Tepang munggaran dina raraga gempungan ngolah nagri. Ngokolakeun kumaha tiasa janten bongbolong pikeun nyalurkeun bantosan ka palawargi nu keuna ku lini, tug dugi kiwari teu acan kènging bantosan sailaharna.
Dicobian numpak motor nganggè ban cucuk, lumayan bantosan tiasa disebar. Aya ogè nu dijingjing bari mapah. Tapi anu kahalangan ku urug mah, orokaya nikreuh sesah, ngorondang asa piraku. Badè kana hèlikopter da teu gaduh waragadna.
Tah gempungan èta nu nambih sumanget, sanaos di posko pikèt sesah cai sesah bobo. Aya nu nyarengan, imut nu camperenik meuni sesah leupas tina kongkolak.
Komo waktos mungkas obrolan sonten kamari, wirèhna tos sataun dikantun carogèna anu tolohèor. Sumanget langkung ngagedur.
“Mang, engkè wengi gempungan deui, badanten sareng rèlawan kanggè distribusi bantosan ka lembur sisi leuweung tutupan“
“Siaap” Ngawaler tatag bari curinghak, asa mobok manggih gorowong, bakal tiasa tepang sareng anjeunna. Nu camperenik tur resik.
CIMAHI, akwnulis.com. Hari minggu adalah saanya ‘me time‘ dan ‘family time‘. Caranya sederhana kok, cari aktifitas murah meriah, atau cari aktifitas ekonomis dinamis terukur yaitu jalan kaki pagi-pagi tapi jangan bawa duit ataupun dompet. Dijamin bisa berolahraga ringan sesuai target yaitu 6 ribu langkah saja. Insyaalloh tidak akan terpengaruh oleh lapak yang jualan karena tidak bawa dompet dan uang cash, kalaupun mau pake QRIS akan berabe karena rata-rata masih cash. Maka nilai ekonomis dan efisien akan terjadi, sesekali atuh memeditti eh mengoretti*) diri sendiri.
*)memeditti / mengoretti : pelit pada diri sendiri (bhs sunda maksa)
Soalnya kalau bawa duit cash akan merusak program jalan kaki ini. Tidak terjadi defisit kalori malah sebaliknya surplus kalori masuk ke dalam tubuh. Jalan kaki hanya menghasilkan pembakaran 400 sampai 500 kalori, tapi ngebaso dan kari sapi ditambah segelas besar es kopi susu itu menghasilkan 3 x lipatnya. Alamak menggendats dong.
Nah, selain itu hari libur juga adalah saatnya menulis. Seperti biasa tulisan singkat berbahasa sunda dengan maksimal 150 kata sudah menjadi satu pesan cerita. Tentang temanya nanti kita bahas di paragraf terakhir bagi yang kesulitan mengartikan bahasa sunda, monggo silahkan…..
FIKMIN # MILARI #
Murangkalih nu pangalitna yuswa 4 taun kènging pakanci ti sakola. Asa janten buah simalakama. Dikantun di bumi nyalira palaur, ari dicandak berabè.
Saatos sawengi jeput badanten sareng carogè, dicandak putusan, Si bungsu samentawis ngiring ka tempat damelna carogè.
Shubuh kènèh murangkalih tos gugah, netepan teras ibak nyalira. Sarapan teras angkat sareng bapana.
Pasosonten si bungsu uih, katingal rarayna alum, teu jiga ènjing – ènjing nu jigrah tur lincah.
“Kunaon nèng, manyun waè?”
Teu aya walèran, ngadon ngagidig ka enggon. Nangkuban dina kasur. Bapana ngawaler, “Tadi meuni isin di kantor, mèja nu rèrèncangan ogè meja ibu bos diawut-awut, saurna milari artos”
Anak ikut ngantor / Dokpri.
Uing ngagebeg, naha murangkalih janten kitu. Kedah ditalèk ieu mah, “Nèng naha tadi ngabongkaran mèja Abi ogè mèja bosna Abi?”
