MINGGUNYA KESRA JABAR

Dengan Kekompakan jadi Indah.

Apel senin pagi / Dokdin

*MINGGUNYA KESRA JABAR*

Diawali dari penugasan Biro Kesra sebagai petugas Apel senin pagi di lingkup sekretariat daerah dan BPKAD Provinsi Jawa Barat maka kita berbagi tugas baik sebagai pemimpin apel, pembaca pancaprasetia KORPRI juga pembaca Doa.

Awalnya tentu ketegangan melanda, apalagi pembinanya adalah bapak Sekda. Tetapi semua kekhawatiran itu sirna karena ungkapan kalimat dari bapak sekda adalah apresiasi bagi kinerja kita, Biro Kesra yang dianggap ‘rendah hati dan tidak sombong’ namun mampu menunjukan kekompakan dalam pelaksanaan tugas khususnya persentase penyerapan anggaran yang dapat dipertanggungjawabkan.

Terima kasih bagi KELUARGA BESAR BIRO KESRA.

Senin berganti selasa disibukkan dengan kunjungan kedutaan malaysia, tandatangan NPHD, rapat anggaran Bappeda serta monev penerima hibah di pangalengan dan sekitarnya hingga puncaknya persiapan versi sangkuriang hari kamis hingga jumat dini hari dalam rangka melaksanakan kegiatan  NGANJANG KA WARGA edisi Bakti Nagri untuk Pelaku seni budaya kerjasama dengan Kemenko PMK Republik Indonesia.

Alhamdulillah di Jumat pagi yang cerah diawali senam bersama, lalu acara seremoni yang dihadiri oleh Menko PMK, Menteri Kebudayaan, Wakil Menteri Dalam Negeri, Gubernur Jabar – Wagub – Sekda lengkap dengan jajarannya bisa berjalan dengan lancar dan meriah SUKSES TANPA EKSES.

Hatur nuhun tiada hingga Bu Kabag TU, Pak Anton & Pak Aziz yang begadang, Bu Muftia serta pak Agus Ismail, Para Ketua Tim, teman2 tim souvenir tim sagalarupa pokokna mah. Thanks to All. Keluarga Besar Kesra memang Terbaiiiik.

Semoga minggu – minggu selanjutnya kita TETAP dan semakin solid dan BAHAGIA.

Wassalam,
*AKW*

TAGIWUR – fbs

Ulah salempang Jang..

FIKMIN # TAGIWUR #

Pasosonten ngahaja mapah di taman pengker, maksadna ngabèragkeun hatè nu tagiwur. Biasana layung sok imut masihan kakiatan sanaos ukur katingal ti katebihan. Mung hanjakal, anjog ka taman geuning suwung. Layung pundung disimbut ku pepedut nu kempel ngariung.

Atuh tagiwur tèh nambihan, asa sorangan teu aya balad pakumaha. Tapi lèngkah mah tetep dilempengkeun, mamanawian mendak bagja nu matak ngareugreugkeun.

Lalaunan mapay jalan lempeng, karaos simpè. Geuning teu aya nu haat ngarèncangan,  nu aya ngadon narebihan bari norowèco. Kadangu dua kecap nu matri kana diri, pupujieun sareng uyuhan.

Tapi sanaos layung masih pundung, lèngkah mah kedah teteg. Saha nu terang aya lolongkrang tur bongbolongan.

Di juru taman, rasa marojèngja ogè manah nu titatadi teu pararuguh akhirna tiasa gaduh angkeuhan. Tagiwur ngirangan, layung ogè mimiti katingal. Margi geuning landongna mah teu sesah. Cai wudu ditambih sujud dina tajug di juru taman. Cag. (AKW).

MUNFARID – fbs

Manawi tèh…

FIKMIN # MUNFARID #

Rurusuhan muru imah dines camat, bisi kaburu adzan isya. Ucul – ucul sapatu, muru ka jamban, wudhu. Ngagelar sajadah tengah imah nu molongpong euweuh korsi meja. Ukur karpèt we keur nutupan ubin, lumayan teu tiis teuing. Maklum karek dicicingan da saacanna kosong.

Kusabab karasa simpe, sanajan munfarid gè maca surat alfatihah tèh ditarikkeun. Pipikiran tèh sugan wè aya anggota satpol pp atawa anggota koramil nu rèk solat jamaahan. Panto hareup muka, jadi nu ngaliwat bisa langsung ningali nu keur solat.

Rokaat kahiji simpe, tah pas rokaat kadua mah alhamdulillah rèang nu nyebat “Aamin.”

Reugreug aya nu ngamakmum. Sigana barudak satpol nu pariket. Bacaan surat bada Alfatihah mah dipanjangkeun, Wadduha lagam bayati.

Tah rèngsè attahiyat ahir dipungkas ku maca salam bari ngalieuk ka katuhu terus ka kènca, teu hilap ngusap beungeut sorangan. Pas malik ka tukang, rèk ningali saha nu ngamakmum, olohok.

Ditukangeun kosong molongpong, ukur sora angin peuting nu ngahiliwir. (AKW).