KABESÈKAN – fbs

Tulisan singkat tentang kabesèkan…

FIKMIN # KABESÈKAN #

Jadwal nginum susu protèin ba’da magrib geus matuh dilakonan wanci sabulan. Tapi geuning jalma mah teu leupas tina panyakit poho. Rarasaan botol paranti ngocokna dibawa, pèk tèh tinggaleun. Atuh jadi culang cileung, hanjakal teu manggih botol nu lian sanajan di kotèktak.

Tungtungna aya akal, rèk ngajaran di huapkeun waè sasèndok sasèndok. Kabeneran sèndok mah aya. Bungkus susu protèin dipesèk, sèndok asup jadi sisiukna. Am kana baham, ngeunah euy asa susu coklat bubuk. Lalaunan diteureuy, “Asa seuseut” tapi dipaksakeun wè. Sèndok kadua lancar, ngan pas nu ngatilu geuning kalahka susu bubukna tèh nyangked dina elak-elakan, ateul.

Uhuk!” Sora batuk tarik, tina baham mancawura bubuk susuna, aya ogè nu ameng kana irung, atuh beuki ateul tikoro. Batuk teu bisa eureun, nèangan cai jauh, babalongkèngan bari tina liang irung kebul susu bubuk kaluar kènèh.

Untung babaturan haat nulungan, ngasongkeun cihaneut bari rada kèom. Ningali beungeut diwedak  camèrok ku susu bubuk. Cag.