KONGKUR – fbs

Terpaksa melanggar demi tujuan kebaikan…

BOJONGHALEUANG, akwnulis.com. Dari fase ngabeubeurang (beurang = siang) menuju fase ngabuburit (burit = sore) pada hari libur memang harus pintar memanage waktu, apalagi di bulan ramadhan ini. Bawaanya yang aman adalah tidur seperti lagu,

Ramadhan Tibra
Ramadhan Tibra
Tibra tibra ramadhan……’

Kalau pendekatan religi maka bertadarus atau melanjutkan hafalan surat – surat pendek dalam. Alquran. Tapi jikalau memilih jalan tengah, maka menulislah. Ini dia…..

***

FIKMIN # KONGKUR #

Keuheul ningali nu kongkur ampir unggal poè. Nu jadi lantaran mah lain teu panuju ka tukang nguseup tèh. Ari judulna ngabuburit nungguan adzan magrib, ngan nyekel jeujeurna bari udud. Ngelepus bari gogonjakan, padahal kobong tèh gigireun. Aranteng wè diparelongkeun ku santri.

Babaturan tingkuciwes, tapi pas wawartos ka Ama haji tèh mung diwaler, “Cing salabar, keun janten pertangelwaleran aranjeuna ka Gusti Alloh”

Uing ogè keuheul tapi inget papagah Ama Haji, ditahan wè. Dinten ka 16 romadhon mah ngududna ditambih nyandak bekel sangu bungkus, ngadon botram.

Lodong badag congona lempeng ka balong, karbit sakilo jeung minyak tanah tos ngagolak dijerona.

Punten Ama, Uing teu tumut kedah sabar tèh”

Lodong diseungeut, DHUAAAAAR….. bumi inggeung, nu kongkur becir, aya ogè nu ngajengkang kapiuhan. Joran paburantak. Lauk ngarajleng rareuwaseun. Balong bedah saat saharita.

Alhamdulillah ti harita teu aya deui kongkur jeung botram di bulan ramadhan. Cag.

***

Demikian celoteh singkat suasana ramadhan masa kecilku di kampung halaman. Selamat melanjutkan fase ngabuburit menjadi fase berbuka puasa. Wassalam (AKW).

DITALIAN – fbs

Sedikit kisah di bulan Ramadhan.

BANDUNG, akwnulis.com.  Suasana rapat di bulan ramadhan terasa begitu menenangkan hingga perlahan tapi pasti kepala tertunduk dan mata tertutup. Maka cara terbaik adalah lawanlah dengan sekuat tenaga dan alihkan dengan aktifitas yang membuat kita terjaga tapi tetap tegak di tempat acara.

Nah dikala waktunya ishoma, shalat menjadi utama selanjutnya masih ada jeda waktu tersisa maka sempatkanlah menulis sesuatu yang singkat tapi bermakna. Karena ini bulan puasa maka tulisan ringan tentang aktifitas di bulan ramadhan menjadi satu pilihan. Tentu tetap setia dengan tulisan genre fiksi berbahasa sunda.

Silahkan…

***

FIKMIN # DITALIAN #

Allohuakbar Alllloooohuakbar.. Laa ilaa haillallah” Adzan isya karèk lekasan, tapi di luar masjid asa ramè loba jelema. Uing panasaran, ngolèsèd nempo kaluar. Geuning ngagimbung santri kobong jeung pengasuhna.

Geus deukeut kareungeu Ustad saepul ngagorowok, “Ayeuna solat isya jeung tarawèh berjamaah heula, kin kakara urang nguriling neangan Jang Usman”
“Mangga Ama” rèang saur manuk.

Uing ngadeukeutan si Jae, “Jang Usman kunaon?”

Leungit a ti bada asar”

Gebeg tèh, geuning Usman babaturan Uing nu rèk ditèangan. Padahal tadi beurang panggih, ngadongèng rèk nyingsieunan nu balik tarawèh ceunah.

Wanci janari babaturan tèh karèk kapanggih. Di deukeut makam, ngagoler bari awakna dibakutet ku tali rapia jeung tambang, teu bisa ngomong da bahamna pinuh ku lamak.