Si bungsu bari ingsreuk-ingsreukan nyarios, “Mung bantos Abi milari artos, pan upami biasana Abi nyarios ka kantor tèh milari artos, tapi tadi teu mendak, kalahka Ènèng diseuseulan.”
****
Itulah kumpulan kata menjadi satu cerita dengan judul MENCARI (milari). Tema yang diusung sebetulnya dimulai dari ide sederhana yang muncul dari celotehan lucu anak semata wayang.
Intinya adalah tingkah anak kecil balita yang libur sekolah di PAUD dan ‘terpaksa‘ ikut ayahnya bekerja karena tidak bisa ditinggal di rumah, sebab ibunya juga bekerja di tempat berbeda.
Alhasil di kantor ayahnya, si balita berulah dengan membongkar meja kerja ayahnya, rekan kerja ayahnya juga bos ayahnya dengan tujuan mencari uang.
Setelah diklarifikasi ternyata semua diawali dari pernyataan ayahnya setiap mau pergi kerja yaitu : “Ayah berangkat dulu kerja ya, mau cari uang buat ade kecil”
Maka si balita insisiatif bantu ayahnya cari uang di kantor ayah, meskipun ternyata begitu syuliiit (lupakan reihan…) karena memang itu adalah sebuah ungkapan bukan arti cari uang sebenarnya di laci meja kerja.
Jadi hikmahnya, hati-hati memberi pernyataan kepada anak kita supaya bisa dimaknai dengan sejelas-jelasnya. Beda pemahaman antara anak dan remaja atau orang dewasa. Jadi mulai sekarang sampaikan bahwa pergi ke kantor itu bukan mencari uang tapi mencari kerjaan hehehehe.
CIMAHI, akwnulis.com. Minggu siang bercengkerama bersama anak adalah sebuah momentum yang tak akan terulang. Maka manfaatkan sebaik-baiknya. Jika hari kemarin terpaksa bersama ibunya ikut ayahnya bekerja di kerimbunan hutan ciwidey, lalu kedinginan dan masuk angin karena ketahanan tubuh yang berbeda. Maka hari minggu ini menagih untuk sekedar kongkow dekat rumah sambil ngopi berdua.
Ternyata setelah makanan dan minuman tersaja, anak kesayangan malah sibuk dengan gadgetnya dan memainkan game Sakura School Simulator dengan asyiknya. Langsung ayahnya switch mode ke pilihan ‘soft me time’ alias menyesuaikan diri dengan gadget dan membuat sebuah cerita fiksi singkat berbahasa sunda yang idenya hadir secara tiba-tiba. Tapi ujung mata tetap memperhatijan gerak gerik dan aktifitas anak kesayangan.
Ngasuh dulu / Dokpri.
Inilah tulisannya…
FIKMIN # SATIDI #
Hiungna motor RX king meulah jalan ciroyom kadèngè halimpu sabab dina cangkèng aya leungeun bèbènè nu pageuh nyekelan. Genep bulan teu panggih, ayeuna karèk bisa ka dayeuh deui. Kusabab hayang mèrè surprise, ngahaja teu dibèjaan rèk dahar dimana. Teu nyangka ceunah boga kabogoh tèh meuni nyaah tur ngartos.
“Nuhun Ayang, impènan Enèng ngawujud, tiasa tuang di restoran ieu”
Soanten nu hipu ngagugah kalbu, tapi teu loba carita. Asup na panto tuluy mayar heula sabab restoranna modèl ‘all you can eat’ atanapi SATIDI (sadayana tiasa dituang).
Pagawè restoran nyayogikeun sagala rupa dina mèja. Kompor mini diluhurna panci kuah tomyam oge hiji deui loyang kanggè babakaran. Hurang, daging lauk jeung daging sapi ipis langsung dipasak, kitu ogè sagala rupa satè, omelèt, sushi, sangu gorèng, beef teriyaki jeung sajabana. Rampus sèèp ku duaan.
Wastafel udah bersih / Dokpri.
