PAPANGGIH – fbs

Selamat sore, yuk ah nyerat deui

CIMAHI, akwnulis.com. Senja belum menjadi malam tapi ide menulis hadir harus segera dituangkan dalam jalinan kata yang mungkin memberi aneka makna. Tak lupa karena semangat belajar untuk ikut melestarikan bahasa sunda, maka cara belajarku adalah dengan menuliskan sebuah cerita singkat dalam format FBS (fiksimini basa sunda).

Ini dia tulisan singkatnya :

FIKMIN # PAPANGGIH #

Ulin ka basisir jayanti tapi balikna apruk-aprukan nepi ka asup wewengkon leuweung larangan. Mimitina mah ban motor ngagaur meulah jalan satapak, ban pacul anyar nganjuk ti bengkèl Mang Kosim. Tapi beuki jauh tèh lain manggih lembur, ngadon nanjak loba tangkal geledegan.

Sabot ngaliwatan tangkal kihujan, pes tèh mesin motor ngadadak pareum, erèmna ngonci saharita. Awak ngacleng ka hareup, untungna geus jagoan labuh, jadi teu lila nangtung deui.

Ngarèrèt katukang, kaciri motor ngait kana akar. Leumpang ngadeukeutan. Gebeg!, gigireun motor aya mahluk belang koneng hideung panonna moncorong.

Tapi lain Jang Osid nu borangan ieu mah, komo geus meunang parancah ti Uyut, yèn mahluk ieu mah tong dipikagimir. Tapi deukeutan lalaunan, nyambat karuhun. Teu poho leungeun ngodok kana tas. Geus deukeut teu antaparah deui, asem kawak langsung diulaskeun kana beungeut jeung huntuna. Maung cicing bari nyengir. 

Teu lila kèom tuluy calangap, ngagaur handaruan.
Huaaaaahhhrgggg!!!”
Reup poèk mongklèng. Cag.

***

Fiksimini Basa Sunda atau FBS, sebuah genre menulis fiksi atau karangan berbahasa sunda dengan maksimal 150 kata sudah membangun sebuah cerita lepas. (AKW).

Rancunit – fbs

Rasa panasaran nu kedah di lisankeun.

PASTEUR, akwnulis.com. Raray rancunit pinareup nyeungseung, matak uruy tur ngaganggu kana paniatan shaum.

“Dita” soantenna halimpu, basa ditaros saha wastana.

Enjingna di kosambi teu dihaja tepang deui, mung bénten setélan, rada tomboy. Tapi jiga nu teu loma, di ajak gumujeng téh ngabetem waé. Katingali nami di na acuk seragamna, Lianta. “Jigana lepat jalmi”

Selang tilu dinten paamprok deui nu mirip, rancunit ogé, di pasar Ciroyom, nuju parebut milihan pindang, “Dita sanes?” “Sanes a, abdi mah Lira.”

Pleng aya kana 3 sasihna teu tepang sareng anu rarancunit téh.

Ari pék téh dasar kedah tepang, di palataran masjid Daarut Tauhid aya nu nyalukan, “Aa…!!! Kumaha damang?, emut keneh ka abdi?”

Sakedapeun ngahuleng, “Dita?” Gideug, “Lianta?” gideug. “….. euh moal lepat ieu mah.. Lira nya?” Gideug baru nungkup lambey, ngadon ngagumujengkeun.

“Abdi mah Fia”

Mastaka janten rieut ngémutan kajantenan ieu. “Maksadna kembar opat ieu teh?”

Anjeun mung imut, teras ngoléséd. Ngantunkeun Uing nu ngahuleng, panasaran. (AKW).

***

Fbs : fiksimini basa sunda*)