Buru – buru ditarulungan, sabot awakna diangkat aya lamak bodas murag, kaciri aya tulisan, ‘Salila bulan puasa sètan ditalian, tertanda PERJULECI (Persatuan jurig legok cipo).

***

Disclaimer : Tulisan ini hanya fiksi belaka, bagi yang tidak puas silahkan isi di kolom komentar atau japri, DM dan kirim email kepada penulis. Karena penulis bukan pemuas. Terima kasih, Wassalam (AKW).

PANGGIH DEUI – fbs

Geuningan sanès sasaha.

BANDUNG, akwnulis.com. Sebuah kotretan tentang cerita singkat di rumah dinas menuai harapan untuk dilanjutkan. Maksudnya ceritanya dilanjutkan, jika sebelumnya berjudul DITAROS sebuah tulisan fiksimini berbahasa sunda yang dianggap tidak tuntas.

Maka disaat waktu senggang tiba, segera dibuat jalinan kata sebagai kelanjutannya. Inilah dia…

FIKMIN # PANGGIH DEUI #

Panon molotot teu bisa ngiceup, baham calangap euweuh soraan. Nempo hiji mahluk nu keur ngabagèakeun. Tangtunganna jangkung jujul ka lalangit, awak dituruban baju kawas tina karung goni.

Tanggah saeutik, kaciri beungeutna aya dina juru para. Teu bisa dicaritakeun, ngan karasa aya hiji kakuatan nu narik ieu awak jeung jiwa pikeun ngadeukeutan.

Uing nahan awak bari babacaan sabisa-bisa. Tapi  kawas aya magnèt nu narik, teu bisa katahan.

Basmalah jeung ayat kursi dipapatkeun tujuh balikan. Èta mahluk kalah nyèrèngèh, “Ngaing nggè bisa nyukitu mah luuur, Yaasiin Walkur aanilhakim….” Èta bacaan ngagorolang tartil. Beuki olohok, geuning jagoan kana ngaji.

Kasieun rada ngorotan, awak ngagèsèr teu dipalirè. Lalaunan beuki deukeut. “Masantrèn dimana Ang?” Sora rada ngageter nguat-nguatkeun manèh.

Ngurul Huddah Tasik”

Uing curinghak, bangbaluh karasa luluh, kasieun ucul diganti ku rasa syukur.

Nu jangkung badag buluan kandel tèh ditangkeup tipepereket, geuning jin kobong basa baheula keur nyantri kalong. (AKW).

Pamenta Budak – fbs

Kanyaah kolot tur kamajuan jaman.

Photo : Ilustrasi / dokpri.

Nongtoréng kénéh soanten Ua ajengan, “Cing atuh Jang, ari érék diajar ngaji téh sing balég, lain kalah ka jugar kawas kuda leupas ti gedogan!!!”

Uing tungkul bari unggut-unggutan rumasa, lalaunan rada cengkat saeutik nempokeun beungeut hanjakal, “Hapunten abdi Ua.”

“Heug di hampura ku Ua, sing bageur hidep téh”

Uing tungkul carinakdak.

***

Kaluar ti masigit, rurusuhan muru ka kobong. Buntelan kampuh dina luhureun palupuh dibuka, bray caang. Panon katuhu dideukeutkeun kana kamera leutik, layarna langsung caang, akses katampi.

Maké curuk ditoél-toél, aya lampu leutik nyorot kana palupuh, hiji gambar panto. Teu diengkékeun deui, gajleng kana éta panto, tulakna dibuka.

Brak!!!

“Aduuh Abah ngareureuwas, geuning aya di kamar, ti tatadi mimilarian” Si bungsu nyarios bari rénghap ranjug.

“Hapunten kasép, tadi abah nyandak ieu, nu dipundut ku salira”

“Hatur nuhun pisan Abah” Si Bungsu ajrag-ajragan bari ngeukeuweuk kitab sapinah urut. Atoh amarwatasuta, éta pisan kahayangna.

***

Fbs : Fiksimini basa sunda, sebuah genre penulisan cerita fiksi singkat, maksimal 150 kata dan sudah membangun sebuah cerita.