Hanjakal nge-datè tèh gorèng tungtungna. Nèng Asih ngaborolo utah uger dina wastafel. Uing kapaksa ngodok liang wastafel sabab ngeuyeumbeu pikagilaeun.
***
Itulah sejumput cerita fiksi super pendek berbahasa sunda atau fiksimini bada sunda (fbs) dengan tema adaptasi dan rasa tanggungjawab seorang kekasih kepada orang yang disayanginya. Meskipun harus bertindak dan berkorban dalam melaksanakannya Selamat menikmati waktu tersisa dari weekend minggu ini, Semangaaat. Wassalam(AKW).
CIMAHI, akwnulis.com. Sebuah ide terkadang tidak sejalan dengan kesenggangan waktu. Tapi sebuah ide yang hadir lalu diolah menjadi rangkaian kata maka akan hadir sebuah cerita. Meskipun singkat tapi ada maknanya, juga bagi pembaca tidak perlu meluangkan waktu lama, cukup 5 tarikan nafas saja. Dengan catatan yang memahami bahasa sunda, kalau yang masih roaming ya bisa bernafas sepuasnya hehehe.
Ide ini mengambil tema masa sekolah smp di kampung halaman disaat pertama kali melihat guru olahraga yang baru dan berpakaian olahraga yang serba pas. Maka reaksi anak ingusan menjadi beragam. Inilah salah satunya. Selamat menikmati.
FIKMIN # BEGÈR #
Adma olohok basa ningali guru anyar karèk turun tina avanza, aya burinyay nu teu biasa. Jajangungna ratug teu puguh rasa, dibarung ku panasaran hayang ningali deui ningali deui. Bu Susana leumpang andalemi muru rohang guru, dituturkeun ku panon Adma nu hèsè ngiceup deui.
Adma di kelas gulinggasahan, meus meus ningali kaluar jandèla, jiga nu jauh panineungan. Guru nerangkeun ukur pajangan, sabab lelembutanna aya diluar jeung guru olahraga nu anyar.
Sanès bolèkak nu matak eureun rènghap, tapi bulu bitis nu jadi inggis. Ngagurilap nyaangan soca, masihan rasa nu teu biasa. Kitu peta basa Rahwana teu dihaja ningali bitis Dewi Sinta. Ogè Maharajasa waktos ngawitan micinta Kèn dèdès dina carita babad tanah jawa.
“Geus tong loba malaweung, èta susut heula lèho‘, Oji babaturan sabangku ngabèjaan. Teu dijawab tapi leungeun langsung nyusut irung, enya geuning loba meunangna.
Di lapang hareupeun kelas, Bu Susana kaciri sumanget ngalatih barudak kelas salapan. Meuni geulis kacida. (AKW).
BANDUNG, akwnulis.com. Sebuah kotretan tentang cerita singkat di rumah dinas menuai harapan untuk dilanjutkan. Maksudnya ceritanya dilanjutkan, jika sebelumnya berjudul DITAROS sebuah tulisan fiksimini berbahasa sunda yang dianggap tidak tuntas.
Maka disaat waktu senggang tiba, segera dibuat jalinan kata sebagai kelanjutannya. Inilah dia…
FIKMIN # PANGGIH DEUI #
Panon molotot teu bisa ngiceup, baham calangap euweuh soraan. Nempo hiji mahluk nu keur ngabagèakeun. Tangtunganna jangkung jujul ka lalangit, awak dituruban baju kawas tina karung goni.
Tanggah saeutik, kaciri beungeutna aya dina juru para. Teu bisa dicaritakeun, ngan karasa aya hiji kakuatan nu narik ieu awak jeung jiwa pikeun ngadeukeutan.
Uing nahan awak bari babacaan sabisa-bisa. Tapi kawas aya magnèt nu narik, teu bisa katahan.
Basmalah jeung ayat kursi dipapatkeun tujuh balikan. Èta mahluk kalah nyèrèngèh, “Ngaing nggè bisa nyukitu mah luuur, Yaasiin Walkur aanilhakim….” Èta bacaan ngagorolang tartil. Beuki olohok, geuning jagoan kana ngaji.
