KA JAKARTA – fbs

Èlèh Uing…..

FIKMIN # KA JAKARTA #

Karèk gè kaluar tol Padalarang, kirining sora hapè Si Asèp. Bari leungeun pakupis nyekel setir, hapè ditapelkeun kana ceuli.

Nembè dugi Padalarang Mah, badè ka jakarta”

Teu lila di tanjakan Cipanas Cianjur, èta hapè ngirining deui.

Di daèrah Cipanas Mah”

Kring…!!

Katilu di tol Jagorawi, “Nembè lebet ka Jagorawi Mah”

Sèp sia mah dijajah pisan ku jikan tèh, pan geus bèbèja lin, ka Jakarta jeung uing nèang proyèk muru rejeki?”

Asèp ukur nyèrèngèh.

‘Kring kring kring!!’
Rikat hapè diangkat ku si Asep, “Muhun mah, kaleresan tos di Grogol, katawisna sakedap deui dugi”

Uing ngagakgak, nikmat nyeungseurikeun sohib nu kasiksa ku kalakuan jikanna. Aslina karunya.

Deudeuh teuing Sèp, awak gagah banda loba, geuning dijajah pisan ku jikan, teu sirikna unggal jam di telepon. Teu rieut maneh?”

Asep ngan nyèrèngèh, “Ah henteu da èta tèh bentèn-bentèn Ang”

“Hah?” Uing curinghak, olohok. (AKW)

Fiksimini Basa Sunda

Tulisan singkat berbahasa sunda dengan maksimal 150 kata sudah membangun satu cerita.

​Si Ua Édun

Reuwas geuning Ua téh ngawadulna janten kanyataan.

Photo : jeprétan simuing

Ngajanteng teu percanten kana naon nu nuju ditingali. Ngajeblag seratan dina latar beureum matak sérab tur ngaburinyay, geuning leres pisan sasauran pun Ua 10 taun katukang.
Teu kedah lami ngimpleng da émutan mah napel na uteuk, néetang detik gé sajorélat tos tiasa dugi kana dongéng baheula, sanaos ukur dina sirah tapi karasa asa karék kamari.

Di buruan tajug Ua mapagahan. Simuing mendeko ngaregepkeun naon waé carita ua, pon kitu deui jang Dugil jeung cép Ratno, balad ngaji nyantri kalong.

“Yeuh barudak, ulah sieun ku ngalamun. Pék ngalamun paluhur-luhur, meungpeung ngalamun mah teu kudu mayar,” saur Ua écés béntés antare. Tiluan unggeuk bari ngembang kadu.

Simuing panasaran tuluy nanya ka si Ua, “Dupi Ua nyalira gaduh cita-cita naon nu yakin bakal kadugi?”

Ua nyéréngéh, teras ngawaler “Tingalikeun engké mah ngaran Ua bakal ngajomantara, lain urang lembur waé nu wanoh tapi urang kota puseur dayeuh, kabéh bakal ningali Ua jeneng jeung aya di tempat-tempat penting.”

Tiluan seuri konéng, ngupingkeun pun Ua ngawadul bin ngarahul. “Asa jauh pisan éta ngarahul téh”.

Ayeuna simuing ngajanteng kénéh payuneun display hurung nu ukuranna 2 x 4 meter, aya ditempat patalimarga jalma nu turun unggah kapal udara. Puguh hébring pisan. “Édun si Ua” gerentes haté leutik, ngiring reueus sanaos Ua mah tos lulus ti dunya fana, kulem tibra di makam Pasir Astana.

Mung sakitu anu kapihatur, sateuacan ditutup lawang sigotaka, nepangkeun pun Ua, wasta Éyé Suréyé. Cag. (Akw).