
FIKMIN # KÈNGING REJEKI #
BOJONG HALEUANG, akwnulis.id. Uih hajian ngahaja nepangan salah sawios dunungan di tempat damel. Maksad nu utami tangtos silaturahmi ogè sakantenan ngajengkeun widi badè cuti. Margi asa lenglengan kènèh. Saurna mah jètlèg.
“Wilujeng siang bapak, punten ngawagel waktosna”
“Sok kalebet, mangga calik heula” soanten agem dunungan nu katingal nuju pakupis sareng berkas dina luhur mèja damelna. Teu lami ngantos, nembè waè tiasa ngobrol ngadugikeun pamaksadan. Mung langkung seueur dunungan nu nyarios pangalaman anjeuna hajian dua puluh lima taun kapengker.
“Leres pisan Cèp, bapak kapungkur unggal payuneun Kabah ngadu’a pogot pisan hoyong dipasihan rejeki. Uih hajian dikabul. Alhamdulillah dugi danget ayeuna nyarengan.”
“Masyaalloh, mustajab nya bapak”
“Nyaèta du’ana harita henteu dibeunjeur bèaskeun, janten wè sanès harta banda nu katampi tèh”
“Oh, jantenna kenging rejeki naon?” Kuring panasaran.
“Kènging ieu” Dunungan ngawaler bari ningalikeun poto bojona. Dihandap aya namina, Rejeki. Cag. (AKW).