CEURIK – fbs

Ceurik gè hasil.

FIKMIN # CEURIK #

Teu pira ukur ku basa matak gudawang nu jadi rasa. Teu aya haok gaplok tur gorowok, istuning soanten halimpu tapi geuning ngagudawangna hatè.  Teu katingal tiluar mah, padahal dilebet paburayah katugenah, pacampur sèsa amarah.

Teu aya kecap nu kendat, teu aya kalimah papagah nu biasana merenah. Istuning lambey ngabetem, ngabigeu jempling.

Hanjakalna tèh sanajan lambey mah kuat nahan teu aya cariosan nu kalisankeun, tapi geuning ari rasa boga cara keur nempokan kasaktènna. Naèk kana panon, noèlan cimata nu tungtungna budah teu katahan. Ceurik balilihan.

Nyi mojang nu tadi nyarios, ngahuleng hareugeueun. Samar polah ningali aki – aki ngagukguk ceurik bari kaciri nahan kaambek sakuatna.

Aa ulah nangis, atos atuh”

Si Aki lain eureun, kalahka narikan ceurikna. Kaciri kanyeunyeurian.

Aa atos liren nangisna, isin ka nu sanès”

Nyi mojang nangkeup bari ngusapan tonggong si Aki. Sora nu ceurik lalaunan rèpèh, tapi ingsreukna masih nyèsa, bari nangkeup tipepereket ka nyi mojang nu rancunit.

***

Rancunit – fbs

Rasa panasaran nu kedah di lisankeun.

PASTEUR, akwnulis.com. Raray rancunit pinareup nyeungseung, matak uruy tur ngaganggu kana paniatan shaum.

“Dita” soantenna halimpu, basa ditaros saha wastana.

Enjingna di kosambi teu dihaja tepang deui, mung bénten setélan, rada tomboy. Tapi jiga nu teu loma, di ajak gumujeng téh ngabetem waé. Katingali nami di na acuk seragamna, Lianta. “Jigana lepat jalmi”

Selang tilu dinten paamprok deui nu mirip, rancunit ogé, di pasar Ciroyom, nuju parebut milihan pindang, “Dita sanes?” “Sanes a, abdi mah Lira.”

Pleng aya kana 3 sasihna teu tepang sareng anu rarancunit téh.

Ari pék téh dasar kedah tepang, di palataran masjid Daarut Tauhid aya nu nyalukan, “Aa…!!! Kumaha damang?, emut keneh ka abdi?”

Sakedapeun ngahuleng, “Dita?” Gideug, “Lianta?” gideug. “….. euh moal lepat ieu mah.. Lira nya?” Gideug baru nungkup lambey, ngadon ngagumujengkeun.

“Abdi mah Fia”

Mastaka janten rieut ngémutan kajantenan ieu. “Maksadna kembar opat ieu teh?”

Anjeun mung imut, teras ngoléséd. Ngantunkeun Uing nu ngahuleng, panasaran. (AKW).

***

Fbs : fiksimini basa sunda*)