MENIT KE46 – fbs

Akhirnya ngageleser…

FIKMIN # MENIT KA 46 #

Adzan isya nembè lekasan, katawis dunungan kaluar ti rohangan disarengan ku opat jalmi, rupina sèmah dunungan ngadon uih sasarengan. Teu seueur saur, kuring ogè nyarengan lungsur ka lantey hiji. Muru kana mobil nu tos sayagi di buruan kantor.

Tapi geuning saatos nyaketan mobil tèh henteu langsung lebet. Tapi uplek deui ngawangkong kaditu kadieu. Simkuring mah tangtos ngiringan wè gogonjakan, sanaos saleresna mah nahan kahoyong. Hoyong kahampangan mung pameng ka dunungan.

Antukna mah ditahan – tahan wè, bari babacaan dina jero hatè, “Ya Allah, Ènggal atuh dunungan tèh lebet kana mobilna”

Lima menit sapuluh menit mah kiat, tapi saatos lebet satengah jam. Palangkakan asa cangkeul, nahan papang nu teu kaampeuh deui. Raray pupuringisan tapi dalah dikumaha dunungan masih ngawangkong akey-akeyan.

Menit ka opat genep mah bobol ogè, pas aya nu ngabarakatak. Uing gè ngiringan ngagakgak, “Hahahahahaha….”

Geleser aya nu haneut kana pingping. Pas melong tamu payuneun. Geuning sami gumujeng bari jaremblong. (AKW).

PARASÈA

Geuning kitu.. Èong

LIANG MÈONG, akwnulis.com.Méooooong… ngéooooong, méééééong.. whaaaaong” sora ucing paséa patémbalan, rungseb kana ceuli, ngagéréan teu katahan.  Méré lolongkrang kana jajantung sina ratug, neken angen dongkap amarah. Rék peureum pasosoré balik capé digawé, diganggu ku ucing gétréng nu parebut pamor dina suhunan bari disada teu eureun-eureun.

Mééééooong, grrrrmmm…. méooong” Ucing bikang beuki séah, masang kuda-kuda. Bulu narangtung ceulina rancung, panon melong bangun nu ngitung. Ucing jalu nu bulu hiris mah uang éong bari nyérépét muru ka bikang, ari nu hideung meles mah camperego, panon gular giler.

Amarah geus ngabudah, raga teu tahan, jiwa baruntak. Ucup ngajleng tina dipan, najong panto hareup, langsung luncat kana suhunan. Taki-taki bari nyanggéréng, huntu ranggéténg sihung ngajentul, langsung babaung.

Auuuuuuuuuuu….”

Ucing nu keur paséa jep jempling, papelong-pelong, tuluy narangtung maké dua suku.  Pacantél, tuluy indit lalaunan ninggalkeun uing bari pakaléng-kaléng. Kadéngé samar-samar nu bikang disada, “Hayu urang ngalih amengna akang-akang, di dieu mah paur, aya anjing ageung.” Cag. (AKW).