Kasieun rada ngorotan, awak ngagèsèr teu dipalirè. Lalaunan beuki deukeut. “Masantrèn dimana Ang?” Sora rada ngageter nguat-nguatkeun manèh.
“Ngurul Huddah Tasik”
Uing curinghak, bangbaluh karasa luluh, kasieun ucul diganti ku rasa syukur.
Nu jangkung badag buluan kandel tèh ditangkeup tipepereket, geuning jin kobong basa baheula keur nyantri kalong. (AKW).
KOTBAR, akwnulis.com. Hampir sekian purnama tidak menulis genre karangan super singkat berbahasa sunda. Entah apa penyebabnya, tetapi ide menulis lebih condong coretan tentang kopi dan pengalaman dalam perjalanan saja.
Malam ini setelah menguatkan hati dan konsentrasi, hadirkan ide dan memaksa diri menulis kembali 150 kata tentang sebuah cerita. Cerita malam minggu tentang takdir percintaan anak manusia.
Silahkan…
FIKMIN # CURUG JODO #
Teu karasa kukucuprakan geus kana dua jamna. Ti mimiti mapay batu disisi, leumpang ka tengah ogè ngawanikeun manèh nèrèkèl kana gawir sanajan aya tulisan ‘Teu meunang tataèkan.’
Caina nu haneut tina jero beuteung gunung tangkuban parahu, karasa nengtremkeun hatè rajèt dibawa kabur ku Nèng Fani nu minggu kamari jatukrami.
Leumpang ngurilingan curug bari babacaan sabisa-bisa, sugan wè sakumaha ngaranna. Bisa gancang mèrè gantina. Nu ngaliwat marelong, kunaon èta jelema. Geus teu kaitung kukurilingan dina balong leutik nu dingaranan Curug Jodo, ogè tètèrèkèlan dina gawirna.
Mapay cai / doklang.
“Punten Aa, teu kènging naèk kana gawirna” sora teges ngagareuwahkeun. Kaciri dina sasak luhureun aya nu ngabedega, tutunjuk kana plang gigireun.
Uus ukur imut kanjut bari ngolèsèd turun tina gawir. “Punten tèh, teu kaaos seratanna”
Tapi geuning teu cukup kitu waè, petugas tèh nyalukan. Tuluy ngajak ka kantor administrasi da dianggap geus ngalanggar aturan. Nurut wè da rumasa. Nami petugasna Nèng Hasna, geulis kacida. (AKW).
TASIKMALAYA, akwnulis.com. Suku karasa beuki cangkeul basa anjog di basisir Cipatujah. Lain ukur capè ku raga tapi gudawangna hatè teu bisa disumput salindungkeun. Geuning kahayang jeung kanyataan ngadon pasalia.
Basisir Cipatujah / Doklang.
Kamari tèh basa munggaran panggih, nyangka satujuan sakahayang. Uplek ngawangkong bari ngarahul bèntang. Ngusapan candramawat sanajan teu amit ka nini antèh. Gogonjakan nepi janari.
Ngagayuh ka subuh lain kalah tunduh, tapi beuki cènghar jagjag waringkas. Mimitina uplek ngawangkong, tuluy rungkang rongkong, tungtungna naplok jiga bangkong.
Dina mangsa mata poè mucungkul ti tungtung basisir. Kakara sakabèh carita èndah tadi peuting ukur rumpaka. Sabab dina nyatana anjeun geus codèka. Geuning lain wanoja saujratna.
Paingan dina ngusapan candramawat nepika murudul buluna. Da geuning gedè tanaga. Tuluy nyiwit kana kulit, daging ipis ngiluan. Uing ukur seuri mawur. Getih ngucur kabèh tagiwur. Tuur leuleus ibur salembur. (AKW).
