Leguk… leguk.

Photo : djamu Bratawali & Sambiloto / dokpri.

Ngaheneng… mèlèl… pait kabina-bina.

Aduhhh… naon ieu?” Leungeun nungkup baham nu teu kuat nandangan pait jeung pait nu gangalo sampurna. Teu culang cileung deui, lumpat ka balong hareup, cai dina kokocoran langsung diuyup, sugan wè lètah teu pait deui.

Tapi angger, paitna napel, peuherna komo. Ema mah ngan ningali wè kalakuan budakna bari imut bangun ngeunaheun.

Nepika janari ngagayuh ka subuh, lètak masih ditapelan ku rasa pait jeung peuherna. Teu pira geuning, ngan daun sambilito jeung bratawali dicampur cipanon saèsè.

Tapi hasilna cespleng teu leuleus deui, awak cangker jiwa ludeung. Nyanghareupan pahitna kahirupan nu teu sabaraha tibatan kudu ngaleguk paitna jamu sambiloto – bratawali. Hayu urang tandang pakalangan nyanghareupan tantangan kahirupan. Ulah sieun sabab geus diajar ngarasakaeun pait peuheurna jajamu jeung kanyataan. Cag. Wassalam (AKW).