HAJI JAHE & HAJI JAPAR

Heureuy petugas sareng jamaah waktos wukuf di Mina

FIKMIN # HAJI JAHE JEUNG HAJI JAPAR #

Uih ti jamarot ngalaksanakeun jumroh aqobah, asa karaos cangkeul bitis tur cangkèng. Padahak da teu tebih mapah tèh, mung nitih tujuh kilometer saritna. Anjog ka tènda, paheula-heula ngalungsar, geuning sadayana ogè sama, carangkeul.

Sabut ngalempengkeun cangkèng tur sampèan, Mang Gugun ngagorowok, “Saha nu apal sebutan haji nu taun ayeuna?”

Haji wahyu, sawahna payu”
Haji nurdin, nutut ku tugas dines”

Wa Ilham sareng Mang Riza ngawalèr. Mang Gugun nèmpas, “Eta mah sebutan haji jaman baheula, coba kreatip atuh, mikir!!”

Wa Ilham ngagorowok, “Aya nu anyar mang, Haji jahè?”

Naon hartosna?”
Itu tuh Haji Entang jahe, jago hèès”

Haji Entang gumujeng bari teras peureum deui.

Tah Cep Oky mah Haji japar, alias jahat parab, sok nambih tur sagala rupi dituang heu heu heu”

Hiji deui, Haji Kohar, tuh aa Rijaldi, haji ngaroko beres dahar” Mang Gugun imut jamaah lain nyèrèngèh. Cangkeul bitis leungit kasilih ku gogonjakan. (AKW).