BOJONGHALEUANG, akwnulis.com. Jang Kohir anjog ka hiji landeuh. Karèk gè nincak handapeun gapura ‘Wilujeng Sumping’, langsung kaambeu seungitna rasa nu geus wanoh jeung hatè tur dalit sareng pangambung. Sanès ku seungit wungkul, namung nenangkeun manah nu keur guligah.
Narik rènghap panjang bari peureum, nikmat kacida. Selesep hawa surgawi minuhan rohang dada nu keur gudawang kuciwa. Lalaunan ngahaneutan kana kekemplong, peujit tur angen. Teu lami raray ngiringan ngahaneutan dugi kana ubun-ubun.
Rasa kuciwa margi kajantenan dinten kamari lalaunan hilap, kagentosan ku rasa tengtrem nu pageuh minuhan manah.
Lalaunan renghap dileupaskeun, soca beunta ningal kaayaan. Ya Allah nu murbèng alam, hookeun ningali ngèntèpna kios aralit tapi camperenik. Ngajajar nèmbongkeun kaseungit sèwang-sèwangan.
Lèngkah langkung ènggal, hoyong geura dugi tur nyeuseup seungitna kahirupan.
Ngopay Bray / Dokpri.
Mojang geulis sampulur omyang ngabagèakeun, matak ngadegdeg da sieun nyaah. “Mangga kang, aya arabica, robusta tur liberica, bade milih nu mana?”
Teu aya kecap nu janten waleran, ukur calangap bati kabita. Wilujeng ngopi lur. (AKW).
BRAMBANGAN, akwnulis.com. Panon geus dipeureumkeun bari teu poho babacaan, tapi kalahka beuki cènghar. Beunta deui bari ningali jam nu naplok dihareupeun, geus ngadeukeutan waktuna indung peuting.
Diuk cènghar / doklang.
Padahal beurang tadi pabeulit gawè cilingcingcat kaditu kadieu. kuduna mah capè. Tapi beuki seger waè. Meuni kasiksa. Kahayang mah gèk diuk dina korsi nu merenah tèh tuluy nundutan. Reup sarè bari ngimpi nu èndah, kabayang nikmat pisan. Pas gigisik sautik, laju beunta tèh geus nepi ka nu dituju. Kari jrut turun, cènghar teu tunduh deui.
Tapi geuning kahayang ogè lamunan teu sajalur jeung kanyataan. Istuning patukang tonggong.
Babacaan deui, sugan wè pitunduheun datang. Panon dipeureumkeun lalaunan. Gebeg tèh, korsi gigireun aya nu nyèrèngèh.
Pas panon beunta mah suwung, korsi gigireun kosong euweuh sasaha.
Lalaunan dipeureumkeun, janggelek aya deui. Huntu rogès nyèrèngèh. Teu loba carita, nangtung bari beunta. Pindah kana korsi kosong di tukang bari teu eureun istigfar.
Karèk gè gèk dieuk, beunta kènèh. Gigireun geus nyèrèngèh. (AKW).
BANDUNG, akwnulis.com. Tadina teu aya èmutan nanaon, basa bèbèrès di pangkèng. Kampuh ditilepan bantal guling dibariskeun, teu hilap kasurna digebugan nganggo sapu nyèrè. Teras mapay galar bari dielapan.
Sabot ngadudut juru seprè palih katuhu, nonggèrak remot tipi warna bulao mètalik. Pencètanna beureum sareng hèjo.
“Ti iraha Ema sareng Apa nyoo rèmot?, pan teu aya tipi?” Gerentes dina hatè.
Remot bulao dialak-ilik, dibaca tulisanna aralit teu kaaos. Panasaran, tombol beureum di pencèt.
Dhuaaaar!!!!
Burinyay, poèk.
Pas beunta reuwas kacida, geuning keur aya di lapang kurusètra. Tèng waja pasulabreng. Dor dar sora mortir. Tangtara lalumpatan, marakè rompi jeung bedil panjang.
“URAA.. URAAA”
Aya tangtara gogorowokan bari ngadeukeutan. Uing ngahuleng.